Kitab Mujarobat 
   
  Teuing ti iraha mula kuring “kataji” ku kitab-kitab mujarobat. Ngahaja kecap 
“kataji” dina eta kalimah make tanda petik (poho deui, naon Basa Sunda-na 
“tanda petik”?). Maksudna: Lain pedah kuring ngarti atawa sok ngamalkeun naon 
nu aya di dinya. Tapi, eta bae ku asa araraheng eusina. Bari sagala aya. Ti 
mimiti do’a kawedukan nepi ka cara-cara solat istiharah atawa do’a ngubaran 
bisul. Kituna teh sok dibarengan ku isim, wafaq, atawa jimat tea. Karuhan, 
kumaha prak-prakan ngamalkeun eta do’a mah.
  Geus kitu, tipografi jeung desainna kawilang unik – rame jeung remen 
pabalatak teu puguh. Mun dina koran atawa majalah mah, circus lay out tea 
meureun. Jajauheun tina “clean” atawa “minimalis”, jilid buku-buku ieu remen 
diilustrasian ku gambar-gambar “ala Hidayah”: Aki-aki atawa lalaki make sorban, 
bari beungeutna jambrong ku kumis jeung jenggot. Diembohan ku parupuyan nu 
haseupna ngelun atawa...keris, nu “buburinyayan”. Pokona mah, mere kesan 
mistis. Wuwuhan “elmu wali” tea – meureun.
  Nu matak “helok” nepi ka kiwari: Lian ti loba pisan nu nulisna, bari eusina 
sakapeung tumpang tindih atawa sarua pisan, umumna do’a atawa amalan nu araya 
dina eta kitab-kitab teh teu jelas asal usulna. Saha nu mimiti ngamalkeunnana, 
kumaha bisa nepi ka nu nulisna. Mun tea mah meunang narjamahkeun, tina kitab 
naon, saha nu nulisna, jste, jste. Karuhan dibarungan ku dalil-dalil nu nyampak 
dina Qur’an atawa hadist mah. Paling disebutkeun, “amalan para wali” atawa 
“amalan orang-orang khowas”. Teu aneh, mun sawatara di antara do’a-do’a nu aya 
di dinya dipinuhan ku Basa Jawa. 
  Sanajan teu ngarti, teu weudeu kuring sok pirajinan ngumpulkeun eta 
kitab-kitab aheng teh. Wuwuhan, siga “buku-buku pinggiran” lianna, oge 
buku-buku agama umumna, hargana kaitung murah. Ongkoh, pola distribusi jeung 
marketingna ge pan kawilang unik: Lian ti toko-toko buku agama, kitab-kitab ieu 
teu arang digelarkeun di trotoar, di emper toko. Kaasup, di emper atawa buruan 
masigit. Boh tiap-tiap aya pangajian atawa mangsa jumaahan. Kituna teh, lain 
bae di masigit-masigit “ahlul sunah wal jamaah” atawa masigit-masigit 
“tradisional” siga masigit Kemang Bangka, Cilincing, Kwitang, Kampung Bandan, 
Marunda, atawa Luar Batang. Tapi,  buruan Al Azhar atawa masigit Mabes Polri ge 
teu arang kalentaban seuneu militansi tukang-tukang kitab eta. Malah, siga 
halna buku-buku populer lianna, sarupaning kamus atawa majalah TTS, eta 
kitab-kitab remen disodorkeun ka hareupeun irung – mun sakalina urang naek 
kareta ekonomi atawa beus. Kadieunakeun bae, nu dagangna leuwih nyakola: Lian ti
 dibuka ku “hutbah”, nu sakapeung nyerep kana jajantung, eta buku teh sok 
diteundeun dina lahunan urang, kaasup dina bangku kosong pisan – teu 
diasongkeun teuing kana tarang urang.
  Kukituna, taun 90-an awal, sanggeus meh tujuh taun kuring balik deui ka 
Jakarta, koleksi kitab mujarobat kuring aya kana belasna – mun lain puluhan ge. 
Siga ceuk tadi, kuring nganggap eta buku – paling heunteu saheulaanan -- lain 
salaku buku agama nu daria, nu ilmiah, nu jelas asal-usulna. Kuring leuwih 
nganggap salaku buku “sastra pinggiran” jeung – alatan wanda isim-isim nu aya 
di dinya -- “senirupa pinggiran” bae.  Legegna mah: Leuwih nganggap salaku teks 
antropologi manan teks elmu agama.
  Hanjakal, eta koleksi teh kaluli-luli. Sakumaha buku-buku kuring lianna, nu 
dikumpulkeun mangsa bujangan. Ongkoh, satadina, meuli buku teh siga “menak” : 
Bacaeun jaga. Mun geus “loba waktu”. (Atuh, pantes belet teh teu 
anggeus-anggeus. Da, batur mah geus nepi ka mana, ieu masih ngadeluk dina buku 
heubeul). 
  Inget-inget basa caah gede narekab Kampung Malayu (1996?), nepi ka Bukit Duri 
jeung Lapangan Roos ngilu kakeueum. Eta ge dibejaan ku nu katitipannana: Buku 
teh ancur kakeueum caah. Harita, rumasa boga imah jauh ti kota, buku-buku teh 
dititipkeun di hiji kolot, nini-nini urang Padang di Bukit Duri. Itung-itung 
manjangkeun silaturahmi. Kajeun teuing ucul duit saeutik, keur ngontrak kamar, 
sakalina perlu tinggal muru kadinya, sakalian nyumput tina kasibukan sapopoe – 
nu arang pisan kalakonan.
  Atuh, basa banjir gede ngeueum eta wewengkon, koleksi teh ngilu “palid”. 
Euweuh nu kapuluk hiji-hiji acan. Araduy, wuwuhan kakeueum aya samingguna. Aya 
kana dua petina. Ti mimiti Britanica, nu meunang hese cape ngiridit, nepi ka 
tarjamahan hadis Buchori-Muslim jeung tarjamahan sawatara tafsir.


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke