All About Virus Part I
   
  Virus ceuk basa biologi
  Virus teh hiji parasit nu ukuranna leutik jeung bisa ngainfeksi sel organisme 
bilogis. Virus ge bisa ngareproduksi di jero material hirup ku cara ngainvasi 
jeung ngandalikeun sel mahluk hirup, kusabab virus teu miboga parlengkapan 
selular keur ngarepro sorangan. 
   
  Istilah virus oge bisa ngarujuk keur partikel-partikel nu ngainfeksi sel-sel 
eukariota (organisme multi sel jeung loba jinis organisme sel tunggal), salian 
ti eta oge istilah bakteriofage atawa fage dipake keur jinis nu nyerang 
jinis-jinis prokariota (bakteri jeung organisme lian nu euweuh inti selna).
   
  Virus ge sok dipadungdeungkeun sabage mahluk hirup, kusabab teu bisa 
ngajalankeun fungsi bilogisna sacara bebas, kusabab kitu karakteristikna has na 
virus ieu teh ngahiji jang hiji panyakit, bisa keur jalma (samodel virus 
influensa atawa HIV), sato (samodel virus manuk salesma), atawa tatangkalan 
(misalna virus mosaik tambakau/TMV).
   
  Virus Saliwang
            Mun nyoko kanu defenisi virus di luhur ceuk Mang Wiki, virus ge sok 
disaliwangkeun ku urang sarera, kawas lamun dini hiji kumpulan atawa keur 
cacahan laju weh ujug-ujug aya babaturan urang bersin, nya sok aya wae nu 
nyeleutuk samodel kieu “kade ach Virus”, “Awas aya virus bisi katepaan”, 
“virus-virus sina jauh ti uing”, beu ku araraneh nu bersin di kitu-kitu . 
hehehehhee.
   
            Virus ge sok disaliwangkeun deui dinu widang sejenna, kawas barudak 
jakarta nu sok ngagenk di Gank Potlot nu geus kawentar tea SLANK. Teuing poho 
deui (sing demi na oge ....), dina hiji albumna aya nu judulna Virus, nu 
lirikna cenah embung kawas virus bisi mawa sakaba-kaba jeung balukar ka batur. 
Naha enya ... ihihihihihiih
   
            Sok sanajan Virus teh loba konotasina nehatif (rada campring achh 
..), virus ge jieun hiji icon keur hiji konsultan nu aya patula-patalina jeung 
dunia IT. Ceuk cenah mah maneh na teh ngaranna Virus Communications 
(http://www.virus-communications), di arannan virus tehmeh mere pangaruh kanu 
make yasana eta pausaahaan teh, atawa ka klien na. 
            
            Mun di tingali di desainna dina webna, mun kuurang buka mimiti teh 
aya animasi nu make FLASH ceuk basa keren-na mah, komo deui aya jeung loba 
virus di gambarna teh. Ieu ge nyoko kanu strategi marketing keur eta pausahaan 
teh, nya ceuk basa legeg-na mah Viral Marketing. 
   
  Ngan jadi hiji partanyaan keur uing teh naha enya Viral Marketing nu make 
non-tradisional Marketing di eta Pausahaan teh sarua jeung prinsip Si buntut 
Panjang atawa ceuk basa legegna mah Long Tail Marketing, anu kungsi kuurang 
nyaho kawas prinsipna promosi si Kangen Band anu jadi kamashur sabab apalna 
ngan di CD-CD Bajakan atawa MP3 tea jadi weh maneh na kawentar kiwari, duka teh 
teuing uing mah lain ahli Marketing sabab geus aya nu ahlina .heheheheh ... 
(Nyambung )
   
  Cah Ach
  Yayan[at]virtual[dot]co[dot]id
  Tukang ngacapruk
   
            
   

                
---------------------------------
 What kind of emailer are you? Find out today - get a free analysis of your 
email personality. Take the quiz at the Yahoo! Mail Championship.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke