Assalamualaikum Wr. Wb.
Baraya US dimana wae ayana.
Ayeuna tos medal majalah BALEBAT salasawios karya US anu ngiringan ngaramekeun,
ngeuyeuban khasanah sunda. Kuayana majalah BALEBAT anu dina wanda basa sunda
ieu tiasa ngiring ngamumule basa sunda kujalan masihan infomasi kabaraya US
sadayana.
Ku kituna kabaraya US bilih bade ngalanggan ieu majalah mangga kantun ngeusian
formulir na anu ditangkodkeun dina surelek ieu. Pon kitu boh bilih bade ngiring
nyerat dina majalah ieu tiasa pisan. Hal ieu mugi tiasa dikintunkeun ka surelek
[EMAIL PROTECTED] cc [EMAIL PROTECTED]
Majalah ieu medalna kanggo danget ieu sasasih sakali. Pangaosna :
1. Kanggo disabudeureun bogor Rp. 6500/edisi tos kalebet ongkos kintun.
2. Kanggo di luar bogor Rp. 7500/edisi tos kalebet ongkos kintun.
Pembayaran tiasa ditransfer ka bank BCA an. Hendra Wijaya no. rek. 0950000911.
Buktos pembayaran mugi tiasa dikintunkeun/discan teras dikintunkeun ka [EMAIL
PROTECTED] cc [EMAIL PROTECTED],
Paketan via PT. Pos Indonesia. Atuh saupamina hoyong enggal katampi majalahna
tiasa nganggo paket anu sanesna contona nganggo TIKI. Panginten pami ieu mah
benten deui pangaos ongkos kintuna. Kanggo hal ieu mangga tiasa japri ka email
[EMAIL PROTECTED] atanapi ngalangkungan YM : runainawan
Kanggo samentawis sakitu anu kapihatur, kirang langkungan neda dihapunten.
Wassalam,
Baktosna,
Runa Inawan - Bogor
+++++++++++++++++++++++++++++++
Para wargi sadaya,
Ti tadi peuting aya Kang Runa nepungan, nya ditarima wae di kantor,
kabeneran keur lembur. Ngahaja nepungan, saurna, bade maparin majalah
Sunda anyar, bari kusiwel ngaluarkeun majalahna tina tasna. Leuh enya
wae, sakumaha kl 2 minggu katukang inyana ngiberan yen sakeudeung deui
baris medal majalah Sunda yasana warga Kusnet di Jakarta - Bogor,
majalah "Balebat" aranna.
Majalah Balebat teh yasana dulur urang, Kusnet, anu dumuk di Bogor
jeung sabudeureunana. Diantawisna, rengrengan anu ngurusna, sakumaha
dina kaca kahiji eta majalah nyaeta Kang/Teh: Hendra M. Asatari
(pupuhu redaksi), Inotji Hayatulloh (panasehat), Hendra M. Astari,
Yayan Mulyana, Dudi Herlianto, Hadee Darajat (dewan redaksi), Bagus
Priatna (kontributor seratan). Dina edisi no 1 tahun kahiji ieu malah
Kang Kumi (Iskandar Adnan) nyumbangkeun seratan anu judulna: "Kusnet:
Ngamekakeun Basa Sunda di Alam Maya". Hiji seratan sae anu dijungjung
jadi bentangna artikel Balebat No 1 Tahun I, 2007.
Balebat dipedalkeun ku "Pedepokan Riksa Sunda" anu alamatna di Jl Raya
Leuwi Liang KM 14, No. 26-27 Ciampea, Bogor 16620 kalawan tlpn-na:
0251-420840, kontak Hp no: 0818-711-396, surelek:
[EMAIL PROTECTED] Anu ngarojong salaku supporter pedalan kahiji
ieu diantarana: "Hanjuang Bandrek dan Bajigur" (sigana nu Kang Eko
yeuh), Bogor Nirwana Residence, Padepokan Giri Sundapura, RPC 95,3 FM
846 Radio Pertanian Ciawi, Image, RMI, Yayasan Budaya Hanjuang Bodas,
sareng Himpunan Mahasiswa Tasikmalaya (Himalaya).
Baraya,
Hanjuang dipedalkeun dina format model Intisari, ngan leuwih ipis.
Dicitak dina kertas lumayan teu rumeuk teuing, kalawan gedena huruf
sedeng. Anapon formula eusi Balebat nyaeta ti kaca munggaran nepi ka
panungtung (dina kurung: eusi dina edisi I no 1 2007): Lawang
Saketeng, Carita Nyambung ("Si Ema Jeung Bi Yayah"), Mata Holang
("Jati Kasilih ku Junti"), Motekar ("Kang Eko, Webmaster Ramatloka
Kusnet"), Panyawang ("Tanjakan Empang"), Napak Tilas ("Awal Ayana
Kecap Sunda", tarjamaha tina seratan Prof. Dr. Ayat Rohaedi), Carita
Pondok ("Kanceuh" jeung "Bulan Mabra di Madinah"), Paribasa, Angkulung
Gubrag, Sabilulungan, Ubar Lembur ("Diabetes"), Pelesiran ("Curug
Putri), Kabuyutan ("Aya Taman Sri Baginda di Pasir Eurih"--wah mantab
eung aya rubrik "kabuyutan", wilujeng), Sisindiran, Bale Paniisan
("Cinta Abubakar ka Mustapa"), Ceuleukeuteuk (pasti model 4S), jeung
Cahaya Syiar.
---
Rupina sakitu wae heula minangka reportase amatiran kana karya media
citak Sunda anu nembe medal. Kalayan penggero kasing saha bae warga
Kusnet anu aya waktos nyerat, mangg diantos sumbang seratna kanggo
"Balebat" (sakumaha talatah ti Kang Runa). Panutup: Wilujeng ka
dulur-dulur Kusnet anu aya di Bogor-Jakarta, anu tos ngalengkah dina
usaha ngeuyeuban bahan bacaan populer dina basa Sunda. Hatur nuhun ka
Kang Runa anu tos haat nganteurkeun eta majalah langsung ku jinisna.
baktos,
manAR
________________________________________________________
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/