Punten bade ngiringan,
Dina bukuna, Kebangkitan Kembali Orang Sunda: Kasus Paguyuban Pasundan 1913
-1918, suwargina bapa Edi S. Ekajati nyerat Sanggeus runtagna Karajaan Sunda
(1579), urang Sunda sok ngalaman kahanjeluan sapanjang sajarahna. Saprak harita
urang Sunda ngarandapan katunggaraan alatan desekan sagala rupa pangaruh anu
silih ganti ti luar sacara fisik sarta budaya dina jangka waktu relatif singket
(kurang ti saabad). Alatan éta, kabudayaan Sunda anu saméméhna geus mapan,
ngalaman parobahan anu kateterusan; ku kituna wangun sarta eusina sok mindeng
robah. Sakitu kuatna desekan budaya luar éta, ku kituna sawatara unsur budaya
Sunda anu geus mapan (basa, aksara, sastra) kasisihkeun sarta saterusna
digantikeun wujud sarta kagunaannana ku unsur-unsur budaya anyar. Lahirna
Paguyuban Pasundan (1913) anu dimimitian ku hirupna deui basa jeung sastra
Sunda (saprak pertengahan abad ka-19), saolah-olah jadi tonggak sajarah
kabangkitan deui eksistensi sarta lalakon urang Sunda di tengah-tengah
lingkungan masarakatna sorangan sarta masarakat Hindia Belanda (Indonésia) anu
multi-etnis sarta multi-budaya. Saprak ti harita, urang Sunda sadar kana
eksistensina jeung posisina dina konteks masarakat bineka Indonésia.
Ku kituna, kacida gedena jasa Paguyuban Pasundan dina ngaronjatkeun deui
budaya Sunda anu ampir leungit.
Salasawios inohong anu ngawangun Paguyuban Pasundan nyaéta suwargina bapa
DAENG KANDURUAN ARDIWINATA. Anjeunna lahir di Bandung taun 1866, sarta gaduh
gen campuran Bugis (ti rama) sarta Sunda (ti ibu), sarta ngagaduhan latar
belakang pendidikan Sakola Guru (Kweekschool) di Bandung (1881-1884). Anjeunna
gaduh jasa janten panasehat para siswa STOVIA sarta masarakat Sunda di Jakarta,
nyayogikeun fasilitas tempat pasamoan sarta konseptor statuta (anggaran dasar?)
anu ngalahirkeun Paguyuban Pasundan. Anjeunna ogé janten Pupuhu Pangurus
Paguyuban Pasundan kadua sarta Anggota Kahormatan Paguyuban Pasundan.
Salam,
Asep
NB:
Daeng Soetigna oge panginten blasteran atanapi turunan urang Sunda blasteran
Bugis
Yojo Surjana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
malah ningali kana ngaran anu ngirimna, make aya ngaran "daeng..."
sagala, sugan teh anu salah ngirim, nyasar kana ieu milis. da asana mah teu aya
urang sunda anu ngaran awalna make "daeng" mah
Recent Activity
1
New Members
Visit Your Group
Search Ads
Get new customers.
List your web site
in Yahoo! Search.
Real Food Group
on Yahoo! Groups
What does real food
mean to you?
Moderator Central
Get answers to
your questions about
running Y! Groups.
.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/