Mun tea mah isu PAD ieu bagian tina pengembangan SDM lokal, SDM asli daerah, 
atawa bagian tina ngembangkeun kabudayaan daerah dina hartos jembar, tangtos 
sim kuring sanes teu panuju SDM lokal kedah maju, nu dina hal ieu tandang 
mingpin daerahna sorangan. Tapi, sinisme jeung suudzon sim kuring: Alatan ieu 
isu remen dipake panyumputan, akon-akon, atawa ngingkahan pasoalan-pasoalan nu 
leuwih subtantif, kongkrit, atawa mendesak pisan: Ngaraharjakeun kahirupan 
jalma loba, nu satemenna janten udagan ideal pemilu, pamarentahan, politik, 
partai, ormas, sakola, internet, jeung kabudayaan umumna. Tegesna mah kawajiban 
hirup urang. Bagian tina “titipan” atawa “khalifatul lil ardhi” pisan.
   
  Hartosna, manan ngagegedekeun isu PAD nu bisa nyasabkeun eta, ku naon urang 
teu ngabiasakeun nyodorkeun isu-isu nu pakait jeung pasoalan nu leuwih penting: 
   
  Kumaha merangan korupsi? Kumaha nanjeurkeun hukum? Ngahangkeutkeun kualitas 
pendidikan? Ngahangkeutkeun kahirupan kasenian daerah? Ngawangun industri 
wisata nu ramah lingkungan jeung mela kapentingan jalma leutik? Merangan 
pangangguran? Narkoba? Ngajaga lingkungan? Nyegah banjir? Ngomean jalan ka 
Cilamaya? Ngawangun Pusakanagara? Ngatur tata ruang nu lugina? Ningkatkeun 
kualitas TKI sareng TKW, supados ulah ukur jadi purah babantu wungkul bari 
balik ka lembur ukur mawa duit tapi teu mawa mental nu anyar? Muka jaringan 
warnet di desa-desa, paling heunteu di ibukota kacamatan? Nyebarkeun virus 
kasenian jeung lamunan ngeunaan “otonomi individu”, ambeh urang teu ringrang 
jadi galudra nu hiber sosorangan bari siap jadi monyet nu ngahargaan monyet 
lianna? Narik Aa Gym supados kersa muka pasantren di daerah urang, nu engke 
bakal mere dampak moral jeung ekonomi ka wewengkon (masarakat) urang? 
Ngahudangkeun rasa kadaerahan nu jembar jeung positif, nu teu leupas tina 
ajen-ajen
 kamanusaan jeung agama? Ngayakinkeun masarakat yen ayana pamarentah teh, ti 
mimiti Bupati nepi ka RT, keur ngaraharjakeun kahirupan maranehna – lain 
sabalikna?
   
  Ngayakinkeun Tata atawa Bajaj, atawa ukur Menteri Keuangan jeung Menteri 
BUMN, yen Perkasa lain bae bisa mere kontribusi kongkrit ka urang Subang, tapi 
masih reliable salaku entitas bisnis? Ngayakinkeun Daewo sangkan muka pabrik 
mobil di Pantura, bari karasa mangpaatna keur urang dinya? Ngayakinkeun Pa 
Ciputra sangkan muka sakola internasional di Cisalak, bari ngajaga situ-situ nu 
ngajepat ti dinya parat ka kulonkeun, ka Tambakan ka Batukapur? Ngumaha Pa Erry 
atawa Teten Masduki sangkan kersa maparin motivasi sareng negeskeun yen urang 
bisa hirup walagri bari teu kudu korupsi -- nuhun-nuhun mantuan nyiptakeun 
sistem akuntansi sareng sistem anggaran pamarentahan nu teges-teges teu mere 
lolongkrang korupsi? Nyegat urang Jakarta nu bade week end ka Bandung atawa ka 
Jawa, sangkan daraek meuting heula di Subang, boh di palih Pantura boh di 
Cipeundeuy pisan, sapeuting bae mah – bari lain alatan urusan esek-esek wungkul 
karulemna teh? Ngulem jalmi-jalmi pinter tur nyongcolang nu
 ngawulang di Bandung, sangkan kersa maparin kuliah di paguron-paguron luhur nu 
ngajajar di Pantura? Paling heunteu mangrupi kuliah umum, sasasih sakali bae 
mah?
   
  Ngayakinkeun Raam Punjabi atanapi ukur Erwin Arnada atanapi Ria Irawan pisan 
yen Subang teu eleh ku Sukabumi dina potensi industri film/sinetron, boh alamna 
boh artis atawa SDMna? Mamerkeun produk-produk unggulan Subang di Singapura 
atawa Shanghai? Ngayakinkeun urang Kanada, yen urang Ciasem leuwih alus gawena 
manan urang Meksiko atawa Eropa Timur? Ngabiayaan barudak nu palinter sangkan 
ngaralap elmu di sakola-sakola anu kawentar sae, boh di India, Cina, Eropa, 
Timur Tengah, atawa Amerika? Ngayakinkeun tokoh-tokoh nasional, regional, 
atanapi internasional pisan, ti awitan M.Yunus dugi ka Yudi Latief atanapi MS 
Hidayat sareng Ibih Tg Hasan, pikeun pidato kabudayaan di Subang – salaku city 
branding atawa image building bari maparin kabanggaan sareng motivasi ka urang 
Subang sorangan? Sjte, sjte.
   
  Keur sim kuring, isu Ngaraharjakeun Kahirupan Jalma Loba langkung relevan 
manan isu Kepala Daerah “kudu” Putera Asli Daerah. Cohagna, keur sakuringeun, 
langkung sae dipingpin ku urang luar tapi ngaraharjakeun, manan ku putera 
daerah tapi ngadoreksakeun. Sanaos, tangtosna, langkung afdol mun nu mingpin 
teh Putera Asli Daerah nu oge ngagaduhan niat sareng kapercekaan dina 
Ngaraharjakeun Kahirupan Jalma Loba. Eta nu dipilari. Ceuk barudak Jakarta tea 
mah: Itu mah gue bangets!
   
  Pondokna: PAD teh ukur jeda, teu acan parat. Aya terasna, nu langkung 
penting: Paniatan jeung kapercekaan. Pamungkas atawa udagannana: Karaharjaan 
balarea. Sanes ukur eureun dina PAD. Peun.
   
  Salemba Tengah, 6 Juni 2007 


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke