Rampes kang Teten, Hapunten simkuring ge teu acan terang kamana tiasa maluruh carita/babad/legenda nu aya kaitan sareng kasundaan, nyaeta samporet pisan kanggo milarian hal eta teh, duka upami di Uwa Sas tah, simkuring teu acan kabujeng maluruh. Manawi atuh ka sugri para wargi kisunda sareng urang sunda tiasa ngabantos masihan bongbolongan. Saleresna simkuring ge aya karep hoyong ngempelkeun eta carita-carita/babad/legenda kalayan gaduh niat ngabuka tutungkusanana sapertos Lutung Kasarung (naon atuh nu kasarung teh, jeung kasarung ku naon?, panarawangan simkuring mungkin moal tebih tina nyaritakeun kuring turun ngalalakon di dunya kasarung/kabungkus ku wujud/waruga --- simkuring peryogi carita lengkepna kanggo ngabongkarna).
Pami pupuh, rajah sareng sanes kantenna sabagean aya dina buku-buku nu ngaguar kasundaan-- namung ke urang susulkeun nami-namina mah hilap, bukuna aya di rorompok di bandung. Dupi kaset lagu-lagu buhun, simkring sok milarian teh di Toko-toko kaset di Kosambi Bandung, mung kedah rada rajin milariannana, margi kaset sunda mah jarang aya rumpakana dina bungkus kaset teh. Cag sakitu heula kang Teten, mugia aya bongbolongan ti kidulur urang sunda kana perkara ieu. baktos, Engkus. --- Teten Kustendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan Kang Engkus, > Hatur nuhun, sajujurna sim kuring tertarik pisan > kana ieu warisan teh. > Punten kang Engkus oge aka baraya sunda anu sanesna, > upami sin kuring hoyong kengen buku2 anu nyaritakeun > babad tanah sunda, pupuh, rajah (anu sapertos kang > Engkus email), dimana sim kuring tiasa kengen na? > oge kaset2 lagu2 sunda buhun > > Hatur nuhun sa teu acanna > > > ----- Original Message ---- > From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Cc: Kisunda <[email protected]> > Sent: Wednesday, February 21, 2007 2:49:38 PM > Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang > Guriang, sareng Sangkuriang > > Rampes kang Teten,oge bagea ka kidulur sunda > sanesna. > Ngahaturkeun nuhun panginten pangna kang Teten > tumaros > teh pedah aya kereteg hoyong ngudag sareng nyukcruk > elmu warisan ti luluhur sorangan, cirining salira > mikareueus sareng mikanyaah kana eta warisan, sareng > deuih bade ku saha dipikareueus jeung diajenanna > tutungkusan luluhur sunda, upama lain ku turunan > sunda > nyalira. > > Perkara elmu sunda, memang tos lawas teuing > kalindihna > ku elmu deungeun, matak geuning aya istilah jati > kasilih ku junti. Mung luluhur urang harita oge > waspada sangkan teu leungit ku obahna jaman, nya > rupina ngahaja nyimpen ajaran teh nganggo rupi-rupi > cara (media), diantawisna aya nu satarabasna > diajarkeun turun tumurun sacara lisan, aya nu > ditulis > dina rupi-rupi prasasti, aya nu diserat dina daun > lontar/daluang, aya nu diterapkeun dina rupi-rupi > tata > cara upacara adat diantarana : pepelakan/tatanen; > wawangunan (ngadegkeun wangunan); kahirupan (ti > ngawitan kakandungan dugi ka ka tilar dunya); seren > taun; dina carita dogeng/legenda. Oge aya nu > disimpen > dina alat-alat seni/karawitan, dina wayang (ti kawit > alat, bentuk pagelaran, ngaran wayang jeung > karakterna, dugi ka lalakonna), dina rumpaka kidung, > rajah jeung pupuh, namung oge tos dibewarakeun > sangkan > isuk jaganing pageto turunan sunda bisa ngaguar deui > eta tutungkusan, sapertos nu dibewarakeun dina rajah > sapertos di handap ieu: > > Rajah : > Luluhur tujuh ngabandung > ka dalapan keur disorang > Luluhur tujuh ngabandung > ka dalapan keur disorang > > salapan heuleut-heuleutan, > sapuluh Raja Bantala, > ayeuna seug dibuktikeun, > cupu manik astagina > teundeun di handeuleun sieum, > keur sampeureun, teundeun piraweuy, > > dituruban ku mandepun, > diwadahan ku mandelar, > diamparan boeh larang, > ditunda di bojong jalan, > kapendak kunu ngaliwat, > > dibuka para Pujangga, > kunu rancage di hate, > dibuka pating haleuang, > dibuka pating daleungdang, > Rasa milawung kancana, > nu hayang dilalakonkeun > Gusti Nu Agung, Gusti Nu Agung, Gusi Nu Agung, > > Bewara ieu oge ngandung siloka yen luluhur teh > neundeun mustikaning elmu keur sampeuren anak > turunan, > tiasa kabuka lamun rancage hatena. Kitu eta bewara. > > Sepuh-sepuh kisunda nu tiasa ngabuka atanapi medar > ajaran/elmu luluhur memang tos ngirangan, namung > simkuring percanten masih keneh seueur nu tiasa > ditaros pikeun ngumaha, diantawisna nu ku simkuring > tos kauninga nyaeta putra didikan Mama Mei > Kartawinata > sapertos bapak Ade Arif Yahya (ramana kang Ilen di > Lembang caket Peneropongan Bintang), bapak Asep di > kampung Rancakasiat (bojongsoang) , bapak Rahmat di > Cibedug-lembang. Oge tiasa maluruh ka turunan sareng > didikan Mama Madrais, sapertos Rama Djatikusumah di > Cigugur Kuningan (mangga taroskeun ka kang Ira). > > Lian ti eta oge tiasa neuleuman seratan-seratan > hasil > panalungtikan para ahli ngeunaan > tulisan-tulisan/ amanat sareng papagon luluhur, > sareng > tulisan hasil karancagean Mama Mei sareng Mama > Madrais, mung dina nyungsina kedah rancage, sabab > seueur ngaguar istilah-istilah agama nu dibaca ku > eusina elmu Sunda, nu saliwat tiasa disebat elmu > tarekat. > > Kitu manawi kang Teten, mangga atuh urang sami-sami > nyungsi sareng ngaguar eta tutungkusan. Hapunten > bilih > ieu waleran kirang merenah ka nu dimaksad. > > Sampura ingsun, > > pun Engkus > > --- Teten Kustendi <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > > sampurasun ka sadayana > > > > Punten kang Engkus, sanes simkuring bade ngalepat > > keun salira, hapunten anu kasuhun. > > Jusrtu, sim kuring ngarasa bagja pisan, tiasa > > nambihan pamahaman di kang negkus. Upami teu ka > > abotan mah, sim kuring oge hoyong terang, dimana > oge > > kamana sim kuring tiasa medar elmu karuhun urang? > > > > hatur nuhun > > > > > > ----- Original Message ---- > > From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> > > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > > Sent: Wednesday, February 21, 2007 9:37:22 AM > > Subject: Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, > > sareng Sangkuriang > > > > Rampes Kang Teten, simkuring teu terang kalebet > elmu > > naon, da teu kungsi diajar soal tarekat, hakekat > > jsb, > > mung pamahaman simkuring soal hakekat hirup nu > nuju > > diteuleuman teh dumasar kana ajaran kasundaan nu > > diguar ku Mama Mei Kartawinata. Kitu sun, mung > > rumaos > > pamahaman sim kuring dina ajaran teh teu acan > seueur > > nu kasungsi, masih keneh kulit-kulitna, tah ku > > kituna > > nyuhunkeun dihapunten upami masih seueur keneh > > kalemahan. > > > > pun sampun, hatur nuhun. > > > > Engkus, > > > > --- Teten Kustendi <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > > > > Sampurasun ka sadaya, > > > > > > Punten pisan sim kuring seja ngiring jabung > > > tumalapung, mugia jadi duduluran > > > Sanes, ari sim kuring mah sok resep ari ngadangu > > > carita atanapi sajarah tatar sunda teh. > > > komo deui lamun isi eta dongeng teh, > mangrupikeun > > > ajaran kangge diri urang. > > > > > > Tapi, sim kuring bade nyuhunkeun di hapunten, > > bilih > > > lepat nyagka, dupi Kang Engkus teh ngaguar ieu > > > carita teh, berdasarkan elmu Tarekat kitu? > > > > > > Soalna, dina cara ngabahas na meni jero kitu > > > (mendalam), > > > > > > Sakieu heula nya > > > > > > Hatur nuhun > > > > > > - Teten- > > > > > > ----- Original Message ---- > > > From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> > > > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > > > Cc: Kisunda <[EMAIL PROTECTED] s .com> > > > Sent: Tuesday, February 20, 2007 3:45:01 PM > > > Subject: Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang > Guriang, > > > sareng Sangkuriang > > > > > > Sampurasun ka sadaya kidulur sunda, > === message truncated === ____________________________________________________________________________________ TV dinner still cooling? Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV. http://tv.yahoo.com/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Check out the new improvements in Yahoo! Groups email. http://us.click.yahoo.com/4It09A/fOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups - Join or create groups, clubs, forums & communities. Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups - Join or create groups, clubs, forums & communities. is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
