Euh… Waktosna Riwayatna Pustaka jeung Dongéng Sunda Populér IEU mah kaayaan dina katompérnakeun taun 1960-an tepi ka kira awal taun 1980-an. Harita kungsi aya rupaning buku carita basa Sunda nu dipikaresep ku balaréa. Ku para ahli sastra mah moal boa disarebutna "buku bacaan populér" téa.
Harita Ordeu Soeharto keur meumeujeuhna buta tulang buta daging. Pulitik jeung kiritik disingkahan, ékonomi jeung pangwangunan diutamakeun. Balaréa resep dihibur ku rupaning dongéng, ti mimiti dongéng jawara tepi ka dongéng jurig. Ratusan Judul Réa rupana buku basa Sunda nu sok disebut bacaan populér téh. Nu aya di Perpustakaan Nasional Malaysia, upamana, leuwih ti 200 judul. Komo nu dikoléksi ku Rachmat Taufiq Hidayat di Bandung, aya 300 judul. "Ku taksiran, buku basa Sunda populér nu kantos medal téh aya 400-an judul mah," cék Rachmat, koléktor buku nu sapopoéna muka usaha pamedalan buku. Karedewil deuih. Sajudulna téh umumna puluhan jilid. Si Buntung Jago Tutugan (Tjaringin, 1969) yasana S. Sukandar, upamana, aya 40 jilid. Komo karangan S. Sukandar nu judulna Waliwis Bodas (Tjaringin, 1969) mah, moal boa pangkandelna: 45 jilid. Enya gé sajilidnya nyalempring, tapi ari puluh-puluh jilid kitu mah teu wudu kandel. Perbawa lalakon, tayohna. Nu dongéngna ramé mah, geus réngsé gé sok aya tuluyna. Upamana baé, lalakon Néng Élah (Saputra, 1968) beunang K. Sukarna, 7 jilid, diteruskeun ku lalakon Nur Élah ti pangarang éta kénéh, 15 jilid. Si Buntung Jago Tutugan gé kitu. Nu medalkeunana lain ukur hiji dua. Di Bandung waé aya kana 20-an kayaning Tjaringin, Saputra, Romanato, Anéka, jsté. Aya nu sosoranganan, parigel sagala dicabak, nya ngarang nya nyitak. S. Sukandar, contona, boga mesin citak sorangan, tur medalkeun buku unggal minggu. Aya deuih nu winangun lembaga cara taman bacaan atawa toko buku. Pangarangna atuh réa. Nu produktif ti antarana S. Sukandar, K. Sukarna, Éty S., jeung Wahyu Adam. Sok maraké sandiasma, malah aya nu leuwih ti hiji. Wahyu Adam apan Ki Masram téa. M.O. Suratman sandiasmana Koko, Entang S., jeung Adang D. Tayohna, keur meumeujeuhna ramé nu mésen karangan, tur kabéh kudu dicumponan. Ti kalangan sastrawan moyan gé aya nu kungsi ngarang carita populér. M.A. Salmun kapan ngarang Jaka Bandung. Dipidangkeunana kalawan nyambung dina koran Giwangkara. Kitu deui Olla S. Sumarnaputra. Ahmad Rustandi deuih, nu kiwari giat di Komisi Konstitusi, kungsi ngarang "Séri Anjar" kayaning lalakon Anjar Tepung jeung Rampog Geulis jsté. Tepi ka taun 1980-an mah gampang kénéh néanganana, réa beulieun, upamana di Toko Buku Puri, di Jl Déwi Sartika, atawa di kios-kios buku di Jl. Cikapundung, Bandung. Sajilidna Rp. 70,- Teu meuli gé aya kénéh taman bacaan harita mah, nu sok nyéwa-nyéwakeun buku carita modél kitu. Malah harita mah aya deuih nu sok nyéwa-nyéwakeun buku kana sapédah, nguriling. Sajilid, Rp. 5,- Nu matak kayungyun, ti antara nu ngarang, nu medalkeun, nu masarkeun, katut nu maca téh katémbongna aya tali silaturahmi nu mandiri. Teu jarang kapanggih dina jilid buku téh aya usulan ti nu maca, upamana, lir "surat pembaca" dina koran. Tepi ka katompérnakeun taun 1970-an mah pamedalan buku bacaan populér téh kasebut ramé. Béh dieu, katémbong nyirorot, babakuna tumali jeung ayana kawijakan pamaréntah nu ngeureunan subsidi keretas. Lain waé kualitas citakan jadi nyirorot, tapi produktivitas pamedalanana gé beuki dieu beuki suda. Dongéng Radio Rada béda ti buku-buku carita basa Sunda lianna, buku-buku nu kasebut bacaan populér mah teu ukur gumantung ka nu nyitak, teu ngan bisa ngandelkeun keretas. Kapan aya radio. Teu saeutik nu dibacakeun dina radio, kabandungan ku balaréa, ti puseur