Dina PR dinten ieu (15/4-2004), aya Surat Pembaca nu nyebutkeun yen kasus2
di IPDN/STPDN teh "ngotoran" para luluhur Sumedang. Nu nulis surat pembaca
ieu nyebutkeun yen Sumedang teh kungsi boga birokrat anu mihak ka rakyat,
sanajan diteken ku dununganana. Birokrat ieu Pangeran Kusumah Dinata nu
biasa disebut Pangeran Kornel, nu wani "ngalawan" Tuan "Mur Jangkung" alias
Deandles, Gubernur Jendral Hindia Belanda, nu maksa rakyat Sumedang nyieun
jalan di Cadas Pangeran nu kaayaan medanna kacida beuratna.
Birokrat Sumedang di jaman kolonial nu dipikawanoh kulantaran boga sifat
"pamong", salian ti Pangeran Kornel, aya Pangeran Suria Atmaja, nu ceuk Dr.
Nina Lubis mah, dina acara Dialog dina TVRI Bandung, salah sahiji ikon
kapamingpinan Sunda. Aya Bupati Bandung RAA Martanagara, menak Sumedang, nu
ngawangun Bandung. Atuh di jaman republik, saha anu teu wanoh jeung aran Ali
Sadikin atawa Umar Wirahadikusumah?
Sanajan ayeuna, Sumedang tetep "ngahasilkeun" kaum birokrat keur nagara ieu,
tapi nu dihasilkeun lain kokoncara ku kaalusan tapi ku kagorengan jeung
katelengesan. Dina minggu-minggu ieu aran Sumedang disebut unggal poe ku
media. Sumedang milu goreng, lain wae ku kasus kamari di IPDN, tapi oge ku
Pemda Sumedang nu ngagawekeun Narapidana ex mahasiswa STPDN nu nganiaya
Wahyu Hidayat tepi ka palastra di taun 2003. "Kagorengan" Sumedang
ditambahan ku aparat hukum Sumedang (baca: kajaksaan) teu newak Napi ieu,
padahal eta Napi digawe di kantor nu sakota (leutik) jeung kantor
kajaksaan!
Salaku nu asalna ti Sumedang, kuring meredih, bubarkeun we IPDN teh atawa
tong aya di Sumedang. Kuring sapamikiran jeung nu nulis surat Pembaca dina
PR, sakola ieu geus ngotoran "luluhur" Sumedang ......
Baktos,
WALUYA
--- In [EMAIL PROTECTED], nn4wjr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mohammad Yasin Kara
> Selasa, 10 April 2007
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/