Pamairan Sili(h)wangi
Kasmaran ku Sili(h)wangi
Ngariung dina Seminar
Pada pogot pada moho
Pada ngaluarkeun hojah
Pamanggih sewang-sewangna
Sili(h)wangi pada nulup
Dirucat ti unggal Madhab
Para Ahli teu saeutik
Nu tarandang makalangan
Pada nembrakeun kanyaho
Enggeus pada boda alas
Garapan sewang-sewangna
Ngeunaan poko lulugu
Sili(h)wangi Raja Sunda
Keris Tangguh Pajajaran(2)
Keris teh salahiji hasil budaya nu dikenal masarakay jawa husuna,nang dinu
ilmu keris atawa kristologi teh aya keris nu pangtangguhna jeung pangkolotna
nyaeta Keris Tangguh Pajajaran.
Dini hiji makalah nu dipedar ku Haris Sukanda Natasasmita ngeunaan Sejarah
dan Tradisi Tentang Prabu Siliwangi ngeunaan Keris Tangguh Pajajaran teh
tiasa di talungtik tinu 4 sumber,
Kahiji. Tiasa ditingali ti relief candi nu nunjukeun loba bukti ngeunaan
sanjata
Kadua. Titinggalan baheula nu masih keneh ka palihara ku masarakat, atanapon
di museum
Katilu. Naskah Kuna anu nyebutkeun jinis jeung ngaran-na.
Kaopat. Para panalungtik dinu cateutan ngeunaan keris eta jeung kaasup
tradisi lokal.
Dina hiji sumber (wirosoekadga,t.t:3,7-9) disebutkeun aya lima
belas jinis tangguh. Tangguh Pajajaran kaasup nu pangkolotna tibatan tangguh
Majapahit. Ieu ge dijelaskeun dumasar kanu sumber yen Tangguh Pajajaran teh aya
tujuh Empu, nyaeuta:
Empu Ki Keleng
Empu Ki Luwung
Empu Ki Loning
Empu Ki Angga
Empu ing Pagelen
Empu Ki Sikir Dusun Tapan
Empu Siyung Wanara, nalika taksih jumeuneung Bupati Arya Banyakwide.
Titujuh Empu sakti eta, ngan aya dua Empu nu kanyahoaan hasil tempa na teh :
Empu Keleng nu nyieun keris Kyai Kopek (Keris Lempeng, Dapurna tilam upih
pamor Tambal) tinu wesi saperti batutulis, jeung Empu Kyai Manca disebat tinu
kitab, nang teu kanyahoan ngaranna.
Sumber nu lian (Winter jeung Soejonoredjo, 1993:12-23),
digambarkeun limapuluh hiji jinis keris kuna, dimana duapuluh jinis teh ti
Pajajaran, atawa abad ka XIII ka XV, ngaranna teh nyaeta Keris brojol,Keris
Betok jrrd.
Dinu Cariosan Prabu Silihwangi aya duakali ngeunaan sesebutan
keris, nyaeta
IX:9 saacan mangkati ti Sindangkasih ka Singapura, keris nu dipake
Silihwangi disebatna dhuhung ginanja pitu
XXI:47 keris nu dipikaboga ku SilihWangi nu di bawa ku Ambetkasih keur nusuk
dirina, nyaeta kebo.
Dinu pupuh ka VII Naskha Sang Nata Agung, (KBN no 545. inv.EFFO-Bdg. No
2032), saacan Prabu Silihwangi angkat ka Prabu Singguru arek cacahan, manehna
mawa sanjata keris Pusaka karuhun Prabu Ciung Wanara (warisan) nu diaraanan
Kebo Teki, laju Prabu Singguru ditusuk ku keris sakti eta nepi ka perlaya, nu
akibatna kabeh bala tantara Tanjung Singguru nyerahkeun maneh ka Prabu
Silihwangi.
(nyambung ka bagean tilu)
cag ach
Yayan Mulyana
---------------------------------
New Yahoo! Mail is the ultimate force in competitive emailing. Find out more
at the Yahoo! Mail Championships. Plus: play games and win prizes.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/