dayeuh parat tepi ka désa. Éstu jembar ambahanana. Matak waas ku gogorokgokanana. Jaman radio cawang téa, anténeuna ngacir, ari setrumna tina batu batré nu disusun manjang. Harita mah setasion télévisi can réa cara ayeuna. Radio téh éstu média massa nu populér pisan. Nu boga karék hiji dua, barudak tatangga reuteum milu ngadédéngékeun lalakon tina radio. Di Bandung mah radio nu sok midangkeun dongéng téh antarana Litasari, Fortune, Sangkuriang, Paksi, Garuda, Lidya, Ganésha, Volvo, jeung Émsa. Di Sumedang aya Duta, Jussan, jeung Sturada Sumedang. Ari di Garut aya Antarés, Sturada Garut, jeung Réx. Tacan di wewengkon lianna. Di Dahlia mah disebutna "Dongéng Énténg Pasosoré". Lalakon Nur Élah beunang K. Sukarna, nu populér kabina-bina, kungsi dibacakeun dina Radio Garuda taun 1974-1975. Taun 1980-an ieu lalakon dijomantarakeun deui ku jurudongéng séjén dina Radio Sangkuriang. Kitu deui Radio Litasari di Cilémbér, dina taun 1976-1977, ti jam 4 tepi ka jam 5 soré, midangkeun lalakon Sirod Jelema Goib beunang K. Sukarna. Tukang macakeunana aya Mang Engkos Koswara (Duta), Mang Jaya, Mang Bahar (Yusan), Mang Arman Wijaya, Mang Barna, Wa Képoh, Rachmat Dipradja, jlld. Ilaharna macakeun dongéng téh kalawan life, saharita. Kabéhdieunakeun sora narator direkam kana kasét, terus disetél di sawatara radio. Upama dibanding-banding, popularitas dongéng radio harita lir popularitas sinétron dina télévisi ayeuna. Harita mah geus prah mun nu daragang di pasar, sok ngadaréngékeun dongéng radio isuk-isuk. Atuh di lembur-lembur, ti wanci asar tepi ka sareupna, atawa peuting, balaréa resep ngabandungan dongéng radio. Keur nu ngarokolakeun widang industri, puguh wé popularitas dongéng radio téh jadi cukang jang dagang. Ti mimiti batu batré jeung kécap tepi ka ubar rieut, sok diiklankeun dina acara dongéng radio. Ti antara rupaning produk industri nu adverténsina sok nyelap kana dongéng radio téh aya batu batré ABC, Eveready, "kécap asli" Sari, ubar Mixadin, Puyer Bintang Tujuh, Pil Kita, Contrexin, Contrex, jeung Oscadon. Sakapeung iklan téh sok matak nyenghél. "Pesan sponsor" aya kalana nyelap dina omong-omongan nu baroga lalakon. Najan nu didongéngkeunana jaman bihari, tapi nu macakeun dongéng mah énténg wé nyelapkeun iklan kana dialog. Paribasa, "ku Contrexin geura rarieut mah." Teuing saha nu numpang ka saha. Naha iklan numpang kana dongéng, atawa dongéng nu numpang kana iklan. Silih mangpaatkeun wé meureun. Sapatu jeung Filem Nu pohara sohorna téh antarana lalakon Néng Élah jeung anakna, Nur Élah. Néng Élah téh budak pahatu. Bapana ngumbara ka Singapur. Budak téh dipihapékeun ka kulawarga Walanda, méméh Jepang ngajorag Indonésia. Ari éta kulawarga Walanda boga anak dua: lalaki jeung awéwé. Nu lalaki aya pikir kadua leutik ka Néng Élah. Ari Néng Élah bogoh ka Dén Rahmat. Néng Élah mimiti tepung jeung Dén Rahmat di pamoroan. Orokaya anak Walanda nu awéwé bogoheun ka Dén Rahmat deuih. Dina hiji poé, éta awéwé turunan Walanda téh ngajak Nur Élah ulin ka nu suni. Néng Élah disuntrungkeun ka walungan tepi ka kabawa palid. Néng Élah kapanggih ku hiji ajengan, terus diurus lir ka anak sorangan. Teu wudu Néng Élah laksana kapiduriat ka Dén Rahmat. Nya boga anak, ngaran Nur Élah. Dina hiji poé Nur Élah aya nu ngiwat—panjang lalakon deui waé, tangtuna gé. Ku sohor-sohorna lalakon Nur Élah, kungsi aya saémbara ahéng. Nu ngayakeunana pabrik sapatu di Bandung. Harita, taun 1970-an, sudagar nu boga pabrik ngajak balaréa pikeun pakuat-kuat ngangkat "sapatu Nur Élah". Balaréa tumplek, harayang meunang hadiah, sumawonna nu harayang lalajo mah. Pabuis, pasesedek, hésé hitut-hitut acan. Batan gumbira, kaayaan kalah kacow. Témbok rugrug, da puguh kasedekkeun ku jalma nu sakitu réana. Antukna, jul-jol pulisi. Sapatu téa puguh wé disita. Lalakon Si Rawing deuih nu ramé téh. Mimiti Tatang K.S. ngarang Si Rawing Jago ti Pakidulan, 20 jilid. Béh dieu Yat R. Ngarang Si Rawing deuih, dibacakeun ku Wa Képoh dina radio. Si Rawing téh lalakon jawara, nu keur leutikna pahatu lalis, terus ngalalana bari guguru ka nu sarakti. Puguh wé nyanghareupan musuh, antarana Komara Déwa Asmara. Tepi ka difilemkeun sagala lalakon Si Rawing mah, dina awal taun 1990-an. Nu boga lalakonna gé Barry Prima, aktor filem laga nu kakoncara. Teuing geus sabaraha kali dipintonkeun dina "layar tancep", utamana di pilemburan. Gambaran Kaayaan Upama nilik kana eusining caritana, buku-buku bacaan populér jeung dongéng radio téh aya sababaraha golongan. Aya nu ngadongéngkeun lalampahan jawara, boh lalaki boh awéwé, lir wanda carita superman katut superwoman dina komik. Lalakon Nur Élah, nu kasangna kota jaman kiwari, atawa Si Rawing, nu kasangna lembur jaman bihari, contona mah. Ilaharna, rupaning kasaktén napel pageuh kana carita nu kieu wandana. Aya deuih nu ngadongéngkeun jurig-perjurigan. Contona, dongéng Jurig Hulu nu dipidangkeun ku Radio Volvo dina taun 1980-an. Ieu horor nyaritakeun awéwé nu ditelasan ku kabogohna, alatan kakandungan. Korban dimutilasi, sirah jeung awakna papisah. Sirahna terus marakayangan, matak tagiwur sakur urang lembur. Sora angin ngagelebug nu paselang jeung sora ajag babaung, geus prah milu ngawangun suasana carita nu kieu wandana. Nu miang tina legénda, medar sasakala patempatan, aya deuih. Malah aya ogé nu dongéngna bisa disebut "dongéng sajarah", wanda fiksi meunang nimba tina pangalaman historis. Tacan golongan carita nu ngadongéngkeun bubuk leutikna kahirupan rumah tangga. Ilaharna, caritana museur dina hubungan ti antara salaki jeung pamajikan, ti antara lalaki jeung wanoja. Kitulah cara golongan télénovélla dina télévisi jaman ayeuna. Dihenteu-henteu gé, rupaning carita populér téh milu ngagambarkeun kaayaan masarakat di sabudereunana. Basana, upamana, basa lancaran baé, nu prah diparaké dina kahirupan sapopoé. "Tina judulna waé tos kasawang pakaitna sareng kaayaan masarakat. Cara lalakon Kapincut ku Bandar Buntut, apan medalna téh jaman nalo," cék Mamat B. Sasmita, nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda, di Bandung. Nalo téh lir togél kiwari. Sandékala Kiwari mah geus rada langka pangarang nu leukeun nyieun carita populér téh. Nu haat kénéh neruskeun ieu tradisi téh paling gé Aan Merdéka, pangarang jeung wartawan ti Bandung. Cara S. Sukandar baréto, Aan gé tawekal sorangan: ngarang carita (antarana Silalatu Gunung Salak jeung Pasukan Siluman Haji Perwatasari nu mangjilid-jilid), medalkeun buku sorangan bari masarkeunana sakalian. Keur nu kungsi ngalaman jaman jaya-jayana dongéng radio, karangan-karangan beunang Aan moal boa bisa mulangkeun panineungan. Tepi ka kiwari asa kadéngé baé suasanana téh. Dipirig ku kacapi suling, minangka sound track-na, dongéng radio téh sok dipungkas ku kekecapan narator: "Euh… waktosna". Dina kekecapan siga kitu, sasat nyamuni kahanjakal. Lalakon can anggeus, bet kudu dipungkas. Éstu matak panasaran. Tapi harita mah, enya jaman ramé-raména dongéng radio, aya kénéh dagoaneun, da isukna geus tangtu dituluykeun. Teu cara ayeuna, jaman télévisi keur jaya-jayana, pamedalan buku bacaan populér—pon kitu deui dongéng radio—sasat geus tepi kana mangsa sandékala. Kakurung ku waktu, tayohna. Nyéta, waktosna téa.***(Hawé Setiawan) url: http://cupumanik.com/manik/seratan/euh%e2%80%a6-waktosna/ PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
