> devi dirgantini <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamualaikum..
> Kang, Teh..
> Meni asa nyeri hate sim kuring mah. Bet jadi "agama" anu
> disalahkeun..
> Tuh, anu sakedahna di lepatkeun mah, anu laku lampahna teu bener,
> anu teu nurutkeun aturan agama!!
Maksadna (meureun) para penafsir agama ieu, Teh Devi. Sabab memang
kudu diaku (kuring lalaki) aya diskriminsasi anatara ka awewe jeung
ka lalaki. Tong tebih-tebih tingali we sintetron dina TV di
Indonesia saperti nu ditulis ku Teh Roro, di millis sabeulah :
===========
From: Roro Rohmah
To: [EMAIL PROTECTED]
Da muhun, sakapeungmah sok hanjakal janten istri teh
Astagfirullah,
Duh ampun paralun Gusti, sanes abdi teu nampi ditakdirkeun janten
istri. Sanes kunanaon seueur pisan pasualan nu ngawilah-wilah
antawis istri sareng pameget. Tapi, dalah dikumaha benten pisan
kaayaana bade disami-sami ge angger janten warganegara kelas 2.
Istri sok dijantenkeun wae Mbe Hideung, kabagean wae nu
katurugkatutuhna pami aya mamala atanapi bancangpakewuh.
Tong boro dina masalah agama, dina masalah perjurigan atanapi ririwa
ampir seuseurna mah istri, sok geura titenan Mak Lampir, Pocong, Nyi
Blorong, abdi (Nyi Roro Kidul heheh
wios bedo, alim ah janten jurig
mah), Kuntilanak, Sundel Bolong, Hantu Bangku Kosong, Suster Ngesot,
Wewe Gombel sadayana istri. Ari nu janten pahlawanan teu aya sanes
iwal ti para pameget kayaning ustadz, pendeta atanapi biksu
(agamawan). Deuih, dina sinetron asa tara ningali istri kukuduyutan
ngangge mukena perang ngalawan jurig? Heuheu
Ketang, tong ngabongborongkeun ka Gusti Nu Maha Suci, sagala nu
diciptakeun pasti aya tujuan, guna sareng mangpaatna. Di sagedengeun
eta sagala nu diciptakeun aya kasaesan pasti aya kakiranganana oge.
Geuning aya paripaos, pameget nu sukses gumantung ka istri nu tatih
dipengkereunana. Hartosna istri langkung punjul ti pameget heheh
Nu ngabentenkeun istri sareng pameget teh iwal ti iman, takwa & aya-
henteuna mangpaatna kangge balarea, saurna eta geeee
.
ro2
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/