Sampurasun. . .

Minggu kamari si kuring ditepangkeun deui sareng baraya ti sundanet.com
nyaeta kang beni sareng teh lina. geus lila pisan kuring teu tepang, puguh
sono nu aya bari kabeneran loba nu rek ditanyakeun ka aranjeuna.

geus lila kuring reueus ka masalah kasundaan, utamana kana masalah seni
jeung budaya urang sunda. baheula mah, asana ti taun 2001, lamun neang
masalah kasundaan nu dibuka teh kahiji situs sundanet.com, da didinya kuring
bisa manggihan referensi nu lumayan lengkep masalah budaya jeung kasenian
sunda teh.

ari kadieunakeun mah kuring geus jarang mukaan deui, da geuning ti mimiti
nepi ka ayeuna teh eusina ngan kitu-kitu wae, asa can aya parobahan nu
saluyu jeung motona 'ngigelan jeung ngigeulkeun jaman'.
ari geus ngobrol panjang mah jeung kang beni teh, geuningan nu dipikahayang
ku rengrengan sundanet.com ge sarua, nyaeta ngahirupkeun deui situs
www.sundanet.com. keun ari masalah nyieun deui tampilan situs ku gaya anyar
mah gampang,  ngan nu jadi masalah nyaeta kumaha ngajaga kahirupan eta
situs.

atuh kudu aya saratna, diantarana teh aya komunitas nu matuh di eta situs,
warta atawa caritaan ngeunaan sunda nu 'up to date', jeung sajabana.
kuring jeung rengrengan dimenta tulung jang ngadesain ulang situs sundanet
jeung neangan cara kumaha ngarah bisa langgeng.

sok kuring rek menta tulung deui ka baraya.. manawi gaduh usul jeung saran
naon wae nu kudu aya di eta situs, mangga urang diskusikeun.

 



[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke