Hapunten sateuacanna ka kang Asep Hadiyana, bilih aya dina surélék abdi nu
tipayun aya nu matak raheut manah.

Tah, panginten kang Adit tiasa ngaguar naon waé palanggeran anu tos aya téh?
Janten urang tiasa nuturkeun heula tina palanggeran nu tos aya ieu. Cenah
dina taun ieu bakal aya kongrés basa Sunda deui? Susuganan ngeunaan hal ieu
tiasa dibahas di dinya.

Aturan ngabentuk istilah + éjahan anu salami ieu dianggo ku pribadi. (Rumaos
teu acan diseminarkeun :-).
1. Sadaya abjad bahasa Indonésia ti a dugi z dianggo (sami sareng usulan
kang Adit). Ditambihan: eu sareng é.
2. Pami aya bandana, diutamakeun nganggo kecap-kecap anu parantos aya dina
kamus. Conto: pulitik, pulisi, palasipah.
3. Nganggo "pedoman pembentukan istilah" basa Indonésia
4. Nyerat 'e' dina istilah basa Indonésia anu sorana 'ae' ku hurup 'é'.
Conto: éntropi, étimologi.

Kamus basa Sunda anu kapendak di Toko Gramedia diantawisna:
* Satjadibrata, R."Kamus Basa Sunda" Citakan-1. Kiblat Buku Utama. 2005.
Bandung.
* Budi Rahayu Tamsyah, Drs. Spk. "Kamus Lengkep Sunda-Indonesia
Indonesia-Sunda Sunda-Sunda" Citakan-3. Pustaka Setia. 2003 Bandung.
* Tatang Sumarsono, "Kamus Populér Bergambar Sunda Indonesia" Citakan-1.
Kiblat Buku Utama. 2001. Bandung.

Salam,
Dian.

On 30/11/2007, A Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bawirasa, lamun lain bandana urang mah,,ulah sok aku-aku angga...kungsi maca
novel nu dijerona aya kecap "beubeuritan",,maksudna ngaganti kecap mouse
komputer. Kawanina perlu dipuji, sasat baheula kecap "sapatu " ge tina
zapatos, piyama tina pijamas, jrrd. nepi ka ditarima ku balarea. Harita mah
meureun eta pakecapan teh ngalemah, tanpa ayana aturan ieu aturan itu,
elastis, hirup.
Ayeuna, ku sabab hese neangan sasaruaan kecapna, ngarah teu katembong teuing
tuturut mundingna, nya dibedakeun fonemna, kawas baheula. karereaan loba nu
hayang nyundakeun sora saperti aktif jadi aktip, aktivasi jadi aktipasi,
metode jadi metodeu, jrrd. Ceuk kuring mah, sacerewelna we, jiga kecap-kecap
Alhamdulillah, bismillah, masjid, fitnah, qur'an da urang sunda ge bisaeun
nyebut f, q, v, x, atawa z.
Perkara palanggeranana, asana mah aya, ngan nu heubeul, can di up-grade...eh
up-grade sundana naon nya?

salam,
Adit
-


Cik nu mana nu leres:

komputer - kompiyuter
digital - dijital - dijitel
binér - binéri
statistik - statistika
mékanik - mekanika
pulisi - polisi - polis - pulis
politik - pulitik
aktip - aktif
aktipasi - aktivasi
tiori - téori

jrrd.

Dupi urang kagungan aturan pikeun ieu henteu nya? Susuganan anu ti sastra
Sunda tiasa ngabantosan? Dina basa Indonésia mah pan aya "Aturan Pembentukan
Istilah" sareng EYD.

Raraosan mah jadi siga di Malaysia lamun urang nyerat "polis", "dijitel",
"éksyen" téh .. he he.. :-)

Salam,
Dian.


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke