sampurasun,
ngarespon seratan kang maman, cigana rada nyambung sareng naon anu di
rencanakeun ku kang nana munajat, ketua panitia ciburuy festival.
kang nana salaku budayawan, wartawan sareng aktivis kasundaan, boga konsep
eta situ ciburuy teh ditangani sanes ku konsep pamarentah, nu geus rea
kabuktian, penanganan pariwisata tidak berorientasi kepada lingkungan setempat,
baik itu sumber alam maupun sumber personal masyarakat.
waktos rapat panitia ciburuy festival, abdi nganilai sae pisan, karena yang
berperan adalah pemuda setempat, yaitu komunitas 'paparasi' pemuda2 nu 'care'
terhadap eta situ ciburuy.
abdi sareng rerencangan gaduh komunitas namina 'nucinta' =nurani cinta
semesta ... ieu komunitas 'care' juga terhadap nu namina alam lingkungan,
khusus kanggo kerjasama sareng event festival ciburuy, abdi ngangge divisi
nucintasunda nyaeta divisi nu khusus merhatikeun kabudayaan sunda.
konsep sareng 'juklak' nu diuraikeun kang maman, apa bisa dijadikan referensi
untuk pengelolaan ciburuy kedepan.... soalna pami berdasarkan konsep ti 'pusat'
... nu ayana teh kepentingan politik dan ekonomi saja, tidak berlandaskan
budaya.
ini saya mengajukan suatu aplikasi nilai kesundaan di masyarakat,... mumpung
abdi sareng saparakanca nuju nyusun konsep ;kumaha pengelolaan pariwisata
ciburuy untuk kedepannya.
alhamdulillah, ieu pembicaraan tos langsung sareng pak budhiyana... janten
ieu situ ciburuy, tos ditangani langsung ku propinsi, dan memberikan
kepercayaan kepada pemuda setempat dan urang bandung (kami) untuk moles dan
ngembangkeun ieu situ.
mangga dihaturanan andil na ,baik itu berupa konsep maupun ide usulan atanapi
bade ngiring gabung ... langkung sae.
SUNDA TEH HEBAT, MUNG CAN WANI HUDANG WAE, TANDA2 BENCANA TOS
BERMUNCULAN,.... SUNDA KUDU NINDAK, KEUR KASEJAHTERAAN KUM NA NUSANTARA,...
KEUR INDONESIA.
KEUN ,TONG NGANDELKEUN PRABU SILIWANGI NU KEUR TILEM,.... DA JIWA SILIWANGI
MAH SESTUNA GEUS AYA DI TIAP DIRI URANG SUNDA,... TINGGAL NGA JEMBARKEUN HATE
TIAP DIRI PRIBADI.
HAYU GEURA NINDAK, DINA KASENIAN DIMULAINA... MEH RESEP BARI JEUNG
HIBURAN,... DA MIKIRAN BEAS MAH MOAL ANGGEUS2,.. HEHEHEH.
tos ah sakitu heula bisi panjang teuing ngacaprukna,... cag!
=roche=
Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pariwisata jeung Komunitas Adat (Sunda)
(Ngengklokan seratan GK # 4)
Sabenerna mah heurin ku letah ngembrakkeun naon nu rek ditepikeun ieu teh. Komo
siga judul di luhur mah: Pariwisata jeung Komunitas Adat. Gampang
disalahhartikeunnana. Lain bae dianggap nyanyahoanan. Tapi, bisa-bisa, kuring
dituding rek ngaduitkeun kabudayaan. Ongkoh, baheula, kuring kungsi nyieun
surat keur Kang Oman jeung Kang Ira nu enas-enasna sarua jeung naon nu rek
dikacaprukeun ayeuna. Malah, asana leuwih lengkep jeung leuwih hirup bubuhan
dijieun mangsa haneut keneh pagilinggisik jeung sawatara komunitas adat.
Ngan leungit. Teuing kamana. Bubuhan ngacapruk teh teu sirikna total jeung
daria. Nepi ka neundeunna ge sarua ngacaprukna. Sakainget.
Tapi bae, nya, nyanyahoanan atawa nyiwitan batur ge? Sugan bae aya mangpaatna.
Paling heunteu keur nyalurkeun watek ngacapruk kuring. Ditahan-tahan ge bisi
jadi bisul, ceuk si Jay mah. Leuheung mun mata bisulna teh sarupaning berlian
atawa jamrut? Kumaha mun ukur batu koral? Bari ukur sagede mata peda? Dipake
maledog reungit ge can karuhan bisa.
Sabenerna mah heunteu pas istilah komunitas adat teh. Lain pedah euweuh.
