Kahatur kang Maman, kang Arya Kusumah, sareng para wargi sanesna, Punten ah pribados ngawantunkeun ngadugikeun logika pribados dumasar kana elmu Fisika anu parantos diatikkeun ku guru sareng dosen belasan taun kapungkur. Numutkeun elmu agama, ari jalmi diwangun ku fisik sareng roh. Hal-hal fisik, katingalina tiasa disusud ku logika manusa. Ari hal-hal anu nyangkut roh mah goib, janten aya di luar kamampuan manusa kanggo nyusudna. Kanggo hal-hal fisik, logika pribados ngeunaan fisik Adam sareng mahluk sanesna mah kieu: Numutkeun elmu fisika, mung aya dua kaayaan wujud / fisik di alam, anu kahiji nyaeta materi (anu karakteristikna gaduh massa), ari anu kadua nyaeta enerji (anu karakteristikna gaduh gelombang), contona cahaya. Asam Amino, anu luruh murag ka taneuh hasil interaksi guntur/kilat waktos bumi ieu dilingkup ku gas Methanol, anu dianggap sabage asal usul mahluk hirup (kalebet Adam) saleresna mah pan lebet kana golongan materi (bagian tina taneuh anu ngawangun bumi) anu disebatkeun ku Quran. Dina Quran disebatkeun yen fifik Adam diciptakeun tina fisik taneuh (materi), sedengkeun malaikat kalebet iblis (malaikat anu wangkelang ka Gusti Alloh) diciptakeun tina fisik cahaya / seuneu. Janten anu dicarioskeun dina Quran teh luyu sareng elmu fisika. Fisik Adam diturunkeun ka alam fisik (dina hal ieu bumi alam) anu parantos dihuni ku mahluk sanesna anu diciptakeun oge tina fisik materi (sapertos tutuwuhan, sato, batu, sareng sajabina) sareng oge gelombang (sapertos cahaya katut panasna). Janten di alam fisik mah Adam teh sanes mahluk kahiji. Kumargi kitu Adam diajarkeun nami-nami mahluk sanesna nu aya di alam fisik ieu ku Gusti Alloh ngalangkungan Malaikat. Kacindekannana, Quran nyarioskeun yen fisik Adam teh sanes mahluk kahiji di bumi alam (alam fisik) ieu teh. Ku kituna, tiasa wae fisik Adam teh nyangsang dina mahluk fisik primata anu dimaksad ku teori evolusi Darwin, tiasa oge nyangsang dina mahluk fisik anu dimaksad ku Harun Yahya (penentang teori evolusi). Janten kedahna mah henteu kedah lieur. Fisik Adam diciptakeun tina taneuh numutkeun Quran luyu sareng elmu nu kasungsi ku manusa wirehna mahluk hirup kawitna tina fisik materi (asam amino anu mangrupi bagian tina taneuh) anu aya di bumi alam. Qur,an luyu sareng elmu. Luyuna Quran sareng elmu kedahna langkung ngiatkeun iman urang. Amin. Kitu logika pribados mah, Salam, Asep.
Arya Kusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sampurasun dulur sadaya bade ngiring ngarewong we...ngiring ngaramekeun sareng ngalieurkeun milis, hehehe Guaran perkawis "Adam", aya hiji seratan, tesis ti salah sawios guru besar IAIN Jakarta (hapunten pisan hilap nami guru besarna, mung tesisna tiasa ditingal di perpustakaan IAIN, malih mah kantos di ulas ku majalah Tempo, kirang langkung 3 atanapi 4 taun kapengker). Dina tesisna disebatkeun yen Adam teh sanes manusa pertama didunia, tapi Khalifah pertama kanggo masyarakat di tatar Timur Tengah. Leres oge pendapat2 salah sawios dulur di milis ieu, elmu pengetahuan mah, anu ngaguar masalah asal-usul manusa, aya teori evolusi Darwin, teras aya deui revisi2na ti seu'eur para ahli. Nyebatkeun yen sagala rupi mahluk di bumi ieu teh hasil evolusi, menurut elmu pengetahuan mah, cenah anu dianggap cikal bakal mahluk hidup di bumi ieu teh Asam Amino, anu luruh murag ka taneuh hasil interaksi guntur/kilat waktos bumi ieu dilingkup ku gas Methanol, tina asam Amino saurna mah dimulai sagala rupi mahluk hidup ku evolusi, termasuk urang salaku manusa. Perkawis para baraya bade percanten kanu manana mah..mangga nyanggakeun..da eta mah sewang2an cag ah Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sanes, Asal usul jelema mah ti Gusti Allah. Bumi jeung taneuh, bentang jeung cahayana moal aya lamun teu diayakeun ku Gusti Allah. Upami proses wujud manusa ayeuna tiasa janten tina primata, janten mun kitu logikana atuh "Adam" teh henteu hiji. Cobi we upami teu percanten taroskeun ka urang kanekes. Salam lieur. --- In [email protected], Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > leres, heu heu heu > > > Ramdan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: taneuh nu ngabentuk manusa teh saripati na, sanes..? :-) > nah saripati taneuh ieu asal na tina beuteung bumi, leres..?! > heu heu heu... > > --------------------------------- > --------------------------------- Yahoo! Movies - Search movie info and celeb profiles and photos. [Non-text portions of this message have been removed] Asep --------------------------------- Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story. Play Sims Stories at Yahoo! Games. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
