Kayungyun Mh, basana oge: "Urang nyieun...yu!", tandana ngajak ka
sarerea. Seja rumojong lahir batin.
Aya tawarkeuneun ti si kuring manawi bahan katampi, eta keur hadiah
tea. Seja nambahan, ngan ti kuring mah hadiahna lain mangrupa duit
tapi buku. Naha kira-kirana kaaku? Naros soteh pedah wae bukuna masih
dina basa Indonesia.
Bukuna anu seja ditawarkeun keur hadiah teh nyaeta buku
ngeunaan "Bencana Gempabumi jeung Tsunami" pedalan kantor kuring keur
bacaeun murid ti mimiti tingkat TK nepi ka SMA + bacaeun umum (jadi
sapaket aya 6 buku). Insya Alloh kuring sanggup nyadiakeun eta buku
keur hadiah pikeun anu meunang dina lomba Kusnet anu diideuan ku Mh
ieu. Pami katampi sareng cios, wartosan wae ti kaangganganana, si
kudu nyadiakeun sabaraha paket eta buku keur hadiah. Hatur nuhun.
baktosna,
manAR
On Jan 8, 2008 3:29 PM, Taufik Fauqa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
>
> Sampurasun
>
>
> Punten kang singkuring ngiringan komentar :
>
> Wah satuju pisan kang, simkuring pribadi ge ari maca carpon basa sunda teh
> kadang sok pabalieut jeung teu ngarti. Terutama dina "kosa-kata" na
> (kosa-kata bahasa sunda na naon ?)
> Jeung upami ngalibatkeun barudak sakola nu tingkat smp sma da biasana basa
> indung teh leungit di umur sakieu (termasuk simkuring) ari nuju SD mah
> lumayan lancar. Da pas SMP jeung SMA teu aya pelajaran basa Sunda.
>
> Sampurasun
>
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Baraya sajagat maya, dina raraga mapag
> poe "basa indung", urang nyieun
>
> pasanggiri maca carpon basa Sunda yu!
>
> Kumaha carana? Carana urang make sumanegt, ti urang, ku urang, keur balarea.
>
> Kieu geura: Ieu rencana teh saenyana geus rada lila dipikiran.
> Panungtung, bulan tukang, menta tulung ka Teh Roro, menta
> pangnyadiakeun transkripsi carpon basa Sunda. Duka tos nepi kamana
> tah. Sugan we dikeureuyeuh.
>
> Ieu pasanggiri, urang jieun khas model Kusnet. Carana kieu: Pamilon
> milih hiji carpon nu geus disadiakeun samemehna. Terus pamilon
> ngarekam bacaanana kana format digital (contona: mp3). Hasil rekaman
> kirimkeun ka tukang ngumpulkeun atawa upload ka situs pribadi
> masing-masing, terus bejaan ka tukang ngumpulkeun, dimana eta file
> disimpenna.
>
> Kumaha cara nganilaina? Jigana kriteriana tong rumit teuing, ukuranana
> cukup ku ngeunah jeung merenah didengena. Saha nu nganilaina?
> Nganilaina, ngarah demokratis jeung haratis, urang nilai we ku
> sarerea, make pooling online. Meureun perlu sababaraha tahapan proses
> nganilaina, bisa jadi aya sababaraha hambalan.
>
> Naon hadiahna? Hadiahna engke we urang dongengkeun deui. Sugan we aya
> donatur nu haat nyadiakeun hadiah, atawa aya lembaga nu daek ngaleler
> hadiah.
>
> salam,
> mh
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/