satuju, mening keneh di HEUP kang,..
langkung seueur bahasan nu penting terutama ngeunaan kasundaan,....
pami perkawis aa gym mah,... piarang ngadamel millis khusus 
weh ,hehehehe....
tapi abdi ge ateul kanggo ngarespon,... nu kahiji, si akang 
gymnastiar teh dulur urang2 oge,... mun urang boga sifat nyunda, 
pami aya nu teu sapendapat jeung pendapat pribadi, nya jadikeun weh 
atuh 'cermin' /kaca eunteung keur diri pribadi,.... jadikeun 
pelajaran berharga,.... nu pasti mah, mun urang bisa silih 
asih ,asuh, asah,... diri urang bisa jadi leuwih alus tibatan poe 
ayeuna,... eta geus cukup alus di mata Gusti,... 
urang2 saenyana rada nitip harepan ka kang gym teh,... malah di 
obrolan warung kopi,... kapungkur, rada nempatkeun si akang 
gymnastiar teh meureun si budak angon tea nya,..... jadi abdi ge sok 
ngadukung gerakan2 'nurani bangsa' na,.... minimal ngiring kegiatan 
lari pagi, meser produk buku sareng minuman cola produksi kang gym.

cigana kudu di siar deui budak angon nu disuratkeun dina wangsit 
siliwangi teh,.... atanapi meureun can waktuna,.... atanapi meureun 
istilah 'budak angon' teh kudu nyurup ka diri masing2 jelema,... 
artina, urang masing2 teh kudu bisa ngangon hawa nafsu masing2,... 
, 
minimal ngangon badan jeung hate ngalaksanakeun sholat nu 5 
waktu,... nu sakitu sederhana ge, ternyata hese pisan nya,.... 

nupasti mah,... dulur2 tong putus asa nungguan eta 'budak angon' 
teh,.... atawa tong aral nungguan cahaya ti sang prabu nu masih 
ngahiang,.... nu pasti mah, sunda teh alus, nya nu alus mah kudu 
tetep di jaga ku urang2 sanes??? kang haryoto kunto alm wae nu sanes 
katurunan darah sunda, nyumbang jasa ka kota bandung,... tah eta 
alus na sunda teh,... lain darah nu jadi patokan, tapi hate nu silih 
asah-asih -asuh, nu jadi bisa ngabentuk diri jadi kisunda nu sajati.

sok hayang ceurik kuring mah, ningali baju siliwangi ngan saukur 
dipake nyingsieunan , ngan dipake seragam ngamankeun parkir, ngan 
dipake gerakan demo keur ngusung kapentingan partai atanapi calon 
pajabat...

siliwangi ngan dijadikeun alat 'senjata',.. maung teh ngan di ala 
jahat jeung kakuatan cakar jeung galakna,...

tapi sakali deui,... tong putus asa, tong aral,... masih seueur 
kisunda nu ngajaga sunda, ku kekuatan konsep, 'kearifan diri', masih 
seueur pendekar sunda nu siap kaluar getih, keur ngajaga kawibawaan 
sikap jeung harga diri. masih seueur remaja, barudak nu siap narima 
wangsit sunda keur dijaga keur waktu nu dek dijalankeun di masa 
kahareup.
nu penting mah, kisunda,... tong seueur pasea atuh,... geus 
karolot,... kudu leuwih di seueurkeun senyum, seuri nu ngeunah 
katingalina,... meh generasi muda teh betah ningali araranjeun,... 

nu penting mah,... sunda teh masih alus,...
kudu tetep dijaga meh tetep alus

hurip sunda!
=ku jang roche=



--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Tina bewara acara tipi, jadi nganiley Aa Gym. Tina nganiley Aa 
Gym, jadi
> nganiley Kang Sunardhie.
> 
> HEUP! Peun, tos bae dugi ka dieu... Teu kedah papanjangan deui.
> 
> Mun bade, pek bahas inti masalahna, ari parurun mah. Tapi awas, 
teu meunang
> make emosi, teu meunang make silih tuduh, utamakeun argumen katut 
dalilna,
> jeung --- nu teu eleh penting --- kudu make basa Sunda. Mun 
henteu, yeuh
> bedog... :D
> 
> sikandar
> Kuncen #...
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke