Bagea Baraya,

Asa geus heubeul teu milu ngocoblak di milis. Teuing balas pakepuk ku
garapan sejen, teuing gagayaan, ngarah jiga nu sibuk. Hahaha.

Katarik ku dua serelek: kahiji seratan pangersa Ua Sasmita, nu nyutat
pamanggih 'dewa'; kaduana ku seratan pangersa Kang Santosa. Ieu dua serelek
ceuk toongan kuring mibanda logika panoongan nu ampir sarua. Geura urang
toong naon eusina.

Serelek kahiji netelakeun, yen aya 'dewa' nimu sababaraha kecap basa Sunda
nu harti jeung sorana ngaharib-harib jeung basa Myanmar. Sang 'dewa' cenah
nyimpulkeun yen basa Sunda huluwotanna ti Myanmar. Serelek kadua make logika
nu ampir sarua, Kang Santosa ngabanding-bandingkeun antara konsonan aksara
Sunda jeung Jawa. Kulantaran aya kamiripan antara konsonan basa Sunda jeung
Jawa, terus disimpulkeuna yen aksara Sunda huluwotanna ti Jawa.

Naha enya eta dua pamanggih di luhur teh, hiji-hijina cara pikeun narik
kasimpulan bari ngan ukur noong sababaraha kasus. Naha taya cara panoongan
lain. Cikan urang toong panoongan nu kadua.

Fakta 1: konsonan aksara Jawa: Ho No Co Ro Ko, Dho To So Wo Lo, Po Dho Jo Yo
Nyo, Mo Go Bo Tho Ngo.
Fakta 2: konsonan aksara Sunda:Ha Na Ca Ra Ka, Da Ta Sa Wa La, Pa Ja Ya
Nya,Ma Ga Ba Nga. Kasimpulan: aksara Sunda MIRIP jeung aksara Jawa,
kulantaran kitu aksara Sunda asalna ti Jawa.

Ceuk toongan kuring, upama urang ngan ukur ngabandfingkeun dua fakta di
luhur, paling heunteu aya TILU hipotesa nu bisa dijadikeun pikeun kasimpulan
sementara:

Hipotesa 1: Aksara Sunda asalna ti aksara Jawa.
Hipotesa 2: Aksara Jawa asalna ti aksara Sunda.
Hipotesa 3: Aksara Sunda jeung aksara Jawa asalna ti huluwotan nu sarua.

Kulantaran kitu, upama urang rek milih salah sahiji hipotesa pikeun
dijadikeun kasimpulan, masih loba keneh fakta nu kudu dijadikeun
pangrojongna.

Cara panoongan nu sarua bisa dipake pikeun madungdengkeun serelek Ua
Sasmita, nu noong basa Sunda jeung Myanmar.

salam,
mh


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke