Hatur nuhun disebat kasep kang, he he he
Leres kang, anu didugikeun ku pribados mah henteu pakait sareng hasil
penelitian ngeunaan asal usul jalmi anu ngepop kiwari (upamina wae panalitian
Lucy sabage karuhun manusa anu dibahas dina National Geographic sareng
sajabina); pribados utamina mah mung ngaanalisis teori fisika dikaitkeun sareng
ayat Quran anu nyebatkeun manusa diciptakeun tina taneuh sareng malaikat
(kalebet iblis) diciptakeun tina cahaya / seuneu.
Sapagodos sareng kang Maman, elmu manusa mah da sakedik pisan. Sanaos kitu,
ku elmu anu sakedik, upamina wae mung ku ngaanalisis teori fisika, urang tiasa
langkung kandel kaimanan kana Quran (albaqoroh ayat 2: dzalikal kitaabu la
roiba fiihi).
Ah ieu mah pamendak pribados, anu masih keneh kirang pisan pangaweruh dina
agama Islam. Masih seueur elmu anu kedah dipetik kalebet elmu ti kang Maman anu
sakitu jero filosofina, oge ti para wargi sanesna anu aya di ieu milis.
Salam Fisika deui,
Asep
Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kahatur
deui Kang Asep anu kasep. :)
Mungguhing jalmi, urang teh dikedahkeun iqro, sapagodos yen jalmi
diwangun ku fisik sareng roh (jiwa). Ari sifat roh, ghoib tapi aya
nyata karasa. Jasmani jelema mah mung cangkang. Pananglutikan
(penelitian) "ilmiah" mah teu aya sangkut paut sareng anu disebatkeun
ku Akang Asep, perkawis roh/jiwa. Asal hirup tangtunamah tinu hirup,
asal jasad tina unsur "bumi, cai, seuneu, jeung angin/udara". Sadaya
anu ngawujud eta disebat fisik/jasmani/materi atanapi makhluk.
Kumaha teknisna jul jol jalma kiwari, ieu nyangkut ka elmu teknis
anumana manusa mah ngan diberi elmu "sakeclak" tinu lautan tinta jeung
kalam kanyahona Gusti Alloh.
Ah sakitu heula anu kapihatur.
Salam fisika
:)
--- In [email protected], Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kahatur kang Maman, kang Arya Kusumah, sareng para wargi sanesna,
>
> Punten ah pribados ngawantunkeun ngadugikeun logika pribados
dumasar kana elmu Fisika anu parantos diatikkeun ku guru sareng dosen
belasan taun kapungkur.
>
> Numutkeun elmu agama, ari jalmi diwangun ku fisik sareng roh.
Hal-hal fisik, katingalina tiasa disusud ku logika manusa. Ari hal-hal
anu nyangkut roh mah goib, janten aya di luar kamampuan manusa kanggo
nyusudna.
>
> Kanggo hal-hal fisik, logika pribados ngeunaan fisik Adam sareng
mahluk sanesna mah kieu:
>
> Numutkeun elmu fisika, mung aya dua kaayaan wujud / fisik di alam,
anu kahiji nyaeta materi (anu karakteristikna gaduh massa), ari anu
kadua nyaeta enerji (anu karakteristikna gaduh gelombang), contona cahaya.
>
> Asam Amino, anu luruh murag ka taneuh hasil interaksi guntur/kilat
waktos bumi ieu dilingkup ku gas Methanol, anu dianggap sabage asal
usul mahluk hirup (kalebet Adam) saleresna mah pan lebet kana golongan
materi (bagian tina taneuh anu ngawangun bumi) anu disebatkeun ku Qur'an.
>
> Dina Qur'an disebatkeun yen fifik Adam diciptakeun tina fisik
taneuh (materi), sedengkeun malaikat kalebet iblis (malaikat anu
wangkelang ka Gusti Alloh) diciptakeun tina fisik cahaya / seuneu.
Janten anu dicarioskeun dina Qur'an teh luyu sareng elmu fisika.
>
> Fisik Adam diturunkeun ka alam fisik (dina hal ieu bumi alam) anu
parantos dihuni ku mahluk sanesna anu diciptakeun oge tina fisik
materi (sapertos tutuwuhan, sato, batu, sareng sajabina) sareng oge
gelombang (sapertos cahaya katut panasna). Janten di alam fisik mah
Adam teh sanes mahluk kahiji. Kumargi kitu Adam diajarkeun nami-nami
mahluk sanesna nu aya di alam fisik ieu ku Gusti Alloh ngalangkungan
Malaikat. Kacindekannana, Qur'an nyarioskeun yen fisik Adam teh sanes
mahluk kahiji di bumi alam (alam fisik) ieu teh.
>
> Ku kituna, tiasa wae fisik Adam teh nyangsang dina mahluk fisik
primata anu dimaksad ku teori evolusi Darwin, tiasa oge nyangsang dina
mahluk fisik anu dimaksad ku Harun Yahya (penentang teori evolusi).
>
> Janten kedahna mah henteu kedah lieur. Fisik Adam diciptakeun tina
taneuh numutkeun Qur'an luyu sareng elmu nu kasungsi ku manusa wirehna
mahluk hirup kawitna tina fisik materi (asam amino anu mangrupi bagian
tina taneuh) anu aya di bumi alam. Qur,an luyu sareng elmu. Luyuna
Qur'an sareng elmu kedahna langkung ngiatkeun iman urang. Amin.
>
> Kitu logika pribados mah,
>
> Salam,
> Asep.
>
Asep
---------------------------------
Got a little couch potato?
Check out fun summer activities for kids.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/