Baraya Sunda di sampar jagat, wilujeng.  
Haturan Mang Ucup, hatur nuhun keresa rurumpaheun dilembur alam maya kisunda, 
mugia sing betah didieu. 
Harutan oge kanggo Kang Yan, Kang Engkus, Kang Ilen tos lami teu ka tinggal oge 
baraya sadaya. 

Perkawis Mang Ucup ngatosan ijin ti moderator milis anu bade ngadadarkeun anu 
pakuat pakait sareng OBE, kapungkur diieu milis katos katoel pekawis 'diajar 
paeh samemeh paeh' tapi teu dugi ka methode atanapi cara-carana na mah, manawi 
ka payun upami tos niti wanci anu mustari.
Baraya, saleresna OBE teh mangrupi hal anu universal, manawi ku margi sifatna 
anu eklusif janten ieu pangaweruh henteu ditemrakeun ka publik ku kolot-kolot 
urang. OBE oge aya dimana-mana di Sunda aya,  sakumaha anu didugikeu ku Kang 
Engkus atanapi anu kakaros disakuringeun urang sadiditeun, malih diurang mah 
aya anu disebat nga-hiyang tea minangka hambalan panungtung dina nyampurnakeun 
hirup anu saterusna asup ka alam kahirupan anu sampurna dina harti balik ka 
jinis. OBE oge aya dina supisme Islam, komo dina Tibetan sareng varian-na anu 
ayeuna tos sumebar di kulon langkung rasional sareng terbuka tanpa hambatan ti 
agama-agama formal anu aya. 

Mulang deui ka Mang Ucup anu nuju ngantosan ijin, prinsipna teu aya ijin-ijinan 
ti moderator margi upami yang hal-hal anu awon akibat tina posting hiji email 
tangtosna moal aya nau tiasa ngahalangan sing saha bae oge, di ieu milis mah 
langkung bebas hiji-hijina tukang sensor nyaeta kearifan masing-masing anggota. 
Kukituna ayeuna mah kumaha upami Mang Ucup ngadadarkeun heula manfa'at vs 
madorot ngalakonan OB, ulah wara ngabahas cara-cara teknis OB,  anggap bae loka 
karya OBE da geuning di urang mah (Indonesia) mah hoyong tiasa OBE teh kedah 
ngiring loka karya sababaraha level,  tangtosna meryogikeun waragad anu teu 
sakedik, mang juta-juta rupia. Kumaha baraya sadaya satuju? 

Aya deui Mang Ucup, kamari jaman revolusi taun 50-60-an pan di urang teh aya 
team OB, diantaranya aya anu ti Aceh, Padang, Sunda, Jawa jeung anu sejena sok 
karumpul dialam OB ceunah ayeuna tos alih generasi, Kumaha Mang Ucup sok pendak 
sareng eta team?  

der... ah! 

wassalam, 



  ----- Original Message ----- 
  From: SASTRANEGARA THARYANA 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, October 09, 2007 11:08 PM
  Subject: Re: AW: Balasan: [kisunda] Satu Detik setelah Loe Koit ! =>Aman


  Haturan baraya, kanggo kisunda, Kang Engkus, Mang Ucup
  tah geuning sapamadegan ti US yen Miraga Sukma kedah
  di pedar aya synonimna sareng elmu barat nu dikokojoan
  ku Sigmun F.
  Istilah Prabu Siliwangi tong susulumputan medarkeun
  pangaweruh nu aya di tatar sunda, eta jelas yen US
  sifatna terbuka, pengeweruh diargumentasikeun teu
  naon2.

  Agama nu ageung sa dunya diargumentasikeun jadi
  sensitive , nya etong di kaitkeun jeung agama nu
  sensitive. Ieu mah pengaweruh urang sunda wae urang
  boleklakeun keur urang sunda nu resep nimba
  pangaweruh. Lain urang sunda aya hurup sunda, bahasa
  sunda? Jeung igel2an budaya lokal? tah tidinya
  medarkeun kaelmuan make jati diri lokalna. Seunah
  urang sunda aya 45 juta ?

  Raga Sukma tingal wae lamun urang kulem, gugah deui
  heuteu?

  Hapunten kumawantun

  Rampes

  Kang Yana

  --- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  > Haturan Mang Ucup sareng kang Yana.
  > Sampursun,
  > Aya istilah lain keur elmu model eta teh. Ceuk
  > kolot-kolot kuring mah disebutna teh "Elmu Miraga
  > Sukma". Ngan teu sambarangan nyoba ieu kanyaho teh,
  > "cenah" kurang ati-ati mah bisa terus kapolosan,
  > alias
  > sukma teu bisa mulang deui kana ragana, nya perlaya
  > tea.
  > Tah ku alatan kitu dina nyoba eta elmu, "cenah" ceuk
  > lanceuk kuring nu pernah nyoba(da simkuring mah can
  > nyobaan)teu meunang sorangan kudu dibaturan ku kolot
  > nu ngarti soal ieu elmu pikeun ngajaga warugana bisi
  > aya nu ngeusian ku jurig nyiliwuri, jeung pikeun
  > ngontrol eta sukma nu ngalalana bisi aya kajadian nu
  > teu dipiharep.
  > 
  > Simkuring mah satuju bae pikeun dipedar ku Mang Ucup
  > di kisunda, dina sisi kaelmuanana, tiasa dijadikeun
  > bahan gunem catur nambahan wawasan.
  > 
  > Nuhun mang,
  > 
  > Rampes.
  > 
  Recent Activity
    a..  4New Members
  Visit Your Group 
  Y! Messenger
  Group get-together

  Host a free online

  conference on IM.

  New business?
  Get new customers.

  List your web site

  in Yahoo! Search.

  Yahoo! Groups
  Join a Health

  & Fitness Group

  or create your own.
  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke