Sampurasun 
Kuring hoyong ngiringan yeuh...

Rasa rumasa jadi urang sunda, lahir asli sunda kuring ngabogaan gerentes hate 
sakumaha dilansir ku kolumnis Zaim Uchrowi.Pamadegan kuring mah Kang Zaim teu 
salah sabab manehna boga ukuran anu jelas. Sok sanajan tina ukuran sejen 
manehna salah. 

Sakali deui
Ceuk kuring, naon anu dipedar ku Zaim, secara umum aya benerna, sok sanajan 
loba salahna. Tapi coba urang ukur pakai ukuran kanyataan ayeuna.. 
Naon anu ditulis ku Zaim eta mangrupakeun interpretasi tina ungkapan sapopoe 
budaya Jawa atawa sunda, tina sudut pandang sosiologi.Tah kuring mah hayang 
ngabahas khusus sunda.

Kahiji : Ceuk kuring urang sunda mah  " terlalu menerima" pada kenyataan." Coba 
wae bandingkeun tina widang jumlah penduduk.. Numutkeun data CIA tahun 2006 
Suku sunda jumlahnya ada 14 % = 38 juta leuwih. Bandingkeun jeung Aceh  anu 
kurang tina 5 Juta jiwa. 5 juta bisa menta otonomi khusus ka pamarentah. 
Merekedeweng lain?.Tapi coba urang sunda mah,...Dina urusan kakawasaan di 
pamarentahan RI ayeuna....mangga nyanggakeun kadulur anu ahli dina widang 
ieu..Teu boga kahayang anu jelas..Sagala ah kumaha engke wae..

Kadua ; Soal  budaya " perasaan " hese nyebut embung atau ulah.Sabenerna mata 
holangna pangna urang sunda cadu nyebut  henteu atawa ulah ,  keur  nagabangun 
harmoni atawa kaharmonisan hubungan. Teu satujuna kuring " kadang kadang 
seperti filsafat bendo. ari dihareup nyarita enya. ari ditukang meuruepan. 
Nepika bohong oge teu nanaon nu penting teu aya masalah. Tah mental kitu teh 
memang ngagambarkeun  susah majuna ( lamun anu dimaksud tina widang teknologi 
). 

Katilu, tina widang kamajuan penguasaan teknologi business,  cing dulur urang 
guar ayeuna: Konglomerat mana anu asli sunda, jeung kasohor?. Sabaraha persen 
tina  ekonom indonesia  anu aslina sunda?.  Teknokrat mana anu kasohor asli 
sunda ? ( punteun da kuring mah teu apal )
Sabaraha persen teknokrat sunda di nagara urang , jeung kumaha kontribusina 
kana pangwangunan?
Kaopat : Tina tokoh tokoh hukum ? Mangga wae ku urang diguar, Jawara jawara 
hukum Indonesia ayeuna. Tong waka kelas internasional lah. Kelas Nasional wae 
heula. ..Mana pengacara / hakim  anu  sukses    dina harti  kasohor  jeung boga 
komitmen kana kapasundanan .

Kalima : Tina tokoh Agama Islam wae secara nasional, ayeuna ngan Hiji AA Gym. ( 
alhamdulillah  hiji oge aya ).

Kagenep: hayu urang ukur ku diri urang masing masing naha urang teh bisa diajak 
maju atawa henteu?Ukuranna kanyataan ayeuna tah.Naha urang sunda hese majuna 
atawa hese diajak majuna? 

Informasi tambahan pelajar Asal Sunda anu meunang beasiswa ti Ford Foundation 
ti tahun 2002 -2006  Ngan ukur aya Kurang ti sapuluh : urang padahal tiap tahun 
anu ditarima rata rata 40 urang. Naha aru urang sunda teu palinter?????Conto 
mahasiswa anu meunang Beasiswa : Yanti Kusuma ( 2002), Muhammad  Zam Zam ( 2003 
) Andono Ardi ( 2004) Dedi  T / Eli P ( 2005 ). Tahun 2006 can aya datana?.  
Kamana wae atuh dulur sunda anu 38 juta ?? Lamun dibandingkeun jeung Aceh ( anu 
pendudukna nagn kurang tina lima juta jiwa ) tiap tahun anu ditarima leuwih ti 
3 urang.Malah dina sababaraha kasus Beaiswa, Aya jatah Jawa Barat anu dicokot 
ku urang Jawa Timur jeung Medan ( Batak ). Marenehna dikirim atas nama Jawa 
Barat.

Tah keur nutup ieu pendapat  hayu urang interspeksi anu ilmiah, nilik 
katukanng, neuteup kahareup keur kamajuan urang khusuna sunda.

Cag heula, hampura dulur bisi aya anu teu sapanuju...
Maklum keur diajar nulis sunda, supaya teu poho.


Salam 
 
  Dedi Turmudi
  Graduate Student
  Dep. of Edu. and Teacher Training
  Prog.  MAT TESOL
  School for International Training
  Brattleboro, VT 05302 USA
  Phone 802 579 2109


www.coretanpenaku.multiply.com
www.ddturmudi.multiply.com
www.geocities.com/ddturmudi


----- Original Message ----
From: Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, May 22, 2007 10:15:50 PM
Subject: [kisunda] Fwd:  Re: Mentalitas Jawa dan Sunda









  


    
            --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "Oman Abdurahman" <[EMAIL 
PROTECTED] ..> 

wrote:



Baraya,



Pamadegan Mas Zaim Uchrowi (mun teu salah, Zaim nu ieu teh nya Zaim 

wartawan anu lumayan sohor, asana masih di majalah "Tempo"), sabagean 

aya benerna, sabagean deui loba salahna. Sacara umum, tulisan 

stereotip jiga anu ditulis Zaim di harian "Republika" memang uduh 

pisan pikeun dikiritik balik, nyakompetdaunkeun, jeung mere 

lolongkrang gede pikeun "debat" kusir.



Benerna, sabagean masyarakat Sunda, sakumaha umum anu mindeng 

kapanggih dina kahirupan sapopoe, memang mindeng ngalarapkeun rumusan 

hirup "kumaha engke". Hartina, tara pati nyieun rencana 

pikahareupeun. Tapi, upama aya panalungtikan statistik, can tangtu 

mayoritas Urang Sunda siga kitu.



Salahna? Zaim henteu ngadadarkeun sajarah anu saestuna, yen, 

mataholangna, persatuan bangsa Indonesia ti baheula nepi ka ayeuna, 

loba disumbangrojong ku Urang Sunda. Zaim henteu nalungtik (atawa teu 

kungsi maca?) yen ti jaman memeh datang pangjajah Walanda, bangsa 

Sunda geus kawentar salaku bangsa anu cinta damai alias micinta 

katengtreman hirup. 



Nalika Sriwijaya jeung karajaan2 di Jawa (utaman Jawa Timur) keur 

meujeuhna palega-lega kakawasaan, nepi ka mindeng parasea, raja-raja 

Sunda mah teu kabita miluan papasean pikeun udagan anu dareet model 

kitu. Bisa dibayangkeun lamun harita raja-raja Sunda (nya tangtuna 

rahayat SUnda oge), pipilueun, sigana moal aya Nusantara, anu hartina 

moal aya cikal bakal bangsa Indonesia.



Dina jaman perjoangan kamerdekaan, greliya jeung revolusi 

kamerdekaan, sakabeh rahayat Indonesia anu jujur pasti ngaku kana 

gedena pancen Urang Sunda. Divisi Siliwangi harita sakitu 

kakoncarana. Kajadian2 saperti "barontakna" KH Zainal Mustofa di 

Singaparna, Tasikmalaya ka pangjajah Jepang geus ngailhaman Supriadi 

di Blitar jeung pahlawan-pahlawan sejenna pikeun baruntak anu sarua. 



Kajadian pertempuran anu teu saimbang di Bojongkokosan, Sukabumi, 

ngalawan tangtara KNIL anu nangkod ka tangtara Sekutu jadi kayakinan 

sababaraha urang sajarawan yen eta kajadian teh leuwih ronglah 

tinimbang kajadian 10 November 1945 di Surabaya, boh dina sumanget 

bakorban keur lemah cai oge manfaatna keur rahayat Indonesoa 

sagemblengna.



Eta anu dipedar di luhur teh keur nyaimbangkeun informasi ti Zaim 

wae, lain keur agul ku payung butut. Itung-itung ngelingan ngojay ka 

meri, hampura lamun aya wanda siga anu ngebrehkeun jasa Urang Sunda. 

Palias, lain eta paniatan mah.



Hanjakal Zaim oge teu medar "pameo" anu sumebar di sabagean 

masyarakat. Yen, ceuk cenah, bangsa Indonesia lamun hayang maju kudu 

dipimpin (baca: sabagean gede ti rengrengan kabinet, utamana posisi-

posisi anu pararenting) ku wakil-wakil pinunjul ti tilu suku di 

Nusantara ieu. Anu tilu teh nyaeta: Suku Sunda, Bugis jeung Aceh 

(hapunten, suku Jawa, suku asalna Zaim - mun teu salah mah - teu 

disebut-sebut dina eta pameo teh). 



Tangtu wae, lain person-person anu dituju ku eta pameo teh, tapi 

karakter. Yen aya karakter-karakter anu hade di suku-suku Sunda, 

Bugis jeung Aceh anu lamun dihijikeun teh bisa mawa bangsa Indonesia 

ngahontal kajayaanana. Anapon insanna mah, ceuk rarasaan jeung 

pipikiran, asa teu kudu dipatok ti 3 suku tadi. Alias, timana wae ari 

karakterna hade keur mimpin bangsa mah bagea teh teuing. Nya ari 

karakter anu teu hade mah, komo anu matak ngabalangsakkeun bangsa 

mah, talapung wae. 



Naon wae karater anu hade anu bisa direvitalisasi di eta 3 suku di 

Indonesia teh? Ceuk cenah, Urang Sunda boga kamampuan diplomasi anu 

hade tur salawasna cinta damai, mayunkeun katengtreman (emut kajadian 

taun 1999? apan relatif teu aya huru-hara nanaon di wewengkon Sunda 

mah dibanding jeung wewenglon-wewengkon a sejenna di sakuliah 

Nusantara anu sakitu ngagolakna). Ceuk cenah oge, urang Bugis parigel 

jeung lebar wawanen dina unak-anik bisnis. Sajarah jeung kanyataan 

ayeuna di Jakarta, upamana, ngabuktikeun hal ieu. Ari Aceh? 

Heuheuheu, apan suku eta mah kawentar wanian perang. Emut perjuangan 

rahayat Aceh? Walanda meh kawalahan dina naklukeun suku bangsa Aceh. 

Atuh GAM, nepi ka anyar keneh mah apan sakitu rongkahna perlawananana 

ka Pamarentah resmi NKRI.



Kumaha ngahudangkeun deui eta karakter-karakter anu hade pikeun 

kamajuan kumna bangsa Indonesia jeung sumbangan kana perdamaian 

internasional. Sunda boga Sanghiyang Siksa Kandag Karesian, Amanah 

Galunggung, jeung puluhan naskah-naskah kuno jeung prasasti-prasasti 

anu ngandung pipikiran sakitu majuna. Bugis boga La Galigo anu oge 

pinuh ku pikiran keur kamajuan (bari jeung teu kudu nyieun tingkah 

laku dzolim). Atuh pon kitu keneh, di masyarakat Aceh oge tangtu aya 

anu sarupa kitu. Oge di suku-suku sejenna di sakuliah Nusantara. Anu 

diperlukeun ayeuna, taya lian ti lebar dada jeung wawanen pikeun 

ngarevitalisasi kabudayaan urang lebah bagean anu pinunjulna keur 

kamajuan sarerea.



Nuturkeun kang Chaedar Al Wasilah (doktor ahli basa ti UPI, Bandung, 

asli urang Cicalengka-Garut, Bandung), revitalisasi budaya sarupa 

kitu merlukeun 3 syarat. Anu tilu teh: mahamkeun ajen-inajen poko 

(anu tangtuna oge universal tur luhur) kalawan jero, ngamasyaratkeun 

hasil eta papahaman (perencanaan sosial atawa perencanaan bersama), 

jeung nyieun kreativitas budaya. Tah, anu tilu ieu teh kunaon henteu 

diringkelkeun jadi umbul-umbul visi jeung misi nepi ka program 

pangwagunan tiap daerah luyu jeung ajen inajen poko masing-masing 

daerahna? 



Hanjaka Zaim teu medar nepi ka revitalisasi budaya. Tapi, ketang, 

memang moal bisa dina tulisan pondok kudu ngadadarkeun perkara ngali 

jeung ngarevitalisasi ajen-inajen poko tiap (suku) bangsa mah. Anu 

bisa dijagragkeun dina kolom singet model kitu, lamun niat, nya 

tulisan provokatif model kitu wae. Mudah-mudahan wae paniatan Zaim 

teh estuning keur ngahudangkeun ieu bangsa - anu ceuk MH Ainun Nadjib 

tea mah - keur sare.



Cag.

baktosna,

manAR    



--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, Rispianda <indraade@> wrote:

>

> Salam ka saderek sadayana

> 

> Sim kuring kaleresan dikirim rerencangan artikel nu aya di 

republika perkawis mentalitas jawa sareng sunda. Abdi salaku urang 

sunda asli rada "kaseureud" yeeuh. Sapertosna nu nulisna asa 

ngagudahan pandangan negatif ka urang teh. Punten, sanes bade 

mamanas, tapi hoyong nginformasikeun yen masih aya masyarakt nu sok 

nganggap goreng orang sunda. Cik, hoyong terang kumaha komentar 

baraya.

> 

> Baktos,

> Rispi 

> 

> 

> Mentalitas Jawa dan Sunda 

> ( Zaim Uchrowi ) 

> 

> ''Indonesia sulit maju,'' kata seorang teman. ''Kenapa?'' tanya 

saya. ''Sebab, lebih dari 70 persen penduduknya adalah Jawa dan 

Sunda,'' jawabnya. Saya ternganga, sampai ia menjelaskan lebih lanjut.

> Menurutnya, mentalitas orang Jawa dan orang Sunda bukan mentalitas 

orang yang siap maju. Hal itu terlihat dari ungkapan yang banyak 

dipakai orang-orang dari kedua suku ini. Orang-orang Jawa disebutnya 

sering menyebut kata ''nek'' atau ''gek'', yang berarti ''kalau'' 

sebagai sebuah pengandaian tentang sesuatu yang mungkin terjadi di 

masa depan. Orang Jawa sering mengucap ''nek ngono mengko 

piye ...'', ''nek ngene mengko piye ...'' yang berarti ''kalau begitu 

nanti bagaimana... '', ''kalau begini nanti bagaimana... .''

> Orang-orang Jawa berpikir begitu panjang. Seluruh kemungkinan di 

masa depan telah dipikirkan dari sekarang. Pada satu sisi, hal 

tersebut baik. Banyak persoalan telah diantisipasi jauh hari 

menyangkut akibat yang mungkin terjadi. Dengan demikian, jika akibat 

itu benar terjadi, mereka telah siap untuk menghadapinya.

> Namun, di sisi lain, banyaknya kemungkinan yang dipikirkan di masa 

depan sering membuat takut melangkah. Ibarat seorang tak punya rumah 

yang tak kunjung punya rumah karena takut memikirkan kemungkinannya 

di masa depan. Bagaimana kalau gentingnya bocor, bagaimana kalau ada 

pencuri, apalagi kalau rumah itu habis terbakar. Begitu banyak 

kemungkinan yang dipikirkan hingga orang itu tak berani melangkah 

untuk punya rumah.

> Sikap itu tampak dalam kehidupan sehari-hari. Sebagian besar orang 

Jawa pasrah pada keadaan yang dimilikinya. Mereka tidak akan berusaha 

keras mengejar sesuatu karena kalau gagal akan terasa sangat 

menyakitkan. Mereka tidak siap gagal. Akibatnya, pencapaian rata-rata 

orang Jawa kalah bila dibanding etnis lainnya. Misalnya dengan rata-

rata pencapaian orang Batak, apalagi dengan keturunan Tionghoa. 

> Orang Jawa tak mau berbuat keliru, dan sangat khawatir keliru. Itu 

membuat komunikasi orang Jawa tidak baik. Orang Jawa tidak pandai 

mengekspresikan perasaan sendiri, apalagi kalau harus mengatakan 

tidak. ''Bagaimana nanti kalau orangnya tersinggung. '' Kalimat 

demikian banyak diucapkan. Orang Jawa menuntut orang lain paham 

bahasa isyarat. Kalau terpaksa harus mengomentari orang lain, paling 

dengan cara menyindir. ''Jadi, bagaimana orang Jawa bisa maju?''

> Sebaliknya, orang Sunda cenderung malas berpikir panjang. Istilah 

yang banyak dikatakan adalah, ''kumaha engke ...'' yang 

berarti ''bagaimana nanti ....'' Jalani dan nikmati hidup seadanya 

seperti air mengalir yang akan menemukan jalannya sendiri tanpa perlu 

diatur-atur. Ingin sekolah ya sekolah, ingin main ya main, ingin 

kerja ya cari kerja kalau dapat. Kalau tidak dapat ya sudah, ''can 

nasib'' atau ''belum nasibnya''. 

> Nanti cari lagi. Ada uang, nikmati saja sepuasnya. Uang habis tidak 

apa-apa. Usaha lagi seperlunya, atau minta bantuan saudara. Tidak 

berhasil tidak apa-apa. ''Can nasib.'' Ingin kawin, ya kawin saja 

biar pun pekerjaan belum mapan, penghasilan juga pas-pasan. Ingin 

kawin lagi, ya kawin lagi saja. Kan boleh dalam agama. Anak banyak, 

bermunculan saban dua tahun, tidak apa-apa. Tak perlu ada kesiapan 

buat merencanakan masa depannya. ''Kumaha Gusti wae ....'' Terserah 

Tuhan sajalah. ''Jadi, bagaimana orang Sunda bisa maju?''

> Dengan mentalitas begitu, kemiskinan Jawa yang sangat besar tak 

kunjung berkurang. Sedangkan kemiskinan Sunda (serta Banten dan 

Betawi sebagai kerabatnya) terus membesar dengan kecepatan luar 

biasa. Anehnya, kita menganggap fenomena itu fenomena biasa, dan 

kadang malah menganggapnya sebagai sikap pasrah pada Allah SWT sesuai 

tuntunan agama. Padahal, ''pasrah pada nasib'' sangat berbeda 

dengan ''pasrah pada Allah''. 

> Pasrah pada Allah SWT adalah membuat perencanaan hidup sebaik-

baiknya, bekerja keras untuk mewujudkan perencanaan itu, serta selalu 

optimistis terhadap hasil yang akan diberikan Tuhan pada kita. 

Reshuffle kabinet boleh-boleh saja. Tapi, bila sungguh-sungguh ingin 

membuat bangsa ini dan bangkit sesuai semangat Hari Kebangkitan 

Nasional, rombak dulu mentalitas bangsa ini secara revolusioner. 

Untuk itu perlu revolusi mentalitas orang Jawa dan Sunda sebagai 

mayoritas penduduk bangsa ini. 

> http://www.republik a.co.id

> 

> 

>        

> 

____________ _________ _________ _________ _________ _________ _

____________ __Give spam the boot. Take control with tough spam 

protection in the all-new Yahoo! Mail Beta.

> http://advision. webevents. yahoo.com/ mailbeta/ newmail_html. html

>



--- End forwarded message ---





    
  

    
    




<!--

#ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;}
#ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;}
#ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, 
sans-serif;}
#ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;}
#ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;}
#ygrp-text{
font-family:Georgia;
}
#ygrp-text p{
margin:0 0 1em 0;}
#ygrp-tpmsgs{
font-family:Arial;
clear:both;}
#ygrp-vitnav{
padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;}
#ygrp-vitnav a{
padding:0 1px;}
#ygrp-actbar{
clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;}
#ygrp-actbar .left{
float:left;white-space:nowrap;}
.bld{font-weight:bold;}
#ygrp-grft{
font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;}
#ygrp-ft{
font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666;
padding:5px 0;
}
#ygrp-mlmsg #logo{
padding-bottom:10px;}

#ygrp-vital{
background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;}
#ygrp-vital #vithd{
font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;}
#ygrp-vital ul{
padding:0;margin:2px 0;}
#ygrp-vital ul li{
list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee;
}
#ygrp-vital ul li .ct{
font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;}
#ygrp-vital ul li .cat{
font-weight:bold;}
#ygrp-vital a {
text-decoration:none;}

#ygrp-vital a:hover{
text-decoration:underline;}

#ygrp-sponsor #hd{
color:#999;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov{
padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;}
#ygrp-sponsor #ov ul{
padding:0 0 0 8px;margin:0;}
#ygrp-sponsor #ov li{
list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov li a{
text-decoration:none;font-size:130%;}
#ygrp-sponsor #nc {
background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;}
#ygrp-sponsor .ad{
padding:8px 0;}
#ygrp-sponsor .ad #hd1{
font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor .ad a{
text-decoration:none;}
#ygrp-sponsor .ad a:hover{
text-decoration:underline;}
#ygrp-sponsor .ad p{
margin:0;}
o {font-size:0;}
.MsoNormal {
margin:0 0 0 0;}
#ygrp-text tt{
font-size:120%;}
blockquote{margin:0 0 0 4px;}
.replbq {margin:4;}
-->








       
____________________________________________________________________________________Be
 a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows. 
Yahoo! Answers - Check it out.
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545469

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke