Haturan Baraya,

Wilujeng tepang deui sareng si kuring anu tos lami henteu nepangan parawargi 
sadaya, tos dugi kamana lalampahan urang sunda dialam maya teh? Ti saprak 
ngumbara ka Samarinda, jigana nembe ayeuna tiasa inten deui ngalanglangan milis.


Baraya,

Samarinda teh puser kota provinsi Kalimatan Timur (Kaltim), anu Insya Alloh 
taun payun janten kota utama dilaksanakeunana Pekan Olahraga Nasional (PON), 
sawatara waktos anu tos kalangkung pengurus KONI Jabar kantos sumping ka dieu, 
mailih nepangan wargi sunda anu aya disamarinda anu dipinangsaraya janteun 
fasilitator kanggo transfortasi/akomodasi atlet salami dilaksanakankeunana PON 
di Kaltim. 


Dina sajarah Nusantara, aya anu disebat-sebat karajaan anu pang kolotna di 
Nusantara nyaeta Karajaan Kutai. Karajaan ieu teh kasebut dina prasasti ngadeg 
kirang langkung abad 4-5 masehi, raja anu kasohor yaeta Raja Mulawarman ayeuna 
di Samarinda diabadikeun janten nami paguron luhur "Universitas Mulawarman" 
disingket UNMUL. Nyabit-nyabit Unmul kaleresan parawargi inohongna teh seueur 
urang sunda boh anu masih aktif atanapi anu tos pangsiun, malih rektorna pisan 
urang sunda tulen eta teh. Wangsul deui kana sajarah, Karajaan Kutai teh 
geuning aya 2 (dua) nyaeta Kutai Martadipura atanapi Kutai Mulawarman (Kutai 
buhun tea) sareng Kutai Kertanegara anu ieu mah nembe ngadeg kiten-kiten abad 
ka XIII. Taun 1600-an eta dua karajaan teh digabungkeun ku jalan peperangan, 
janten Karajaan Kutai Kertanegara wungkul anu puser dayeuhna di Tenggarong, 
dugi ka ayeuna Sultan Kutai Kertanegara linggih didinya. Ari patilasan puser 
kota Kutai buhun ayana di Muara Kaman, salah sahiji kota kacamatan diwewengkon 
Kabupaten Kutai Kertanegara (Kukar), teu teubih ti Tenggarong puser kota 
Kabupaten. Samarinda mah teu kasebat-sebat di sajarah Kutai, tapi tangtosna ge 
kawengku ku eta karajaan da mung 40 km ti Tenggarong. Catetan: Kapungkur mung 
aya hiji kabupaten anu nganggo nami "kutai" ayeuna dimekarkeun janten tilu, 
nyaeta Kab. Kutai Timur, Kutai Barat, anu ditengah nganggo nami karajaan janten 
Kab. Kutai Kertanegara.


Kaltim kiwari,

Parawargi aya anu peryogi kauninga kusadayana perkawis potensi alam didieu, 
salian wewengkonana anu lega, kandungan alam bumi Kaltim teh geuning beunghar 
diantawisna Minyak Bumi, Gas Alam, ayeuna anu nuju trend Batu Bara sareng Kebon 
sawit ari HPH kai/kayu mah tos kantun sesana. Aya oge anu teu eleh penting 
kanggo sumber energi kapayun, yen di Kaltim kandungan Uranium-na berlimpah. 
Saatosna otda (otonomi daerah) kota-kota di Kaltim mesrat majengna, utamina 
kota Samarinda, Balikpapan sareng Bontang. Saurna PAD Kaltim kalebet anu 
pang-ageungna diantawis provinsi sanesna, dana pemprov anu ngendap dibank ampir 
Rp. 10 triliun. Mung nyakitu harta mah sok mahaya-mahayu ayeuna seueur 
pangagung anu unggah balewatangan, diparios kunu berwajib, kalebet Gubernurna 
anu notabene urang sunda oge. Ari masyarakatna, masyarakat campuran Suku Kutai, 
Dayak minangka penduduk asli Suku Sunda, Jawa, Mandar (Sulawesi), Bugis 
(Sulawesi), Banjar (Banjarmasin/Kalsel). Pangseueurna pendatang suku Banjar ti 
Banjarmasin Kalimatan Selatan, Bugis jeung Jawa khususna Jawa Timuran. Urang 
Dayak seuseurna masih hirup tradisional dikampung, kampungna 
digirang/hulu/gunung tapi seueur oge anu tos janten pangagung sok sanaos 
blasteran sareng non Dayak. Pangwak urang Dayak teu benten sareng urang sunda, 
kulitna barodas/koneng jiga urang sunda anu bodas he.. he.. panona rada sipit, 
mung teu sipit pisan jiga si amoy. 

Aya deui anu kapanggih didieu "kuning langsat" jeung "mabuk kepayang" horeng 
simana horeng "langsat" teh sarimbag jeung buah dukuh, aah... sebut wae 
dukuhlah (da keukeuh saur urang dieu mah benten, padah eta kulitana ipis, ari 
dukuh mah kandel). Ari "kepayang" basa anu lazim di suku Banjar, jigana teu 
sadaya urang banjar teurangeun da ieu kengingna teu dihaja nalika ngobrol 
sareng hiji sepuh urang Banjar, "kepayang" teh nyaeta "kelewek ngora" ari 
kelewek ngora teh sanes "picung" tea, naha ari tuang picung sok janten mabok 
atanapi lieur kitu? 


Baraya, bilih aya anu kaleresan ngulampreng ka Samarinda tong hilap sindang ka 
rorompok. 


Wassalam,

dudi_ss 


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke