Sampurasun. . .

Minggu kamari si kuring ditepangkeun deui sareng baraya ti
sundanet.com nyaeta kang beni sareng teh lina. geus lila pisan kuring
teu tepang, puguh sono nu aya bari kabeneran loba nu rek ditanyakeun
ka aranjeuna.

geus lila kuring reueus ka masalah kasundaan, utamana kana masalah
seni jeung budaya urang sunda. baheula mah, asana ti taun 2001, lamun
neang masalah kasundaan nu dibuka teh kahiji situs sundanet.com, da
didinya kuring bisa manggihan referensi nu lumayan lengkep masalah
budaya jeung kasenian sunda teh.

ari kadieunakeun mah kuring geus jarang mukaan deui, da geuning ti
mimiti nepi ka ayeuna teh eusina ngan kitu-kitu wae, asa can aya
parobahan nu saluyu jeung motona `ngigelan jeung ngigeulkeun jaman'.
ari geus ngobrol panjang mah jeung kang beni teh, geuningan nu
dipikahayang ku rengrengan sundanet.com ge sarua, nyaeta ngahirupkeun
deui situs www.sundanet.com. keun ari masalah nyieun deui tampilan
situs ku gaya anyar mah gampang,  ngan nu jadi masalah nyaeta kumaha
ngajaga kahirupan eta situs.

atuh kudu aya saratna, diantarana teh aya komunitas nu matuh di eta
situs, warta atawa caritaan ngeunaan sunda nu `up to date`, jeung
sajabana.
kuring jeung rengrengan dimenta tulung jang ngadesain ulang situs
sundanet jeung neangan cara kumaha ngarah bisa langgeng.

sok kuring rek menta tulung deui ka baraya…. manawi gaduh usul jeung
saran naon wae nu kudu aya di eta situs, mangga urang diskusikeun.



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke