Saleresna mah pak jaya teh di KBS salaku mandor atawa
supervisor  ti babaturanna nu keur gawe di KBS. Ari
imahna mah ti Cengkuk. Basa cacahan atawa ceuk uing
mah “Social Engineering” jeung manehna,
kungsi ngajakan ka uing sina ulin ka Abah Usep jeung
Abah Asep, sabab dinu minggu kamari ngayakeun seren
taun di Kasepuhan Banten Kidul.

        Baheula na pa jaya teh kungsi nyarita, manehna
ngabogaan hiji sato piaraan kuda. Ieu kuda teh piaraan
manehna nu dipikameumeut pisan. Nang kiwari si kuda
teh geus paerh sabab umur na geus kolot. Tatapi
manehna kiwari hayang ngabogaan deui kuda deui cenah,
sok komo mun geus boga manehna mun deuk nyaba ka bogor
bisa numpakan eta kuda ti cengkuk naratas gunung
kendeng ka KBS tea... edasss...

        Mun cacahan jeung manehna sering pisan ngadenge
istilah-istilah nu keur nu awam mah moal kaharti.
Kawas babasan bagol, habeul, babeuu numana geus ilahar
pisan dipake ku urang banten kidul mah. Aya deui
istilah rebig atawa pokek, teuing tah naon hartina.
Aya deui nu matak kataji teh nyaeta mun geus panen
pare aya kawajiban keur urang halim salak teh kudu
ngaluarkeun zakat mangrupa pare nu babandingan na
sapocong atawa sagedeng keur di zxakatkeun tinu
sapuluh pocong atawa sapuluh gedeng.

        Basa kamari poe saptu ping 7 juli 2007, geus
kabiasaan mun keur rineh sok ulin atawa nare di KBS
teh. Keur uing mah mun ulin kadinya teh waas ku
pamandangan jeung hawa nu tiis na matak pikabetaheun
pisan geus puguh mun ceuk basa kiwari mah refreshing 
tinu pagawean nu pakepuk sabiasana, jeung deui sok
komo geus wawuh pisan ka pupuhuna atawa rengrengan ti
KBS teh. Jeung deui kiwari geus aya rengrengan ti UI
nu jadi keur babantu dikokojoan ku Agi jeung Mufti
tea. Ieu rengrengan teh keur babantu bakal
diayakeun-na “Festival Budaya Jawa Barat”
nu bakal di ayakeun di KBS ping 26-30 Agustus 2007.

        Poe eta  oge kuring nyakseni aya hiji kaulinan
egrang, malihan mah pak jaya kungsi make eta keur
testing na . Ieu egrang teh jangkung na aya kanu 2
meter na leuwih. Jeung hiji deui aya alat musik
celempung nu ceuk kuring mah karek ngadenge jeung
kiwari geus bisa ningali bungkeuleukna. Eta celempeng
teh dijieun tinu awi gede, laju hinisna dibelah ,
dihiji sisii di belah si hinis teh kawas dijieun
senar, di sisi nu lian di jieun dua senar ,ceuk pa
jaya mah ka uing ngomong “tah nu kieu mah
kaulinan urang gunung...” (nyambung)

tilu sapamulu
dua sakarupa
hiji eta keneh

Yayan Mulyana
081310915712
http://balebat.blog.com / [EMAIL PROTECTED]



      ___________________________________________________________
Yahoo! Answers - Got a question? Someone out there knows the answer. Try it
now.
http://uk.answers.yahoo.com/ 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke