Haturan Kang Engkus, Hatur nuhun, sajujurna sim kuring tertarik pisan kana ieu warisan teh. Punten kang Engkus oge aka baraya sunda anu sanesna, upami sin kuring hoyong kengen buku2 anu nyaritakeun babad tanah sunda, pupuh, rajah (anu sapertos kang Engkus email), dimana sim kuring tiasa kengen na? oge kaset2 lagu2 sunda buhun
Hatur nuhun sa teu acanna ----- Original Message ---- From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Cc: Kisunda <[email protected]> Sent: Wednesday, February 21, 2007 2:49:38 PM Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, sareng Sangkuriang Rampes kang Teten,oge bagea ka kidulur sunda sanesna. Ngahaturkeun nuhun panginten pangna kang Teten tumaros teh pedah aya kereteg hoyong ngudag sareng nyukcruk elmu warisan ti luluhur sorangan, cirining salira mikareueus sareng mikanyaah kana eta warisan, sareng deuih bade ku saha dipikareueus jeung diajenanna tutungkusan luluhur sunda, upama lain ku turunan sunda nyalira. Perkara elmu sunda, memang tos lawas teuing kalindihna ku elmu deungeun, matak geuning aya istilah jati kasilih ku junti. Mung luluhur urang harita oge waspada sangkan teu leungit ku obahna jaman, nya rupina ngahaja nyimpen ajaran teh nganggo rupi-rupi cara (media), diantawisna aya nu satarabasna diajarkeun turun tumurun sacara lisan, aya nu ditulis dina rupi-rupi prasasti, aya nu diserat dina daun lontar/daluang, aya nu diterapkeun dina rupi-rupi tata cara upacara adat diantarana : pepelakan/tatanen; wawangunan (ngadegkeun wangunan); kahirupan (ti ngawitan kakandungan dugi ka ka tilar dunya); seren taun; dina carita dogeng/legenda. Oge aya nu disimpen dina alat-alat seni/karawitan, dina wayang (ti kawit alat, bentuk pagelaran, ngaran wayang jeung karakterna, dugi ka lalakonna), dina rumpaka kidung, rajah jeung pupuh, namung oge tos dibewarakeun sangkan isuk jaganing pageto turunan sunda bisa ngaguar deui eta tutungkusan, sapertos nu dibewarakeun dina rajah sapertos di handap ieu: Rajah : Luluhur tujuh ngabandung ka dalapan keur disorang Luluhur tujuh ngabandung ka dalapan keur disorang salapan heuleut-heuleutan, sapuluh Raja Bantala, ayeuna seug dibuktikeun, cupu manik astagina teundeun di handeuleun sieum, keur sampeureun, teundeun piraweuy, dituruban ku mandepun, diwadahan ku mandelar, diamparan boeh larang, ditunda di bojong jalan, kapendak kunu ngaliwat, dibuka para Pujangga, kunu rancage di hate, dibuka pating haleuang, dibuka pating daleungdang, Rasa milawung kancana, nu hayang dilalakonkeun Gusti Nu Agung, Gusti Nu Agung, Gusi Nu Agung, Bewara ieu oge ngandung siloka yen luluhur teh neundeun mustikaning elmu keur sampeuren anak turunan, tiasa kabuka lamun rancage hatena. Kitu eta bewara. Sepuh-sepuh kisunda nu tiasa ngabuka atanapi medar ajaran/elmu luluhur memang tos ngirangan, namung simkuring percanten masih keneh seueur nu tiasa ditaros pikeun ngumaha, diantawisna nu ku simkuring tos kauninga nyaeta putra didikan Mama Mei Kartawinata sapertos bapak Ade Arif Yahya (ramana kang Ilen di Lembang caket Peneropongan Bintang), bapak Asep di kampung Rancakasiat (bojongsoang) , bapak Rahmat di Cibedug-lembang. Oge tiasa maluruh ka turunan sareng didikan Mama Madrais, sapertos Rama Djatikusumah di Cigugur Kuningan (mangga taroskeun ka kang Ira). Lian ti eta oge tiasa neuleuman seratan-seratan hasil panalungtikan para ahli ngeunaan tulisan-tulisan/ amanat sareng papagon luluhur, sareng tulisan hasil karancagean Mama Mei sareng Mama Madrais, mung dina nyungsina kedah rancage, sabab seueur ngaguar istilah-istilah agama nu dibaca ku eusina elmu Sunda, nu saliwat tiasa disebat elmu tarekat. Kitu manawi kang Teten, mangga atuh urang sami-sami nyungsi sareng ngaguar eta tutungkusan. Hapunten bilih ieu waleran kirang merenah ka nu dimaksad. Sampura ingsun, pun Engkus --- Teten Kustendi <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > sampurasun ka sadayana > > Punten kang Engkus, sanes simkuring bade ngalepat > keun salira, hapunten anu kasuhun. > Jusrtu, sim kuring ngarasa bagja pisan, tiasa > nambihan pamahaman di kang negkus. Upami teu ka > abotan mah, sim kuring oge hoyong terang, dimana oge > kamana sim kuring tiasa medar elmu karuhun urang? > > hatur nuhun > > > ----- Original Message ---- > From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > Sent: Wednesday, February 21, 2007 9:37:22 AM > Subject: Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, > sareng Sangkuriang > > Rampes Kang Teten, simkuring teu terang kalebet elmu > naon, da teu kungsi diajar soal tarekat, hakekat > jsb, > mung pamahaman simkuring soal hakekat hirup nu nuju > diteuleuman teh dumasar kana ajaran kasundaan nu > diguar ku Mama Mei Kartawinata. Kitu sun, mung > rumaos > pamahaman sim kuring dina ajaran teh teu acan seueur > nu kasungsi, masih keneh kulit-kulitna, tah ku > kituna > nyuhunkeun dihapunten upami masih seueur keneh > kalemahan. > > pun sampun, hatur nuhun. > > Engkus, > > --- Teten Kustendi <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > > Sampurasun ka sadaya, > > > > Punten pisan sim kuring seja ngiring jabung > > tumalapung, mugia jadi duduluran > > Sanes, ari sim kuring mah sok resep ari ngadangu > > carita atanapi sajarah tatar sunda teh. > > komo deui lamun isi eta dongeng teh, mangrupikeun > > ajaran kangge diri urang. > > > > Tapi, sim kuring bade nyuhunkeun di hapunten, > bilih > > lepat nyagka, dupi Kang Engkus teh ngaguar ieu > > carita teh, berdasarkan elmu Tarekat kitu? > > > > Soalna, dina cara ngabahas na meni jero kitu > > (mendalam), > > > > Sakieu heula nya > > > > Hatur nuhun > > > > - Teten- > > > > ----- Original Message ---- > > From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> > > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > > Cc: Kisunda <[EMAIL PROTECTED] s .com> > > Sent: Tuesday, February 20, 2007 3:45:01 PM > > Subject: Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, > > sareng Sangkuriang > > > > Sampurasun ka sadaya kidulur sunda, > > > > Simkuring seja ngawaler ieu patarosan mugia bae > aya > > gunana kanggo sadayana, supados oge aya kajelasan > > dina > > perkara ieu. > > Dina legenda/sasakala Sunda sakaterang simkuring > > umumna ngandung siloka nu ngandung palsapah nu > > sakedahna diguar ku urang, kamana pamaksudanana. > > > > Istilah Guriang aya dina carita Sangkuriang sareng > > Mundinglaya Dikusumah. Guriang digambarkeun > sabangsa > > lelembut (mahluk halus) jeung biasana jumlahna > > tujuhan. > > > > Guriang Tujuh asal tina kecap Guru hyang tujuh, > > maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu > > ngancik dina diri manusa, nyaeta : pangawasa, > > pangersa/kadaek, hirup, pangrungu/denge, awas, > > pangandika/ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru > jati > > manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, > nyaksikeun > > kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain > beja > > estuning dirasakeun ku sorangan > sakuringna-sakuring > > na, > > oge mangrupa alat utama pikeun ngalalakon > kahirupan > > di > > dunya jeung ngudag kahayang/cita- cita sarta > > ningkateun > > harkat jeung martabat dirina. Disebut lelembut > sabab > > teu katingali, cobi bae nu kumaha wujudna ari > > pangawasa (daya)? nu kumaha ari wujud hirup?, nu > > kumaha ari wujud awas?, jadi sifatna lelembut > > (mahluk > > halus), nu kunu teu apal mah disebut bae sabangsa > > jin. > > > > Sedengkeun Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring > > (Si > > Kuring saur mang Oman tea mah), matak dina legenda > > Sangkuriang waktu nyieun talaga jeung parahu > > ngagunakeun Guriang Tujuh (naha ngango naon atuh > > dina > > barang gawe mun teu ngagunakeun pangawasa, kadaek, > > hirup, dangu, awas, ucap jeung angseu). Pon kitu > > deui > > Mundingaya Dukusumah, waktu neangan Layang Sasaka > > Domas nu aya di "sajabaning langit" (sajabaning > > langit > > lain langit, lain bumi tapi nya eta diri badan > > sakujur), sanggeus ngelehkeun Guriang Tujuh nya > > ilang > > tanpa karana ngajanggelek jadi Guriang Tunggal > (Guru > > Hiyang Tunggal = hakekat 7 guru tadi nu utamana > mah > > kulantaran ayana Hirup). > > > > Tah ku kituna mugia kang Asep oge dulur kisunda > > sadayana, kade ulah mikaijid ka Guriang lamun ijid > > ulah dianggo atuh eta tujuh pangawasa nu jadi guru > > teh. Oge Sangkuriang ulah dipikaijid da sidik aya > > jenung nganyahokeun sarta nyaksi nu ngancik di > > sakuringna-sakuring na. Malah geura deuheusan. > > > > Pedaran simkuring sual panalungtikan harti legenda > > Sangkuriang parantos dimuat di Majalah Cupumanik > > sasih > > Januari 2007, mung eta mah versi ringkesna tina > > ringkesan nu parantos diedit ku panerbit. versi > > ringkesan sim kuring mangga engke dilebetkeun dina > > milis ieu, upami lengkepna diperyogikeun nya > mangga > > ku > > im kuring oge bakal di pedar di ieu milis. > > > > Guaran simkuring sual legenda Mundinglaya oge > > parantos > > rengse dipidamel, mung masih versi bahasa > Indonesia. > > > > Sakitu kapihatur ti Simkuring, mugia aya gunana > keur > > balarea. > > > > Cag Rampes. > > > > pun Engkus > > > > --- Asep Hadiyana <aschevetea@ yahoo. com> wrote: > > > > > Kahatur para bapa / ibu / akang/ aceuk / ujang / > > > nyai anu di milis US, > > > > > > Upami henteu lepat, guriang sareng sang guriang > > > gaduh hartos negatif (awon) sareng dipikaijid. > > Tokoh > > > Sangkuriang gaduh lafal anu ampir sami sareng > Sang > > > Guriang. Naha aya anu uninga hubungan antawis > > > Sangkuriang sareng Sangguriang? > > > > > > Hatur nuhun sahenteuacanna kanggo > katerangannana. > > > > > > Wassalam, > > > Asep > > > > > > > > > ------------ --------- --------- --- > > > Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and > > > always stay connected to friends. > > > > ____________ _________ _________ _________ > _________ > > _________ _ > > Don't pick lemons. > > See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos. > > http://autos. yahoo.com/ new_cars. html > > > > > > > > > > > > > === message truncated === ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ Do you Yahoo!? Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. http://new.mail. yahoo.com ____________________________________________________________________________________ Be a PS3 game guru. Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games. http://videogames.yahoo.com/platform?platform=120121 [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