Tapi, nya heunteu pas we. Paling heunteu masih keneh loba nu kudu dipernahkeun
atawa dijelaskan naon jeung kumahana nu ngaranna komunitas adat teh. Naha,
misalna, (sawatara) urang Cisalak, Kadugede, Cibarusah, nu geus ngababakan di
dinya ti jaman Pajajaran keneh, bari kahirupannana teu undak-undak, bisa
disebut komunitas adat? Pon kitu deui sawatara kampung di Manonjaya -- nu
kahirupan paekonomiannana teu jauh ti kaayaan karuhunna mangsa Wretikandayun
masih jumeneng? Matak, sakapeung, nu disarebat komunitas adat ge sok narampik
istilah eta teh. Da kasawang matak piributeunnana.
Kunaon atuh kuring bet make eta istilah? Eh, apan konsisten jeung
ngamasarakatkeun pangacaprukan jeung ngacaprukeun masarakat. Sugan bae aya
kasaimbangan jeung kasadaran anyar. Jeung nu ku kuring dimaksud komunitas adat
di dieu taya lian masarakat atawa komunitas nu masih ngalakonan titinggal
karuhun (aranjeunna). Naha nu mangrupa papagon, ajaran, atawa prak-prakkan
sawatara (malah sakabeh) kagiatan dina kahirupannana. Intina mah nu masih
ngalarapkeun tatali karuhun kalawan pengkuh.
Demi nu kaharti ku kuring, papagon atawa adat titinggal karuhun nu nyampak di
sawatara komunitas adat teh teu pira. Ukur nyangkut tilu perkara: Hal-hal
(adat atawa papagon) nu pakait jeung sasama manusa, hal-hal nu pakait jeung
alam di luar manusa (umumna alam nu mangrupa fisik, tutuwuhan hususna), jeung
papagon nu pakait jeung Pangeran atawa nu dianggap Pangeran atawa hal-hal nu
goib nu aya tapi teu kadeuleu, malah teu karasa ku indra lianna. Leuwih
nyangkaruk dina hate, manan kaharti ku akal.
Keur kuring, naon nu nyangkaruk dina papagon-papagon eta teh nyekrup jeung
udagan modernitas atawa kamodernan. Tangtu bae di luar teknologi dina harti
high tech sakumaha nu gumelar di Kulon, nu keur sabagean (paling heunteu ku
John Lennon sabatur-batur) malah dianggap runtah nu ngotoran kahirupan. Oge,
keur kuring pribadi: Di luar nu pakait jeung alam goib tadi -- utamana jeung
Pangeran, jeung Gusti.
Contona, papagon nu nyampak dina upacara Ngalaksa, Rancakalong, Sumedang. Ti
mimiti badami, meuseul, nepi ka nginebkeun kabeh miboga atikan nu luhung.
Nu, kurang leuwih, mun diringkes: Dina raraga nangtungkeun kakuringan kuring nu
kakurungan kurung teh, urang kudu hade ka sasama manusa, utamana ka indung
bapa, oge ka tutuwuhan dina hal ieu, nu utama, pare, salaku sumber kahirupan
(kadaharan) poko.
Enya. Mun dilenyepan, kumaha eta upacara adat miharep sikep nu khidmat
(kuring keur teu manggih kocap Basa Sunda nu pas keur ieu sikep jeung
prak-parakan) ka pare -- lain bae ka Pangeran, sasama, atawa indung bapa. Nepi
ka, sakedapan, eta prak-prakan teh siga nu musyrik: Ngadon migusti ka eta
tutuwuhan.
Salah saurang inohong di dinya, mangsa ngaguar mustika nu aya di tukangeun
prak-prakan Ngalaksa, dugi ka nganggukguk. Nangis. Ku nyerepna eta atikan.
Paling heunteu dina perkara kumaha ngawulaan pare. Mangsa dibuat ge anjeunna
mah, cenah, cadu ngangge arit. Sok dietem bae. Komo bari jeung nincakan atawa
ngagebot-gebot pare mah, siga umumna kiwari mangsa pare dipisahkeun tina
rundayannana. Nyieun beasna ge tara digiling, tara diheler. Tapi ditutu dina
lisung. Atuh prak-prakkan nyawah, ti mimiti milih bibit, nginebkeun, macul,
ngarambet, jste -- cenah deui bae -- teu leupas tina prak-prakan jeung ugeran
nu aya dina Ngalaksa.
Katingalina mah enya eta kasauran sepuh teh. Da, lian ti pare nu masih
digeugeusan di leuitna -- nu kiwari geus arang katempo, boh leuitna boh pare nu
digeugeusna -- di juru sawahna ge, anjeunna mah masih keneh masang sanggar.
Paragi nyayagikeun tuangeun ka... Ibu Sri!
Keur kuring, sakali deui, sikep khidmat kana pare siga kitu teh alus. Nu beh
dituna, mun dilegaan, jadi sikep nu khidmat ka alam. Hartina, dina basa
kiwari, totemisme siga kitu teh taya lian ti sikep jeung prak-prakan ngajaga
kalestarian alam jeung lingkungan. Nya di dieu, kunaon kuring nyebut
nilai-nilai atawa budaya tradisi teh satemenna ciples atawa sarua jeung udagan
kamodernan. Urangna bae nu sok salah harti: Nyapirakeun tradisi, bari salah
ngalarapkeun kamodernan. Contona paribasa ngadek sacekna, .... Keur kuring,
ieu babasan teh lain bae miboga harti efisien ( jeung efektif). Tapi, oge
fungsional. Urang meuli barang (konsumsi) teh saperluna bae. Teu perlu
kaleuleuwihi, nepi ka ti kelebuh kana istilah konsumtif. (Kukituna kaharti, mun
aktivis lingkungan nu pangheulana nenjo potensi budaya lokal atawa local genius
keur ngalawan konsumtivisme dina harti nu jembar teh).
Hartina, mun ajen-inajen eta terus diropea kalayan motekar, teu mustahil
ngahasilkeun teknologi tatanen, dalah nu high tech pisan, nu luyu jeung prinsip
kalestarian alam eta. Ngan, nyakitu, nu ku kuring katingali: Eta atikan teh
ngan eureun nepi ka seremoni. Ukur nyampak dina Ngalaksa. Di luar eta mah ...
bororaah!
Kuring wani nyebut kitu teh nya ningali kaayaan fisik eta lembur bae. Lain
pedah bae leuweung atawa sawahna geus jadi kebon boled (hui Cilembu). Tapi,
pilemburan nu dipanta-panta dina tonggong pasir teh, nu satemenna bisa leuwih
endah, mun peuting ti kajauhan meh siga Hong Kong, lampu pating karetip; karah
diruksak ku pipa paralon!. Mani raranteng, paheula-heula nyedot cai keur imahna
sewang-sewangan. Karuhan bungkus supermi jeung botol aqua mah. Nyangsaya nepi
ka kamalir nu aya di tengah sawah. Tangtu, lain kuring teu panuju make plastik,
ulah make paralon. Tapi, ku naon teu diatur sangkan eta paralon teh teu
raranteng nepi ka nyolokan panon siga kitu? Malah, beh dituna mah, kasus
paralon ieu (oge kasus lianna nu teu kudu ditepikeun di dieu) nembongkeun
cambalna kudu hade ka sasama nu aya dina Ngalaksa tea.
Enya, da lamun guyub mah, papada hade ka sasama tea, teu kudu tiap umpi boga
bak, boga kamar mandi. Cukup sa-RT hiji siga saencanna. Di mana rek siga
kiwari ge, tiap imah boga kamar mandi sorangan, khidmat ka alamna kudu
dijaga. Lain dina harti mengpar tina papagon ulah ngabohakan bumi. Tapi, nya
diatur bae sangkan eta paralon teh nambah asri eta lembur. Naha dipendem dina
jero taneuh, atawa : Tina sumber cai teh cukup aya dua atawa tilu pipa gede nu
ditarik ka dua atawa tilu bak panampungan. Nya, tina bak panampungan eta tiap
umpi masang pipana teh. Kitu ge, bari tetep kudu hade ka alam dina harti
lian: Tong nepi ka ngotoran panon.
Di dieu, ku naon kuring nyebut pariwisata hiji industri nu paripurna. Lain ukur
aya kasenian jeung upacara adatna. Tapi, oge kumaha eta adat nerap dina
kahirupan sapopoe masarakatna. Ku cara kitu, urang kota -- atawa urang mana bae
bisa ngarasakeun re-kreasi nu satemenna. Bisa ngarasakeun hiji kahirupan,
hiji kaayaan, hiji suasana (fisik jeung mentalna), nu nyambuang tina hate jeung
kasadaran. Lain ukur seremoni atawa pintonan. Kituna teh daratangna ge teu kudu
keur Ngalaksa bae. Iraha bae ge bisa. Da, ngalaksa teh satemenna dilakukeun
dina tiap rengkak kahirupan sapopoe. Dalah, euweuh nu datang, euweuh turis ge,
teu jadi masalah. Da adat teh geus bisa ngaraharjakeun masarakatna. Ceuk tadi
ge: pariwisata mah nilai tambah mun lain optimalisasi ge.
Salemba, 17 Februari 2007
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.
[Non-text portions of this message have been removed]
---------------------------------
Finding fabulous fares is fun.
Let Yahoo! FareChase search your favorite travel sites to find flight and hotel
bargains.
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Something is new at Yahoo! Groups. Check out the enhanced email design.
http://us.click.yahoo.com/kOt0.A/gOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/