Panasaran ku katerangan Ua Sasmita, anu nyutat pamanggih Prof Slamet
Mulyana, yen aya kamiripan antara kecap basa Sunda jeung Myanmar (Palaung),
tadi isuk kabeneran kuring panggih jeung balad urang Myanmar. Tamba gado
ngaburayot, kuring tumanya ka manehna, sababaraha kecap basa Myanmar.
Kulantaran si eta teu apaleun basa Sunda, nya nu ditanyakeun teh tarjamahan
sababaraha kecap dina basa Inggris. Tah ieu diantarana tarjamahan basa
Inggris kana Myanmar:

this, di-har
that, ho-har
here, di-hmar
there, ho-hmar

Upama dibandingkeun jeung naon nu dicutat ku Ua Sasmita, geuning rada pajauh
nya. Ceuk si balad tea, cenah aya kamus tilu-basa: Inggris - Malayu -
Myanmar, upama hayang leuwih jelas mah. Ngan can kaburu neangan ka toko
buku, sugan upama salse rek diteangan.

salam,
mh

=======
On 3/13/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Prof Slametmulyana dina bukuna Asal Bangsa dan Bahasa Nusantara nyabit
> perkara basa Sunda nu rada deukeut kana basa Palaung, komo palebah
> nyebutkeun kecap nunjuk boh keur deukeut boh keur jauh, nyaeta kecap 
> *ieu*jeung
> *eta*, ceuk eta buku asalna tina *"i-**รถ"* jeung *"i-tay"* nu aslina tina
> basa Palaung.
> Basa Palaung nyaeta basa anu aya di nagara Burma (ayeuna Myanmar).
> Sedengkeun *ini* dina basa Indonesia aya sasaruaan jeung basa Mundari
> (basa anu aya di India).
> Sigana basa nu aya di wewengkon Nusantara, memang asalna ti darata Asia
> (Campa, India, Burma jeung sabangsana).
> Ka baraya sadayana manawi aya nu kantos ningali buku kamus
> Palaung-Inggris, da ari Palaung-Indonesia mah dimana boa, cik kuring
> wartosan. Kuring ge atos ngintun email ka Kedubes Myanmar, mung teu acan aya
> waleran.
> Hatur nuhun
>
> MSasmita
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke