Leres pisan kang IPDN teh sigana kedah dijantenkeun sakola umum ulah exlusif
kitu, sigana seueur teuing preman nu ngurus IPDN, nya eta preman birokrat.
nguping wartos mah nu sok disiksa teh jalmi pinter tapi jujur seueur tetelepek
sagala hoyong terang, tapi teu tiasa masihan artos kanggo sosogok cenah leres
kitu? buktusna Wahyu Hidayat budak pinter pisan, padahal IPDN teh tos ngangge
artos Rakyat tina APBN nya!
Eta mah kamari sim kuring seuri sorangan ngupingkeun obrolan dina salah
sawios radio di Bandung, cenah pamarentah teh lepat kalahka SARITEM nu di
tutup teh, kedahna IPDN nu ditutup teh cenah, lantaran tos terbukti yen di IPDN
sering aya penyiksaan2 sareng pembunuhan terencana, nu teu sapagodos sareng
aturan, sedengkeun di SARITEM mah cenah nu mere kanikmatan, he he he dasar
tukang lacur siah..
baktos
isya
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dina PR dinten ieu (15/4-2004), aya Surat Pembaca nu nyebutkeun yen
kasus2
di IPDN/STPDN teh "ngotoran" para luluhur Sumedang. Nu nulis surat pembaca
ieu nyebutkeun yen Sumedang teh kungsi boga birokrat anu mihak ka rakyat,
sanajan diteken ku dununganana. Birokrat ieu Pangeran Kusumah Dinata nu
biasa disebut Pangeran Kornel, nu wani "ngalawan" Tuan "Mur Jangkung" alias
Deandles, Gubernur Jendral Hindia Belanda, nu maksa rakyat Sumedang nyieun
jalan di Cadas Pangeran nu kaayaan medanna kacida beuratna.
Birokrat Sumedang di jaman kolonial nu dipikawanoh kulantaran boga sifat
"pamong", salian ti Pangeran Kornel, aya Pangeran Suria Atmaja, nu ceuk Dr.
Nina Lubis mah, dina acara Dialog dina TVRI Bandung, salah sahiji ikon
kapamingpinan Sunda. Aya Bupati Bandung RAA Martanagara, menak Sumedang, nu
ngawangun Bandung. Atuh di jaman republik, saha anu teu wanoh jeung aran Ali
Sadikin atawa Umar Wirahadikusumah?
Sanajan ayeuna, Sumedang tetep "ngahasilkeun" kaum birokrat keur nagara ieu,
tapi nu dihasilkeun lain kokoncara ku kaalusan tapi ku kagorengan jeung
katelengesan. Dina minggu-minggu ieu aran Sumedang disebut unggal poe ku
media. Sumedang milu goreng, lain wae ku kasus kamari di IPDN, tapi oge ku
Pemda Sumedang nu ngagawekeun Narapidana ex mahasiswa STPDN nu nganiaya
Wahyu Hidayat tepi ka palastra di taun 2003. "Kagorengan" Sumedang
ditambahan ku aparat hukum Sumedang (baca: kajaksaan) teu newak Napi ieu,
padahal eta Napi digawe di kantor nu sakota (leutik) jeung kantor
kajaksaan!
Salaku nu asalna ti Sumedang, kuring meredih, bubarkeun we IPDN teh atawa
tong aya di Sumedang. Kuring sapamikiran jeung nu nulis surat Pembaca dina
PR, sakola ieu geus ngotoran "luluhur" Sumedang ......
Baktos,
WALUYA
--- In [EMAIL PROTECTED], nn4wjr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mohammad Yasin Kara
> Selasa, 10 April 2007
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/