malah ningali kana ngaran anu ngirimna, make aya ngaran "daeng..." sagala,
sugan teh anu salah ngirim, nyasar kana ieu milis. da asana mah teu aya urang
sunda anu ngaran awalna make "daeng" mah (mun teu salah mah urang minang, atawa
urang bugis/makassar). tapi eta mah ketah baheula meureun, waktu si kuring keur
di lembur...duka ayeuna mah.
padahal, maksud si kuring, oge mungkin nu sejenna, ilubiung kana milis ieu teh,
puguh hayang ngarasakeun kanikmatan bahasa sunda samemeh inyana "punah" (cenah
teu mustahil bahasa daerah teh, upami tara dipake mah, bakal "punah")...
punten ka baraya sadayana, ngaku we si kuring ge, lantaran geus lila teuing
ngumbara di luar tatar sunda, sakapeung sok hese, poho deui, neangan kecap anu
merenah dina bahasa sunda teh. kulantaran kitu, upama manggihan kecap-kecap anu
teu merenah dana kalimat-kalimat si kuring, neda sih ageung tawakupna we...da
nyaeta keur "diajar" deui :-) ...
wilujeng shaum ka sadayana ummat islam anu ngalakonan.
anu nineung ti kaanggangan,
yosur
athens, ohio, a.s.
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kumaha nya cara nyadarkeun, para anggota milis ieu,
yen aya patokan/ugeran anu kedah "dipatuhi" dina
perkara ngirim milis.
Jiga kamari, aya nu ngirim artikel perkara Karajaan
Arab Saudi, kalayan teu aya panganteur naon-naon ti
anu ngirimkeun. Nya kitu oge surelek dihandap. Kuring
heunteu anti kana eusina, tapi satiasa-tiasa mah atuh
rada "tertib". Contona, kumaha lamun surelek di handap
teh ditangkodkeun wae di "attachement", kalayan aya
pangteur ti anu ngintun surelek, yen artikel teh sae,
atanapi penting pikeun urang sadaya kanggo bahan
renungan.
Seratan ti Bah Willy, salah sahiji conto nu sae,
nyundakeun artikel biografi salah sahiji bupati
bandung tina basa Indonesia. Janten kamaheran basa
Sunda urang 'diasah'. Maksakeun maneh ngaluarkeun
gagasan/pipikiran dina basa Sunda. eta anu janten
salah sahiji tujuan milis ieu.
Conto sanesna neng Agni Malagina, anu nyungkeun
bantuan dipangnyeratkeun kana basa Sunda,
artikel-artikelna (sok sanaos bari jeung "ngagawekeun"
kang Mumu, dosenna).
Kang Miih/kang Rafli ti Jababeka, baheula sok
migunakeun basa Indonesia. tapi ku dikeureuyeuh mah,
ayeuna ari ngintun surelek teh alhamdulillah rada
"nyunda".
Ku ngadisiplinkeun maneh, ngaluarkeun
gagasan/pipikiran dina basa Sunda, Insya allah
kamaheran basa Sunda urang janten lancar.
baktos,
mrachmatrawyani
--- daeng_martundong <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
---------------------------------
Don't let your dream ride pass you by. Make it a reality with Yahoo! Autos.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/