kang jaka, ari numutkeun panoongan kuring mah, naon wae subjekna nu dibahas,
rek dongeng, rek legenda, rek penomena alam, rek mitologi, atawa naon wae,
tungtungna moal jauh ti mateakeun logika alias akal. naha aya alat sejen
kitu, nu dipiboga ku manusa, pikeun ngajawab sagala kapanasaranana, kajaba
ti akal. anapon rasa jeung panca indra, eta mah 'sparing partner' keur
ngabantuan pagawean akal. pikeun conto, naon nu dipedar ku kang engkus, oge
bah siddik, pikeun nyurahan dongeng sangkuriang, taya lain ti hasil matekeun
akal. tangtu kang engkus, oge bah siddik, dinya nyurahan subjek nu sarua
baris kapangaruhan ku pangaweruh jeung naon nu kungsi kabaca jeung karasa ku
pribadina sewang-sewangan. eces, dina naon nu ditepikeun ku bah siddik, geus
disurupkeun jeung pangaweruh elmu hayat. ari nyambung-nyambungkeun
pangaweruh nu geus aya, jeung subjek nu dibahas, pikeun ngoreh jadi
pangaweruh anyar apan eta teh pagawean logika. (mh)

On 2/21/07, Jaka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   muhun eta mah...lepatna anu nyebatkeun eta, yen urang sunda
> katurunan Sangkuriang atau si Tumang...
> da eta mah mung saukur dongeng Legenda anu diciptakeun ku
> sepuh2 / luluhur urang...
> hampir tiap2 dongeng, aya untuy anu teu lebeut logika, saupami
> di barungkeun sareng kaayaan ayeuna.
> dina dongeng eta,jelas2 eta mah dongeng salingkungan subjek2
> anu aya dina dongeng eta.
> eta dongeng saleresna dongeng/sasakala anu pami dilogikakeun
> moal repok.
> da eta mah dongeng anu maksadna ngelingan ka urang sadaya,
> dongeng Sunda, dongeng ma'rifat-hakekat...dongeng kanggo
> ngemutan sangkan urang tong hilap kana purwadaksi, nu sajati.
> bingah yen urang sunda mah jarang ngadongengkeun batur,
> numawi dongeng2 kapungkur eusina ngadongengkeun nu teu
> jauh tina hal eta.
> Dina caritana biasana Subject-objekna teh janten siloka anu kedah
> diguar...anu siloka eta teh moal jauh tina : kasajatian, kasucian,
> kuring-kurung, tabeat2 dina diri,jrrd.
>
> atuh anu nyebatkeun urang sunda turunan si Tumang, turunan
> Sangkuriang, jelas2 jigana sanes nu tiasa ngaguar eta maksad dina
> dongeng. KUmargi dongeng anu ngajanten legenda di urang sunda
> teh dongeng Sangkuriang eta, duka nuju ngewa atanapi kumaha,
> inget kana dongeng eta...brollll weh nyebatkeun urang teh turunan
> anu aya dina dongeng2 eta...padahal sidik (sanes apih siddik) eta mah
> saukur dongeng wungkul.
>
> Mung ieu dongeng upami diguarna ku logika, aya nu kirang...da sanes
> karya ilmiah.
>
> upami bade diguar ku bab kasajatian,hakekat diri-diri urang ieu mah
> memang repok, ieu dongeng berkualitas sareng salah sawios dongeng2
> anu tiasa ngelingan.
>
> Upami bade ku sastra per sastra-an ieu dongeng janten kajian anu
> "menarik" kanggo dijantenkeun proyek galieun....
>
> Upami bade diguar ku sajarah,antropologi,geografi menarik oge...sugan
> weh mendakan atanapi janten pangbuktos ieu dongeng teh kajantenan
> atanapi sanes...sabab aya nu nyarioskeun anu pamendak di guha Pawon
> teh cenah eta jaman Sangkuriang-dayang sumbi tea...tapi teu acan
> aya deui warta deui ieu teh.
>
> tapi dinu lebeut manah, ieu wadah nampi yen ieu teh dongeng siloka,
> potret anu aya dinu diri urang, anu kedah dicukcruk, dipiluruh ku urang
> kanggo dugi kana kasucian lan kasajatian.
>
> ngagedor masalah anu tarekat2 tadi:
>
> Upami teu lepat mah aya tarekatna Mama Mei teh...mung duka ditancebkeun
> duka henteu benderana...da inti tarekat mah "ngadameulan" atanapi
> "dameul"na.
> upami namina mah duka tarekat daya/budaya tea duka tarekat Kartawinata.
>
> hapunten nu kasuhun pami teu sae, teu nyekon, kirang masagi...
> pun ampuuun...
>
> Hatur salam,
> pun Jaka.
>
> rampes,
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke