Rampes, Amin. Nyakseni pisan ketakna kang Nana Munajat sareng kanca-kanca anu haat nyalindungan kabuyutan Ciburuy. Wartosna kang Nana teh aya rencana bade ngadamel pagempungan sa Tatar Sunda pikeun miara jeung nyalindungan sirah cai?
Alhamdulillah, Januari kamari waktu ngayakeun acara sosialisasi mitigasi bencana ngalangkungan budaya di Cikalong, basisir kidul Tasikmalaya, nya Kang Nana oge tiasa hadir. Malah nya anjeunna pisan anu ngadugikeun mitigasi bencana tina panyawang budaya. Bari dipirig ku gembyung Dangiang Dongdo ti Subang, acara saba'da sosialisi mitigasi versi paelmuan, laju diteruskeun ku ikrar miara basisir, dipungkas ku mitembeyan pepelakan di basisir Ds. Cimanuk, Kec Cikalong, Tasikmalaya. Udaganana: ngahejokeun basisir sangkan ana datang tsunami teh bahayana henteu rongkah teuing. Hatur nuhun Kang Nana. Ayeuna, kabuyutan Ciburuy dipirosea deui. Syukur alhamdulillah. Kitu memang kuduna. Pamugi wae sagala rupa ieu rarancang teh kalaksanakeun. Wilujeng. Baktosna, manAR On 3/7/07, agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > sampurasun, > ngarespon seratan kang maman, cigana rada nyambung sareng naon anu di > rencanakeun ku kang nana munajat, ketua panitia ciburuy festival. > kang nana salaku budayawan, wartawan sareng aktivis kasundaan, boga konsep > eta situ ciburuy teh ditangani sanes ku konsep pamarentah, nu geus rea > kabuktian, penanganan pariwisata tidak berorientasi kepada lingkungan > setempat, baik itu sumber alam maupun sumber personal masyarakat. > waktos rapat panitia ciburuy festival, abdi nganilai sae pisan, karena > yang berperan adalah pemuda setempat, yaitu komunitas 'paparasi' pemuda2 nu > 'care' terhadap eta situ ciburuy. > abdi sareng rerencangan gaduh komunitas namina 'nucinta' =nurani cinta > semesta ... ieu komunitas 'care' juga terhadap nu namina alam lingkungan, > khusus kanggo kerjasama sareng event festival ciburuy, abdi ngangge divisi > nucintasunda nyaeta divisi nu khusus merhatikeun kabudayaan sunda. > konsep sareng 'juklak' nu diuraikeun kang maman, apa bisa dijadikan > referensi untuk pengelolaan ciburuy kedepan.... soalna pami berdasarkan > konsep ti 'pusat' ... nu ayana teh kepentingan politik dan ekonomi saja, > tidak berlandaskan budaya. > ini saya mengajukan suatu aplikasi nilai kesundaan di masyarakat,... > mumpung abdi sareng saparakanca nuju nyusun konsep ;kumaha pengelolaan > pariwisata ciburuy untuk kedepannya. > alhamdulillah, ieu pembicaraan tos langsung sareng pak budhiyana... janten > ieu situ ciburuy, tos ditangani langsung ku propinsi, dan memberikan > kepercayaan kepada pemuda setempat dan urang bandung (kami) untuk moles dan > ngembangkeun ieu situ. > mangga dihaturanan andil na ,baik itu berupa konsep maupun ide usulan > atanapi bade ngiring gabung ... langkung sae. > SUNDA TEH HEBAT, MUNG CAN WANI HUDANG WAE, TANDA2 BENCANA TOS > BERMUNCULAN,.... SUNDA KUDU NINDAK, KEUR KASEJAHTERAAN KUM NA NUSANTARA,... > KEUR INDONESIA. > KEUN ,TONG NGANDELKEUN PRABU SILIWANGI NU KEUR TILEM,.... DA JIWA > SILIWANGI MAH SESTUNA GEUS AYA DI TIAP DIRI URANG SUNDA,... TINGGAL NGA > JEMBARKEUN HATE TIAP DIRI PRIBADI. > HAYU GEURA NINDAK, DINA KASENIAN DIMULAINA... MEH RESEP BARI JEUNG > HIBURAN,... DA MIKIRAN BEAS MAH MOAL ANGGEUS2,.. HEHEHEH. > tos ah sakitu heula bisi panjang teuing ngacaprukna,... cag! > =roche= > > Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED] <mamangantra2000%40yahoo.com>> > wrote: > Pariwisata jeung Komunitas Adat (Sunda) > (Ngengklokan seratan GK # 4) > > Sabenerna mah heurin ku letah ngembrakkeun naon nu rek ditepikeun ieu teh. > Komo siga judul di luhur mah: Pariwisata jeung Komunitas Adat. Gampang > disalahhartikeunnana. Lain bae dianggap nyanyahoanan. Tapi, bisa-bisa, > kuring dituding rek ngaduitkeun kabudayaan. Ongkoh, baheula, kuring kungsi > nyieun surat keur Kang Oman jeung Kang Ira nu enas-enasna sarua jeung naon > nu rek dikacaprukeun ayeuna. Malah, asana leuwih lengkep jeung leuwih hirup > bubuhan dijieun mangsa haneut keneh "pagilinggisik" jeung sawatara > "komunitas adat'. Ngan leungit. Teuing kamana. Bubuhan ngacapruk teh teu > sirikna "total" jeung "daria". Nepi ka neundeunna ge sarua ngacaprukna. > Sakainget. > Tapi bae, nya, nyanyahoanan atawa nyiwitan batur ge? Sugan bae aya > mangpaatna. Paling heunteu keur nyalurkeun watek ngacapruk kuring. > "Ditahan-tahan ge bisi jadi bisul," ceuk si Jay mah. Leuheung mun mata > bisulna teh sarupaning berlian atawa jamrut? Kumaha mun ukur batu koral? > Bari ukur sagede mata peda? Dipake maledog reungit ge can karuhan bisa. > > Sabenerna mah heunteu pas istilah "komunitas adat" teh. Lain pedah euweuh. > Tapi, nya heunteu pas we. Paling heunteu masih keneh loba nu kudu > dipernahkeun atawa dijelaskan naon jeung kumahana nu ngaranna "komunitas > adat" teh. Naha, misalna, (sawatara) urang Cisalak, Kadugede, Cibarusah, nu > geus ngababakan di dinya ti jaman Pajajaran keneh, bari kahirupannana teu > undak-undak, bisa disebut "komunitas adat"? Pon kitu deui sawatara kampung > di Manonjaya -- nu kahirupan paekonomiannana teu jauh ti kaayaan karuhunna > mangsa Wretikandayun masih jumeneng? Matak, sakapeung, nu disarebat > komunitas adat ge sok narampik istilah eta teh. Da kasawang matak > piributeunnana. > Kunaon atuh kuring bet make eta istilah? Eh, apan konsisten jeung > "ngamasarakatkeun pangacaprukan" jeung "ngacaprukeun masarakat". Sugan bae > aya kasaimbangan jeung kasadaran anyar. Jeung nu ku kuring dimaksud > komunitas adat di dieu taya lian masarakat atawa komunitas nu masih > ngalakonan titinggal karuhun (aranjeunna). Naha nu mangrupa papagon, ajaran, > atawa prak-prakkan sawatara (malah sakabeh) kagiatan dina kahirupannana. > Intina mah nu masih ngalarapkeun tatali karuhun kalawan "pengkuh". > Demi nu kaharti ku kuring, papagon atawa adat titinggal karuhun nu nyampak > di sawatara komunitas adat teh "teu pira". "Ukur" nyangkut tilu perkara: > Hal-hal (adat atawa papagon) nu pakait jeung sasama manusa, hal-hal nu > pakait jeung alam di luar manusa (umumna alam nu mangrupa fisik, tutuwuhan > hususna), jeung papagon nu pakait jeung Pangeran atawa nu dianggap Pangeran > atawa hal-hal nu goib nu aya tapi teu kadeuleu, malah teu karasa ku indra > lianna. Leuwih nyangkaruk dina hate, manan "kaharti" ku akal. > Keur kuring, naon nu nyangkaruk dina papagon-papagon eta teh nyekrup jeung > udagan modernitas atawa kamodernan. Tangtu bae di luar teknologi dina harti > high tech sakumaha nu gumelar di Kulon, nu keur sabagean (paling heunteu ku > John Lennon sabatur-batur) malah dianggap runtah nu ngotoran kahirupan. Oge, > keur kuring pribadi: Di luar nu pakait jeung alam goib tadi -- utamana jeung > Pangeran, jeung Gusti. > > Contona, papagon nu nyampak dina upacara Ngalaksa, Rancakalong, Sumedang. > Ti mimiti "badami", "meuseul", nepi ka "nginebkeun" kabeh miboga atikan nu > luhung. Nu, kurang leuwih, mun diringkes: Dina raraga nangtungkeun > kakuringan kuring nu kakurungan kurung teh, urang kudu hade ka sasama > manusa, utamana ka indung bapa, oge ka tutuwuhan dina hal ieu, nu utama, > pare, salaku sumber kahirupan (kadaharan) poko. > Enya. Mun dilenyepan, kumaha eta "upacara adat" miharep sikep nu "khidmat" > (kuring keur teu manggih kocap Basa Sunda nu pas keur ieu sikep jeung > prak-parakan) ka pare -- lain bae ka Pangeran, sasama, atawa indung bapa. > Nepi ka, sakedapan, eta prak-prakan teh siga nu musyrik: Ngadon migusti ka > eta tutuwuhan. > Salah saurang inohong di dinya, mangsa ngaguar mustika nu aya di tukangeun > prak-prakan Ngalaksa, dugi ka nganggukguk. Nangis. Ku "nyerep"na eta atikan. > Paling heunteu dina perkara kumaha "ngawulaan" pare. Mangsa dibuat ge > anjeunna mah, cenah, cadu ngangge arit. Sok dietem bae. Komo bari jeung > nincakan atawa ngagebot-gebot pare mah, siga umumna kiwari mangsa pare > dipisahkeun tina rundayannana. Nyieun beasna ge tara digiling, tara diheler. > Tapi ditutu dina lisung. Atuh prak-prakkan nyawah, ti mimiti milih bibit, > nginebkeun, macul, ngarambet, jste -- cenah deui bae -- teu leupas tina > prak-prakan jeung ugeran nu aya dina Ngalaksa. > Katingalina mah enya eta kasauran sepuh teh. Da, lian ti pare nu masih > digeugeusan di leuitna -- nu kiwari geus arang katempo, boh leuitna boh pare > nu digeugeusna -- di juru sawahna ge, anjeunna mah masih keneh masang > sanggar. Paragi nyayagikeun tuangeun ka... Ibu Sri! > Keur kuring, sakali deui, sikep "khidmat" kana pare siga kitu teh alus. Nu > beh dituna, mun dilegaan, jadi sikep nu "khidmat" ka alam. Hartina, dina > basa kiwari, "totemisme" siga kitu teh taya lian ti sikep jeung prak-prakan > ngajaga kalestarian alam jeung lingkungan. Nya di dieu, kunaon kuring nyebut > nilai-nilai atawa budaya tradisi teh satemenna ciples atawa sarua jeung > udagan kamodernan. Urangna bae nu sok salah harti: Nyapirakeun tradisi, bari > salah ngalarapkeun kamodernan. Contona paribasa "ngadek sacekna, ...". Keur > kuring, ieu babasan teh lain bae miboga harti "efisien" ( jeung efektif). > Tapi, oge fungsional. Urang meuli barang (konsumsi) teh saperluna bae. Teu > perlu kaleuleuwihi, nepi ka ti kelebuh kana istilah konsumtif. (Kukituna > kaharti, mun aktivis lingkungan nu pangheulana nenjo potensi budaya lokal > atawa local genius keur ngalawan konsumtivisme dina harti nu jembar teh). > Hartina, mun ajen-inajen eta terus diropea kalayan motekar, teu mustahil > ngahasilkeun teknologi tatanen, dalah nu high tech pisan, nu luyu jeung > prinsip kalestarian alam eta. Ngan, nyakitu, nu ku kuring katingali: Eta > atikan teh ngan eureun nepi ka seremoni. Ukur nyampak dina Ngalaksa. Di luar > eta mah ... bororaah! > Kuring wani nyebut kitu teh nya ningali kaayaan fisik eta lembur bae. Lain > pedah bae leuweung atawa sawahna geus jadi kebon boled (hui Cilembu). Tapi, > pilemburan nu dipanta-panta dina tonggong pasir teh, nu satemenna bisa > leuwih endah, mun peuting ti kajauhan meh siga Hong Kong, lampu pating > karetip; karah diruksak ku pipa paralon!. Mani raranteng, paheula-heula > nyedot cai keur imahna sewang-sewangan. Karuhan bungkus supermi jeung botol > aqua mah. Nyangsaya nepi ka kamalir nu aya di tengah sawah. Tangtu, lain > kuring teu panuju make plastik, ulah make paralon. Tapi, ku naon teu diatur > sangkan eta paralon teh teu raranteng nepi ka nyolokan panon siga kitu? > Malah, beh dituna mah, kasus paralon ieu (oge kasus lianna nu teu kudu > ditepikeun di dieu) nembongkeun cambalna "kudu hade ka sasama" nu aya dina > Ngalaksa tea. > Enya, da lamun guyub mah, papada hade ka sasama tea, teu kudu tiap umpi > boga bak, boga kamar mandi. Cukup sa-RT hiji siga saencanna. Di mana rek > siga kiwari ge, tiap imah boga kamar mandi sorangan, "khidmat" ka alamna > kudu dijaga. Lain dina harti mengpar tina papagon "ulah ngabohakan bumi". > Tapi, nya diatur bae sangkan eta paralon teh nambah asri eta lembur. Naha > dipendem dina jero taneuh, atawa : Tina sumber cai teh cukup aya dua atawa > tilu pipa gede nu ditarik ka dua atawa tilu bak panampungan. Nya, tina bak > panampungan eta tiap umpi masang pipana teh. Kitu ge, bari tetep kudu "hade > ka alam" dina harti lian: Tong nepi ka ngotoran panon. > Di dieu, ku naon kuring nyebut pariwisata hiji industri nu paripurna. Lain > ukur aya kasenian jeung upacara adatna. Tapi, oge kumaha eta adat nerap dina > kahirupan sapopoe masarakatna. Ku cara kitu, urang kota -- atawa urang mana > bae bisa ngarasakeun re-kreasi nu satemenna. Bisa ngarasakeun hiji > kahirupan, hiji kaayaan, hiji suasana (fisik jeung mentalna), nu nyambuang > tina hate jeung kasadaran. Lain ukur seremoni atawa pintonan. Kituna teh > daratangna ge teu kudu keur Ngalaksa bae. Iraha bae ge bisa. Da, ngalaksa > teh satemenna dilakukeun dina tiap rengkak kahirupan sapopoe. Dalah, euweuh > nu datang, euweuh turis ge, teu jadi masalah. Da adat teh geus bisa > ngaraharjakeun masarakatna. Ceuk tadi ge: pariwisata mah nilai tambah mun > lain optimalisasi ge. > > Salemba, 17 Februari 2007 > > Maman Gantra > Jalan Salemba Tengah 51, > Jakarta 10440. > 0812-940-5441 > > --------------------------------- > Don't pick lemons. > See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos. > > [Non-text portions of this message have been removed] > > --------------------------------- > Finding fabulous fares is fun. > Let Yahoo! FareChase search your favorite travel sites to find flight and > hotel bargains. > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Great things are happening at Yahoo! Groups. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/lOt0.A/hOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
