sampurasun... punten nembe norojol deui, teras we ngiringan nya:
numutkeun pamendak akang mah persoalan gelut teh mangrupikeun hiji
pasualan anu rumit, masing-masing pihak pasti ngagaduhan alesan
atanapi pamendak anu benten. Biasana, numutkeun pelaku gelut mah
tangtos anu pangbenernateh 'aing', boh ceuk anu ngamimitian, boh ceuk
anu alesan ngabela diri... pokonamah 'aing' nu paling bener. Anu
akibatna badan anu katempuhan, duanana ruksak duanana rugi gara-gara
ngalajur nafsu. Apanan aya paribasana nafsu nu matak kaduhung badan
anu katempuhan. Janten pamendak abdimah intina nya pengendalian diri
(ngutip cariosan Zaenudin MZ, kade sanes YZ tapi MZ).
Keun we lah nu sok garelutmah urang do'a keun mudah2an tiasa saladar,
atuh upami teu sadar atuh urang jareujeuhkeun sina jaradi petinju
sugan tuh Nagara urang jadi terkenal tina alatan prestasi olah raga
tinju... sanes kitu kang Didin? heuheuheu...)
Kanggo baraya sadayana mudah2an ieu pasualan GELUT sanes Belut,
kade... kumaha lamun urang jadikeun eunteung. Ikhtiar kumaha carana
supaya bisa ngarengsekeun permasalahan teh ku cara salianti gelut da
panginten zaman ayeunamah asa tos teu usum gelut2 teh... duka ketang
pami zaman tos muter deui ka jaman majapahit deui mah hehehe.
Tapi saleresna akang oge sok bingung da sababaraha poe kamari akang
oge arek GELUT jeung batur gara2 hal anu teu disangka-sangka,
alesanna NGABELA DIRI heuheuheu (ngomong we nya ka batur ari
soranganana...) punten ah wawantunan, maklum akangmah sok seueur
ngacapruk. Cag.
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/