Sampurasun
Punten kang singkuring ngiringan komentar :
Wah satuju pisan kang, simkuring pribadi ge ari maca carpon basa sunda teh
kadang sok pabalieut jeung teu ngarti. Terutama dina "kosa-kata" na (kosa-kata
bahasa sunda na naon ?)
Jeung upami ngalibatkeun barudak sakola nu tingkat smp sma da biasana basa
indung teh leungit di umur sakieu (termasuk simkuring) ari nuju SD mah lumayan
lancar. Da pas SMP jeung SMA teu aya pelajaran basa Sunda.
Sampurasun
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Baraya sajagat
maya, dina raraga mapag poe "basa indung", urang nyieun
pasanggiri maca carpon basa Sunda yu!
Kumaha carana? Carana urang make sumanegt, ti urang, ku urang, keur balarea.
Kieu geura: Ieu rencana teh saenyana geus rada lila dipikiran.
Panungtung, bulan tukang, menta tulung ka Teh Roro, menta
pangnyadiakeun transkripsi carpon basa Sunda. Duka tos nepi kamana
tah. Sugan we dikeureuyeuh.
Ieu pasanggiri, urang jieun khas model Kusnet. Carana kieu: Pamilon
milih hiji carpon nu geus disadiakeun samemehna. Terus pamilon
ngarekam bacaanana kana format digital (contona: mp3). Hasil rekaman
kirimkeun ka tukang ngumpulkeun atawa upload ka situs pribadi
masing-masing, terus bejaan ka tukang ngumpulkeun, dimana eta file
disimpenna.
Kumaha cara nganilaina? Jigana kriteriana tong rumit teuing, ukuranana
cukup ku ngeunah jeung merenah didengena. Saha nu nganilaina?
Nganilaina, ngarah demokratis jeung haratis, urang nilai we ku
sarerea, make pooling online. Meureun perlu sababaraha tahapan proses
nganilaina, bisa jadi aya sababaraha hambalan.
Naon hadiahna? Hadiahna engke we urang dongengkeun deui. Sugan we aya
donatur nu haat nyadiakeun hadiah, atawa aya lembaga nu daek ngaleler
hadiah.
salam,
mh
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/