Yayan Mulyana
  [EMAIL PROTECTED]
  http://yayanm.wordpress.com
   
Ti Baranangsiang Nepika Ciawi    Sore-sore geus nga sms ka babaturan,ceuk cenah 
mah satadina teh deuik mangkat ka Jatinangor teh bareng. Nya biasana ngudag 
subuh kaditu teh bari mangkatna ti Ciawi numpakan mobil nu jurusan ka tasik 
nyaeta  do’a ibu atawa budiman tea, jeung deui jam na ilaharna mah sok jam 11 
peutingan.
    Tapi geus sabab aya wagelan ti babaturan antukna mah dua’an weh mangkat teh 
jeung kang dudi, satadina mah kajeun weh dua’an ge urang mangkatna teh jam 
11-an tapi mun jam 3-an geus nepi ka cileunyi bisi culak cileuk jeung deui 
dua’an bisi aya nu ngarogahala.
      Nya antukna weh mangkat teh diundur jam sanggeus subuh, kusabab urang 
muru isuk-isuk geus aya di cileunyi teh. Sanggeus teu lila uing balik weh ka 
kostan heula sabab rada ngareureuhkeun kacape heula ngasms weh ka Ki Dudi urang 
mangkat sanggeus subuh bari naggoan di hareup kostan.

    Teu lila sanggeus duk sek sare, aya MC ti Ki Dudi ngahudangkeun uing, nya 
bari hudang teh rada beberes laju naggoan subuh, sanggeus subuh na dua’an 
mangkat bari naggoan angkot 01 jurusan Ciawi-Baranangsiang, teu kungsi lila 
geus aya nang nu numpakan na teh aya limaan supir jeung babaturanna dihareup 
jeung panumpang katut uing dua’an.

  Di tengah hareupeun puskesmas aya tilu pasangan lalaki jeung awewe, asup weh 
angkot teh bari ngomongna kamana karep jeung sungut-na teh rada bau jengkol 
jiga nu geus mabal,jeung ceuk aya bojong harewos mah maranehna teh geus eueut 
cai anu matak pimabaleun.
    Geus teu lila aya 5 menitan geus turun rombongan eta teh di jalan tajur, 
nya bau jengkol teh geus rada teu kaambeu. Tinggal weh opatan deui nu numpakan 
angkot teh. 
    Teu lila geus nepi ka ciawi bari turun nawur ongkos angkot teh, kasaprak 
mobil can aya nu jurusan ka tasik teh antukna weh naggoan keudeung bari 
ngahirup hawa tiis seger isuk-isuk kaayaan kota bogor nu can pinuh ku angkot 
tea, jeung kasaprak teh dihareup ngajagleug pasar ciawi nu anyar nu mana uing 
sorangan karek ningali.
    Cag Ach
   
  
       
---------------------------------
 Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke