Henteu kedah nyuhunkeun dihapunten kang, kumargi da kang Dian mah henteu lepat. Pribados mah keuheul téh ku kanyataan henteu aya pustaka anu nungtun urang dina nyerat basa Sunda anu saé. Pangalaman waktos milarian buku tata basa Sunda di ITC Cibinong sareng di Plaza Cibubur, boro-boro kenging buku tata basa, henteu aya buku Sunda hiji-hiji acan. Ngeunaan kontribusi kana Wikipédia Sunda, salami ieu, tungtunan téh mung ti dua kamus, anu kahiji karangan Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk, anu kadua karangan Hardjadibrata (kamus Sunda Inggris). Kadang ningali ogé seratan kontributor sanésna kanggo dijantenkeun réferénsi. Memang dina wikipédia Sunda teu acan aya standar anu baku kanggo panulisan kecap-kecap nu tangtu. Contona, aya anu nyerat tiori aya anu nyerat téori; di awal-awal kantos sim kuring ogé nurutan nyerat tiori, tapi kadieunakeun henteu. Conto sanés, kang Mssetiadi nyerat gunung seuneuan, kang Kumincir nyerat gunung api. Henteu saragam. Abdi nurutan kang Mssetiadi waktos neraskeun seratan anjeunna da henteu wantun upami hupas-hapis mah bilih dibenduan ku kuncen siga dina wikipedia basa Inggris. Conto sanésna deui, sim kuring narjamahkeun kana basa Sunda kecap sebagai (bahasa Indonesia) janten salaku atanapi sabagé (kamus karya Budi Rahay Tamsyah, kaca 430). Pas nyerat dina artikel ngeunaan Analisis Fourier, sim kuring kaleresan nyerat sabagé, teras sadayana digentos ku kang Dian janten salaku. Padahal sabagé ogé kaci numutkeun Budi Rahayu Tamsyah mah. Janten henteu baku, numutkeun kang Dian henteu kenging nyerat sabage tapi numutkeun kamus kenging. Janten henteu acan aya aturan baku kanggo nyerat di wiki Sunda teh. Balukarna para kontributor nyerat ku gayana masing-masing (sareng misina masing-masing ogé jigana mah). Jigana aya saéna upami aya kaca husus dina wiki Sunda kanggo nungtun nyerat kecap anu baku. Henteu cekap diuningakeun di milis kumargi bilih aya kontributor wikipédia anu henteu janten anggota milis ieu. Salam, Aschev
----- Original Message ---- From: Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> To: [EMAIL PROTECTED] Cc: kisunda <[email protected]> Sent: Friday, November 30, 2007 2:08:16 PM Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] EYD Sunda vs. istilah basa kosta Hapunten sateuacanna ka kang Asep Hadiyana, bilih aya dina surélék abdi nu tipayun aya nu matak raheut manah. Tah, panginten kang Adit tiasa ngaguar naon waé palanggeran anu tos aya téh? Janten urang tiasa nuturkeun heula tina palanggeran nu tos aya ieu. Cenah dina taun ieu bakal aya kongrés basa Sunda deui? Susuganan ngeunaan hal ieu tiasa dibahas di dinya. Aturan ngabentuk istilah + éjahan anu salami ieu dianggo ku pribadi. (Rumaos teu acan diseminarkeun :-). 1. Sadaya abjad bahasa Indonésia ti a dugi z dianggo (sami sareng usulan kang Adit). Ditambihan: eu sareng é. 2. Pami aya bandana, diutamakeun nganggo kecap-kecap anu parantos aya dina kamus. Conto: pulitik, pulisi, palasipah. 3. Nganggo "pedoman pembentukan istilah" basa Indonésia 4. Nyerat 'e' dina istilah basa Indonésia anu sorana 'ae' ku hurup 'é'. Conto: éntropi, étimologi. Kamus basa Sunda anu kapendak di Toko Gramedia diantawisna: * Satjadibrata, R."Kamus Basa Sunda" Citakan-1. Kiblat Buku Utama. 2005. Bandung. * Budi Rahayu Tamsyah, Drs. Spk. "Kamus Lengkep Sunda-Indonesia Indonesia-Sunda Sunda-Sunda" Citakan-3. Pustaka Setia. 2003 Bandung. * Tatang Sumarsono, "Kamus Populér Bergambar Sunda Indonesia" Citakan-1. Kiblat Buku Utama. 2001. Bandung. Salam, Dian. On 30/11/2007, A Gunawan <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Bawirasa, lamun lain bandana urang mah,,ulah sok aku-aku angga...kungsi maca novel nu dijerona aya kecap "beubeuritan" ,,maksudna ngaganti kecap mouse komputer. Kawanina perlu dipuji, sasat baheula kecap "sapatu " ge tina zapatos, piyama tina pijamas, jrrd. nepi ka ditarima ku balarea. Harita mah meureun eta pakecapan teh ngalemah, tanpa ayana aturan ieu aturan itu, elastis, hirup. Ayeuna, ku sabab hese neangan sasaruaan kecapna, ngarah teu katembong teuing tuturut mundingna, nya dibedakeun fonemna, kawas baheula. karereaan loba nu hayang nyundakeun sora saperti aktif jadi aktip, aktivasi jadi aktipasi, metode jadi metodeu, jrrd. Ceuk kuring mah, sacerewelna we, jiga kecap-kecap Alhamdulillah, bismillah, masjid, fitnah, qur'an da urang sunda ge bisaeun nyebut f, q, v, x, atawa z. Perkara palanggeranana, asana mah aya, ngan nu heubeul, can di up-grade...eh up-grade sundana naon nya? salam, Adit - Cik nu mana nu leres: komputer - kompiyuter digital - dijital - dijitel binér - binéri statistik - statistika mékanik - mekanika pulisi - polisi - polis - pulis politik - pulitik aktip - aktif aktipasi - aktivasi tiori - téori jrrd. Dupi urang kagungan aturan pikeun ieu henteu nya? Susuganan anu ti sastra Sunda tiasa ngabantosan? Dina basa Indonésia mah pan aya "Aturan Pembentukan Istilah" sareng EYD. Raraosan mah jadi siga di Malaysia lamun urang nyerat "polis", "dijitel", "éksyen" téh .. he he.. :-) Salam, Dian. [Non-text portions of this message have been removed] ____________________________________________________________________________________ Get easy, one-click access to your favorites. Make Yahoo! your homepage. http://www.yahoo.com/r/hs [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
