Rampes Kang Dedi,

Leuh katarimakeun pisang kang urun rembug pamadeganana. Si kuring sapuk kana
naon anu ditepikeun ku salira, kajaba ngeunaan tokoh agama Islam :). Upama
ukuranana eta tokoh teh kawentar dina harti loba disebut-sebut ku awam bari
jeung mindeng mucunghul dina media (boh tv atawa koran oge media sejenna),
nya sapuk AA Gym anu kasohor teh (kitu oge samemeh kasus anjeunna poligami).
Tapi, upama nyoko kana ukuran sejenna, upamana: kaintelektualan jeung
kreativitas dina ngawinkeun (melakukan sinergi) agama jeung budaya,
satemenna aya inohong sejenna.

Dina widang kaintelektualan, leupas tina kontroversi madzhab (anu
enas-enasna ku sagolongan muslim madzhab tinangtu dianggap lain Islam), Kang
Jalal kudu disebutkeun. Ieu inohong sajajar jeung Cak Nur (Nurcholid Madjid)
alm. Malah anu disebut panungtung oge mindeng "diajar" jeung
babarengan ngagedekeun Paramadina. Kang Jalal, keur sakolana kapungkur
kenging beasiswa fullbright (leres teu nulisna Kang? punten dikoreksi wae
upami lepat), anu lulus kalawan predikat luar biasa (lebet organisasi Phi
Kafa Phi sareng anu sarupi ti eta).

Dina widang sinergi agama jeung budaya, daek teu daek urang kudu nyebutkeun
inohong HR. Hidayat Suryalaga (abah Surya) anu purna mitembeyan ngadamel
tarjamahan Al Qur'an kana basa Sunda dina wangun pupuh sekar ageung, oge
tarjamahan Al Qur'an kana basa Sunda dina wangun pupujian (nashid)
ancokeuneun atikan keur barudak. Abah Surya oge kungsi jadi konsultan tim
anu ngarumuskeun ajaran moral/budipekerti tingkat Nasional. Ngan nyakitu, di
urang mah apan anu populer teh kudu anu kawentar ku media (ieu oge salah
sahiji kriteria, sanes?).

Perlu oge disebutkeun inohong kersana Ajip Rosidi (Kang Ajip) anu mitembeyan
dina program hadiah Rancage. Hiji pangleler keur karya sastra/pikeun
sastrawa  anu lain wae Sastra/Sastrawan Sunda, tapi sakuliah Nusantara.

---------
Pangajak ti salira pikeun ngarevitalisasi budaya Sunda (cokot jeung gedekeun
anu hadena, tinggalkeun anu teu kondusif keur ngigelan pajamanan), kalintang
narikna, Hayu urang mimitian. Mangga diantos asupan-asupan saterasna ti
salira oge ti dulur-dulur sejenna anu seja ulubiung dina ieu jejer.

baktosna,
manAR


On 5/23/07, Dedi Turmudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Sampurasun
> Kuring hoyong ngiringan yeuh...
>
> Rasa rumasa jadi urang sunda, lahir asli sunda kuring ngabogaan gerentes
> hate sakumaha dilansir ku kolumnis Zaim Uchrowi.Pamadegan kuring mah Kang
> Zaim teu salah sabab manehna boga ukuran anu jelas. Sok sanajan tina ukuran
> sejen manehna salah.
>
> Sakali deui
> Ceuk kuring, naon anu dipedar ku Zaim, secara umum aya benerna, sok
> sanajan loba salahna. Tapi coba urang ukur pakai ukuran kanyataan ayeuna..
> Naon anu ditulis ku Zaim eta mangrupakeun interpretasi tina ungkapan
> sapopoe budaya Jawa atawa sunda, tina sudut pandang sosiologi.Tah kuring
> mah hayang ngabahas khusus sunda.
>
> Kahiji : Ceuk kuring urang sunda mah " terlalu menerima" pada kenyataan."
> Coba wae bandingkeun tina widang jumlah penduduk.. Numutkeun data CIA tahun
> 2006 Suku sunda jumlahnya ada 14 % = 38 juta leuwih. Bandingkeun jeung Aceh
> anu kurang tina 5 Juta jiwa. 5 juta bisa menta otonomi khusus ka pamarentah.
> Merekedeweng lain?.Tapi coba urang sunda mah,...Dina urusan kakawasaan di
> pamarentahan RI ayeuna....mangga nyanggakeun kadulur anu ahli dina widang
> ieu..Teu boga kahayang anu jelas..Sagala ah kumaha engke wae..
>
> Kadua ; Soal budaya " perasaan " hese nyebut embung atau ulah.Sabenernamata 
> holangna pangna urang sunda cadu nyebut henteu atawa ulah , keur
> nagabangun harmoni atawa kaharmonisan hubungan. Teu satujuna kuring " kadang
> kadang seperti filsafat bendo. ari dihareup nyarita enya. ari ditukang
> meuruepan. Nepika bohong oge teu nanaon nu penting teu aya masalah. Tah
> mental kitu teh memang ngagambarkeun susah majuna ( lamun anu dimaksud tina
> widang teknologi ).
>
> Katilu, tina widang kamajuan penguasaan teknologi business, cing dulur
> urang guar ayeuna: Konglomerat mana anu asli sunda, jeung kasohor?. Sabaraha
> persen tina ekonom indonesia anu aslina sunda?. Teknokrat mana anu kasohor
> asli sunda ? ( punteun da kuring mah teu apal )
> Sabaraha persen teknokrat sunda di nagara urang , jeung kumaha
> kontribusina kana pangwangunan?
> Kaopat : Tina tokoh tokoh hukum ? Mangga wae ku urang diguar, Jawara
> jawara hukum Indonesia ayeuna. Tong waka kelas internasional lah. Kelas
> Nasional wae heula. ..Mana pengacara / hakim anu sukses dina harti kasohor
> jeung boga komitmen kana kapasundanan .
>
> Kalima : Tina tokoh Agama Islam wae secara nasional, ayeuna ngan Hiji AA
> Gym. ( alhamdulillah hiji oge aya ).
>
> Kagenep: hayu urang ukur ku diri urang masing masing naha urang teh bisa
> diajak maju atawa henteu?Ukuranna kanyataan ayeuna tah.Naha urang sunda
> hese majuna atawa hese diajak majuna?
>
> Informasi tambahan pelajar Asal Sunda anu meunang beasiswa ti Ford
> Foundation ti tahun 2002 -2006 Ngan ukur aya Kurang ti sapuluh : urang
> padahal tiap tahun anu ditarima rata rata 40 urang. Naha aru urang sunda teu
> palinter?????Conto mahasiswa anu meunang Beasiswa : Yanti Kusuma ( 2002),
> Muhammad Zam Zam ( 2003 ) Andono Ardi ( 2004) Dedi T / Eli P ( 2005 ). Tahun
> 2006 can aya datana?. Kamana wae atuh dulur sunda anu 38 juta ?? Lamun
> dibandingkeun jeung Aceh ( anu pendudukna nagn kurang tina lima juta jiwa )
> tiap tahun anu ditarima leuwih ti 3 urang.Malah dina sababaraha kasus
> Beaiswa, Aya jatah Jawa Barat anu dicokot ku urang Jawa Timur jeung Medan (
> Batak ). Marenehna dikirim atas nama Jawa Barat.
>
> Tah keur nutup ieu pendapat hayu urang interspeksi anu ilmiah, nilik
> katukanng, neuteup kahareup keur kamajuan urang khusuna sunda.
>
> Cag heula, hampura dulur bisi aya anu teu sapanuju...
> Maklum keur diajar nulis sunda, supaya teu poho.
>
> Salam
>
> Dedi Turmudi
> Graduate Student
> Dep. of Edu. and Teacher Training
> Prog. MAT TESOL
> School for International Training
> Brattleboro, VT 05302 USA
> Phone 802 579 2109
>
> www.coretanpenaku.multiply.com
> www.ddturmudi.multiply.com
> www.geocities.com/ddturmudi
>
> ----- Original Message ----
> From: Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED] <o_arahman%40yahoo.com>>
> To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> Sent: Tuesday, May 22, 2007 10:15:50 PM
> Subject: [kisunda] Fwd: Re: Mentalitas Jawa dan Sunda
>
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED] ..>
>
> wrote:
>
> Baraya,
>
> Pamadegan Mas Zaim Uchrowi (mun teu salah, Zaim nu ieu teh nya Zaim
>
> wartawan anu lumayan sohor, asana masih di majalah "Tempo"), sabagean
>
> aya benerna, sabagean deui loba salahna. Sacara umum, tulisan
>
> stereotip jiga anu ditulis Zaim di harian "Republika" memang uduh
>
> pisan pikeun dikiritik balik, nyakompetdaunkeun, jeung mere
>
> lolongkrang gede pikeun "debat" kusir.
>
> Benerna, sabagean masyarakat Sunda, sakumaha umum anu mindeng
>
> kapanggih dina kahirupan sapopoe, memang mindeng ngalarapkeun rumusan
>
> hirup "kumaha engke". Hartina, tara pati nyieun rencana
>
> pikahareupeun. Tapi, upama aya panalungtikan statistik, can tangtu
>
> mayoritas Urang Sunda siga kitu.
>
> Salahna? Zaim henteu ngadadarkeun sajarah anu saestuna, yen,
>
> mataholangna, persatuan bangsa Indonesia ti baheula nepi ka ayeuna,
>
> loba disumbangrojong ku Urang Sunda. Zaim henteu nalungtik (atawa teu
>
> kungsi maca?) yen ti jaman memeh datang pangjajah Walanda, bangsa
>
> Sunda geus kawentar salaku bangsa anu cinta damai alias micinta
>
> katengtreman hirup.
>
> Nalika Sriwijaya jeung karajaan2 di Jawa (utaman Jawa Timur) keur
>
> meujeuhna palega-lega kakawasaan, nepi ka mindeng parasea, raja-raja
>
> Sunda mah teu kabita miluan papasean pikeun udagan anu dareet model
>
> kitu. Bisa dibayangkeun lamun harita raja-raja Sunda (nya tangtuna
>
> rahayat SUnda oge), pipilueun, sigana moal aya Nusantara, anu hartina
>
> moal aya cikal bakal bangsa Indonesia.
>
> Dina jaman perjoangan kamerdekaan, greliya jeung revolusi
>
> kamerdekaan, sakabeh rahayat Indonesia anu jujur pasti ngaku kana
>
> gedena pancen Urang Sunda. Divisi Siliwangi harita sakitu
>
> kakoncarana. Kajadian2 saperti "barontakna" KH Zainal Mustofa di
>
> Singaparna, Tasikmalaya ka pangjajah Jepang geus ngailhaman Supriadi
>
> di Blitar jeung pahlawan-pahlawan sejenna pikeun baruntak anu sarua.
>
> Kajadian pertempuran anu teu saimbang di Bojongkokosan, Sukabumi,
>
> ngalawan tangtara KNIL anu nangkod ka tangtara Sekutu jadi kayakinan
>
> sababaraha urang sajarawan yen eta kajadian teh leuwih ronglah
>
> tinimbang kajadian 10 November 1945 di Surabaya, boh dina sumanget
>
> bakorban keur lemah cai oge manfaatna keur rahayat Indonesoa
>
> sagemblengna.
>
> Eta anu dipedar di luhur teh keur nyaimbangkeun informasi ti Zaim
>
> wae, lain keur agul ku payung butut. Itung-itung ngelingan ngojay ka
>
> meri, hampura lamun aya wanda siga anu ngebrehkeun jasa Urang Sunda.
>
> Palias, lain eta paniatan mah.
>
> Hanjakal Zaim oge teu medar "pameo" anu sumebar di sabagean
>
> masyarakat. Yen, ceuk cenah, bangsa Indonesia lamun hayang maju kudu
>
> dipimpin (baca: sabagean gede ti rengrengan kabinet, utamana posisi-
>
> posisi anu pararenting) ku wakil-wakil pinunjul ti tilu suku di
>
> Nusantara ieu. Anu tilu teh nyaeta: Suku Sunda, Bugis jeung Aceh
>
> (hapunten, suku Jawa, suku asalna Zaim - mun teu salah mah - teu
>
> disebut-sebut dina eta pameo teh).
>
> Tangtu wae, lain person-person anu dituju ku eta pameo teh, tapi
>
> karakter. Yen aya karakter-karakter anu hade di suku-suku Sunda,
>
> Bugis jeung Aceh anu lamun dihijikeun teh bisa mawa bangsa Indonesia
>
> ngahontal kajayaanana. Anapon insanna mah, ceuk rarasaan jeung
>
> pipikiran, asa teu kudu dipatok ti 3 suku tadi. Alias, timana wae ari
>
> karakterna hade keur mimpin bangsa mah bagea teh teuing. Nya ari
>
> karakter anu teu hade mah, komo anu matak ngabalangsakkeun bangsa
>
> mah, talapung wae.
>
> Naon wae karater anu hade anu bisa direvitalisasi di eta 3 suku di
>
> Indonesia teh? Ceuk cenah, Urang Sunda boga kamampuan diplomasi anu
>
> hade tur salawasna cinta damai, mayunkeun katengtreman (emut kajadian
>
> taun 1999? apan relatif teu aya huru-hara nanaon di wewengkon Sunda
>
> mah dibanding jeung wewenglon-wewengkon a sejenna di sakuliah
>
> Nusantara anu sakitu ngagolakna). Ceuk cenah oge, urang Bugis parigel
>
> jeung lebar wawanen dina unak-anik bisnis. Sajarah jeung kanyataan
>
> ayeuna di Jakarta, upamana, ngabuktikeun hal ieu. Ari Aceh?
>
> Heuheuheu, apan suku eta mah kawentar wanian perang. Emut perjuangan
>
> rahayat Aceh? Walanda meh kawalahan dina naklukeun suku bangsa Aceh.
>
> Atuh GAM, nepi ka anyar keneh mah apan sakitu rongkahna perlawananana
>
> ka Pamarentah resmi NKRI.
>
> Kumaha ngahudangkeun deui eta karakter-karakter anu hade pikeun
>
> kamajuan kumna bangsa Indonesia jeung sumbangan kana perdamaian
>
> internasional. Sunda boga Sanghiyang Siksa Kandag Karesian, Amanah
>
> Galunggung, jeung puluhan naskah-naskah kuno jeung prasasti-prasasti
>
> anu ngandung pipikiran sakitu majuna. Bugis boga La Galigo anu oge
>
> pinuh ku pikiran keur kamajuan (bari jeung teu kudu nyieun tingkah
>
> laku dzolim). Atuh pon kitu keneh, di masyarakat Aceh oge tangtu aya
>
> anu sarupa kitu. Oge di suku-suku sejenna di sakuliah Nusantara. Anu
>
> diperlukeun ayeuna, taya lian ti lebar dada jeung wawanen pikeun
>
> ngarevitalisasi kabudayaan urang lebah bagean anu pinunjulna keur
>
> kamajuan sarerea.
>
> Nuturkeun kang Chaedar Al Wasilah (doktor ahli basa ti UPI, Bandung,
>
> asli urang Cicalengka-Garut, Bandung), revitalisasi budaya sarupa
>
> kitu merlukeun 3 syarat. Anu tilu teh: mahamkeun ajen-inajen poko
>
> (anu tangtuna oge universal tur luhur) kalawan jero, ngamasyaratkeun
>
> hasil eta papahaman (perencanaan sosial atawa perencanaan bersama),
>
> jeung nyieun kreativitas budaya. Tah, anu tilu ieu teh kunaon henteu
>
> diringkelkeun jadi umbul-umbul visi jeung misi nepi ka program
>
> pangwagunan tiap daerah luyu jeung ajen inajen poko masing-masing
>
> daerahna?
>
> Hanjaka Zaim teu medar nepi ka revitalisasi budaya. Tapi, ketang,
>
> memang moal bisa dina tulisan pondok kudu ngadadarkeun perkara ngali
>
> jeung ngarevitalisasi ajen-inajen poko tiap (suku) bangsa mah. Anu
>
> bisa dijagragkeun dina kolom singet model kitu, lamun niat, nya
>
> tulisan provokatif model kitu wae. Mudah-mudahan wae paniatan Zaim
>
> teh estuning keur ngahudangkeun ieu bangsa - anu ceuk MH Ainun Nadjib
>
> tea mah - keur sare.
>
> Cag.
>
> baktosna,
>
> manAR
>
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, Rispianda <indraade@> wrote:
>
> >
>
> > Salam ka saderek sadayana
>
> >
>
> > Sim kuring kaleresan dikirim rerencangan artikel nu aya di
>
> republika perkawis mentalitas jawa sareng sunda. Abdi salaku urang
>
> sunda asli rada "kaseureud" yeeuh. Sapertosna nu nulisna asa
>
> ngagudahan pandangan negatif ka urang teh. Punten, sanes bade
>
> mamanas, tapi hoyong nginformasikeun yen masih aya masyarakt nu sok
>
> nganggap goreng orang sunda. Cik, hoyong terang kumaha komentar
>
> baraya.
>
> >
>
> > Baktos,
>
> > Rispi
>
> >
>
> >
>
> > Mentalitas Jawa dan Sunda
>
> > ( Zaim Uchrowi )
>
> >
>
> > ''Indonesia sulit maju,'' kata seorang teman. ''Kenapa?'' tanya
>
> saya. ''Sebab, lebih dari 70 persen penduduknya adalah Jawa dan
>
> Sunda,'' jawabnya. Saya ternganga, sampai ia menjelaskan lebih lanjut.
>
> > Menurutnya, mentalitas orang Jawa dan orang Sunda bukan mentalitas
>
> orang yang siap maju. Hal itu terlihat dari ungkapan yang banyak
>
> dipakai orang-orang dari kedua suku ini. Orang-orang Jawa disebutnya
>
> sering menyebut kata ''nek'' atau ''gek'', yang berarti ''kalau''
>
> sebagai sebuah pengandaian tentang sesuatu yang mungkin terjadi di
>
> masa depan. Orang Jawa sering mengucap ''nek ngono mengko
>
> piye ...'', ''nek ngene mengko piye ...'' yang berarti ''kalau begitu
>
> nanti bagaimana... '', ''kalau begini nanti bagaimana... .''
>
> > Orang-orang Jawa berpikir begitu panjang. Seluruh kemungkinan di
>
> masa depan telah dipikirkan dari sekarang. Pada satu sisi, hal
>
> tersebut baik. Banyak persoalan telah diantisipasi jauh hari
>
> menyangkut akibat yang mungkin terjadi. Dengan demikian, jika akibat
>
> itu benar terjadi, mereka telah siap untuk menghadapinya.
>
> > Namun, di sisi lain, banyaknya kemungkinan yang dipikirkan di masa
>
> depan sering membuat takut melangkah. Ibarat seorang tak punya rumah
>
> yang tak kunjung punya rumah karena takut memikirkan kemungkinannya
>
> di masa depan. Bagaimana kalau gentingnya bocor, bagaimana kalau ada
>
> pencuri, apalagi kalau rumah itu habis terbakar. Begitu banyak
>
> kemungkinan yang dipikirkan hingga orang itu tak berani melangkah
>
> untuk punya rumah.
>
> > Sikap itu tampak dalam kehidupan sehari-hari. Sebagian besar orang
>
> Jawa pasrah pada keadaan yang dimilikinya. Mereka tidak akan berusaha
>
> keras mengejar sesuatu karena kalau gagal akan terasa sangat
>
> menyakitkan. Mereka tidak siap gagal. Akibatnya, pencapaian rata-rata
>
> orang Jawa kalah bila dibanding etnis lainnya. Misalnya dengan rata-
>
> rata pencapaian orang Batak, apalagi dengan keturunan Tionghoa.
>
> > Orang Jawa tak mau berbuat keliru, dan sangat khawatir keliru. Itu
>
> membuat komunikasi orang Jawa tidak baik. Orang Jawa tidak pandai
>
> mengekspresikan perasaan sendiri, apalagi kalau harus mengatakan
>
> tidak. ''Bagaimana nanti kalau orangnya tersinggung. '' Kalimat
>
> demikian banyak diucapkan. Orang Jawa menuntut orang lain paham
>
> bahasa isyarat. Kalau terpaksa harus mengomentari orang lain, paling
>
> dengan cara menyindir. ''Jadi, bagaimana orang Jawa bisa maju?''
>
> > Sebaliknya, orang Sunda cenderung malas berpikir panjang. Istilah
>
> yang banyak dikatakan adalah, ''kumaha engke ...'' yang
>
> berarti ''bagaimana nanti ....'' Jalani dan nikmati hidup seadanya
>
> seperti air mengalir yang akan menemukan jalannya sendiri tanpa perlu
>
> diatur-atur. Ingin sekolah ya sekolah, ingin main ya main, ingin
>
> kerja ya cari kerja kalau dapat. Kalau tidak dapat ya sudah, ''can
>
> nasib'' atau ''belum nasibnya''.
>
> > Nanti cari lagi. Ada uang, nikmati saja sepuasnya. Uang habis tidak
>
> apa-apa. Usaha lagi seperlunya, atau minta bantuan saudara. Tidak
>
> berhasil tidak apa-apa. ''Can nasib.'' Ingin kawin, ya kawin saja
>
> biar pun pekerjaan belum mapan, penghasilan juga pas-pasan. Ingin
>
> kawin lagi, ya kawin lagi saja. Kan boleh dalam agama. Anak banyak,
>
> bermunculan saban dua tahun, tidak apa-apa. Tak perlu ada kesiapan
>
> buat merencanakan masa depannya. ''Kumaha Gusti wae ....'' Terserah
>
> Tuhan sajalah. ''Jadi, bagaimana orang Sunda bisa maju?''
>
> > Dengan mentalitas begitu, kemiskinan Jawa yang sangat besar tak
>
> kunjung berkurang. Sedangkan kemiskinan Sunda (serta Banten dan
>
> Betawi sebagai kerabatnya) terus membesar dengan kecepatan luar
>
> biasa. Anehnya, kita menganggap fenomena itu fenomena biasa, dan
>
> kadang malah menganggapnya sebagai sikap pasrah pada Allah SWT sesuai
>
> tuntunan agama. Padahal, ''pasrah pada nasib'' sangat berbeda
>
> dengan ''pasrah pada Allah''.
>
> > Pasrah pada Allah SWT adalah membuat perencanaan hidup sebaik-
>
> baiknya, bekerja keras untuk mewujudkan perencanaan itu, serta selalu
>
> optimistis terhadap hasil yang akan diberikan Tuhan pada kita.
>
> Reshuffle kabinet boleh-boleh saja. Tapi, bila sungguh-sungguh ingin
>
> membuat bangsa ini dan bangkit sesuai semangat Hari Kebangkitan
>
> Nasional, rombak dulu mentalitas bangsa ini secara revolusioner.
>
> Untuk itu perlu revolusi mentalitas orang Jawa dan Sunda sebagai
>
> mayoritas penduduk bangsa ini.
>
> > http://www.republik a.co.id
>
> >
>
> >
>
> >
>
> >
>
> ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
>
> ____________ __Give spam the boot. Take control with tough spam
>
> protection in the all-new Yahoo! Mail Beta.
>
> > http://advision. webevents. yahoo.com/ mailbeta/ newmail_html. html
>
> >
>
> --- End forwarded message ---
>
> <!--
>
> #ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean,
> sans-serif;}
> #ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;}
> #ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean,
> sans-serif;}
> #ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;}
> #ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;}
> #ygrp-text{
> font-family:Georgia;
> }
> #ygrp-text p{
> margin:0 0 1em 0;}
> #ygrp-tpmsgs{
> font-family:Arial;
> clear:both;}
> #ygrp-vitnav{
> padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;}
> #ygrp-vitnav a{
> padding:0 1px;}
> #ygrp-actbar{
> clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;}
> #ygrp-actbar .left{
> float:left;white-space:nowrap;}
> .bld{font-weight:bold;}
> #ygrp-grft{
> font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;}
> #ygrp-ft{
> font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666;
> padding:5px 0;
> }
> #ygrp-mlmsg #logo{
> padding-bottom:10px;}
>
> #ygrp-vital{
> background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;}
> #ygrp-vital #vithd{
>
> font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;}
> #ygrp-vital ul{
> padding:0;margin:2px 0;}
> #ygrp-vital ul li{
> list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee;
> }
> #ygrp-vital ul li .ct{
>
> font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;}
> #ygrp-vital ul li .cat{
> font-weight:bold;}
> #ygrp-vital a {
> text-decoration:none;}
>
> #ygrp-vital a:hover{
> text-decoration:underline;}
>
> #ygrp-sponsor #hd{
> color:#999;font-size:77%;}
> #ygrp-sponsor #ov{
> padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;}
> #ygrp-sponsor #ov ul{
> padding:0 0 0 8px;margin:0;}
> #ygrp-sponsor #ov li{
> list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;}
> #ygrp-sponsor #ov li a{
> text-decoration:none;font-size:130%;}
> #ygrp-sponsor #nc {
> background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;}
> #ygrp-sponsor .ad{
> padding:8px 0;}
> #ygrp-sponsor .ad #hd1{
>
> font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;}
> #ygrp-sponsor .ad a{
> text-decoration:none;}
> #ygrp-sponsor .ad a:hover{
> text-decoration:underline;}
> #ygrp-sponsor .ad p{
> margin:0;}
> o {font-size:0;}
> .MsoNormal {
> margin:0 0 0 0;}
> #ygrp-text tt{
> font-size:120%;}
> blockquote{margin:0 0 0 4px;}
> .replbq {margin:4;}
> -->
>
> __________________________________________________________Be a better
> Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows. Yahoo!
> Answers - Check it out.
> http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545469
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke