Dina Al Qur'an aya katerangan ayat pakait jeung runtuyan ayat-ayat kajadian
banjir jaman nabi Noh a.s anu unina ayat teh "wa faaro tannur" (poho deui
surah naon jeung ayat kasabaraha dina Al Qur'an, anu tangtu eta ayat aya
dina Al Qur'an). Hartina eta ayat sacara harfiah : jeung geus lalumpatan
(eusi) "tanur". Lamun dihartikeun ka anu leuwih pas kurang leuwih: jeung
mangsa tanur geus leber (B. Ind. meluap). Kata konci dina eta ayat anu
netelakeun tanda-tanda memeh datangna bajir teh taya lian ti kecap "tanur".

"Tanur" teh wadah persisna dina basa Indonesia mah naon anu disebut "tungku"
tea. Leuwih khusus deui tungku anu baradag anu sok dipake di pabrik-pabrik.
Sigana, pigunaan kecap "tanur" pikeun kecap barang "tungku" eta dicokot tina
basa Arab. Tapi, naha tanur anu dimaksud dina eta ayat ngeunaan banjir nabi
Noh a.s teh tanur jieunan manusa atawa tanur alam? Upama tanur alam, naon
anu dimaksud? Moal boa, lamun tafsiran tanur alam anu bener, anu dimaksud ku
eta ayat teh satemenna bisa dihartikeun sabangsaning dapur magma anu
ngagolak. Singgetna: gunungapi anu pada aktif nalika rek datang kajadian
banjir nabi Noh a.s. Wallohu'alam. Meureun, aktivitas banjir gede teh
dimimitian ku patingbeledugna gunung bitu, laju disusul ku tsunami terus
ditema ku hujan anu teu aya eureunna. Wallohu'alam deui wae. Sabab, bisa
jadi oge Nabi Noh a.s dipaparin iber (wahyu) yen lamun tungku-tungku anu
dieusian cai laju caina leber ngadadak eta tandana rek datang banjir
rongkah.

Cag heula.

manAR






On 9/4/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Ngiring mairan. Aya sababaraha tafsir kana perkara banjir di Jaman
> Nabi Enoh teh. Aya nu ngahubungkeun jeung enggeusanana JAMAN ES di
> dunya, nu ngakibatkeun es leyur, beungeut cai laut naek. Ngan tangtu
> we, ieu rada teu pati kaharti, sabab robahna iklim di Dunya, moal
> ngadadak, aya proses kana ratusan taunna.
>
> Nu kadua, kamungkinan kajadianana lokal, jadi di wewengkon Nabi Nuh
> wungkul. Bisa jadi wewengkon eta ngalaman tsunami(?) atawa curah
> hujan anu gede pisan. Kamungkinan kadua leuwih asup akal komo lamun
> ningali kanyataan yen carita banjir gede teh ngan dipikawanoh ku
> etnik-etnik nu mukim di wewengkon Timur-Tengah jeung sabudeureunana.
> Di etnik-etnik sejen nu jauh ti wewengkon eta, teu aya carita eta.
> Urang Indian di Amerika, urang Eksimo di Alaska, malah di Urang
> Sunda oge teu aya carita nu ngaharib-harib perkara banjir gede ieu.
> Lamun wae etnik-etnik ieu ngalaman luluhurna ngilu kana kapal Nabi
> Nuh, tangtu aya caritana, paling henteu ngaharib-harib.
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, kumincir
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Kang Ramdan, nyungkeun ditambihan ngeunaan dibasmina manusa jaman
> > nabi Enoh... Naha aya katerangan nu nyebatkeun yen mangsa banjir
> > harita teh sakabeh manusa bener2 punah iwal anu aya dina parahu
> > Kanjeng Nabi? Atawa eta
> > teh ukur 'berlaku' di lemburna Nabi Enoh?
>
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke