heuheuy deuh Si Ambu, paingan atuh ari bucat bisul mah mani ear sajagat, 
genjleng sadunya eta bae emailna mani murudul sadidinten mung maca email Ambu 
bae ieu teh, teu pogot kumaha atuh aya dadaran sajarah ti ahlina sinareng 
seueur anu "masih seger" 

Aya info kanggo Ambu, manawi sanes ngabejaan bulu tuur waktos sim kuring 
ngumbara di Banyumas sok pirajeuneun luha-loho ka pasisian diantawisna kapagih 
sareng hiji "prasasti/ batutulis" di desa Cipaku, Kabupaten Purbalingga. Ieu 
Batu tulis teh asana mah teu acan ka-expose dina buku sajarah, aksarana mah 
upami teu lepat langkung caket ka aksara palawa. Teras, wewengkon Jateng belah 
kulon tiasa janten jembatan atanapi agen sunda kanggo 'mentralisir'' dominasi 
urang wetan margi pangemut sim kuring wewengkon ieu teh kapungkur mah kawengku 
ku karajaan-kerajaan sunda (Galuh), ngalihkeun mazhab/kibat ka wetan teh kirang 
langkung jaman "pangungsi" ti majapait eta ge henteu otomatis margi aya proses 
2 dugi ka 3 generasi, nembe tahu 1550-an nalika jaman kerajaan pajang (Jaka 
Tingkit) nanjeu sok sanjan mung saukur saentragan. Di wewengkon banyumas 
utamina palih kulonen kali serayu mah seueur buktos anu netelakeun yen eta 
pilemburan kapungkuna ngagem buyada sunda. Janten urang upami bade nyukcruk 
galur kerajaan Galuh ulah kawates ku wates administratif pamarentahaan 
republik. Cipamali ge sirahna mah diwewekon Brebes palih kidul tangtos lebet ka 
prov Jateng padahal dina sajarah sunda cipamali teh walungan anu "monumental" 
muarana mah leres di laut jawa. Puser Karajaan Galuh dina jaman Ciungwanara 
boa-boa moal tebih ti eta walungan hartosna puser dayeuhna teu acan tangtos di 
wewengkon ciamis ayeuna margi eta wulungan bahe ka kaler, sedengkeun wewengkon 
Ciamis ayana kiduleun 'lereng' gunung-gunung anu aya di eta wewengkon. 

Punten Ambu sim kuring mah sanes mamatahan ngojay ka meuri, sanes oge nguyahan 
laut kidul. 
Tapi perkawis batulis mah estuning leres ayana, sim kuring paratos ngadongkapan 
eta patilasan lumayan aya anu ngarawat dipager sareng ditiungan. Upami peryogi 
informasi lokasi sareng kontak person (kuncen) mangga ku sim kuring tiasa 
dibantos. Jiga na kapungkur jaman Galuh, ieu wewengkon mangrupi jalur utama ka 
Dataran Tinggi Dieng anu seur tempat resi sareng candi, ti Dieng nembe ka 
Mataram buhun da ti dieu mah caket ayeuna ge aya jalan ti 
Wonosobo-Salaman(Magelang) - Borobudur - jeung sajabina. 

Cag ah. 
wassalam
dudi_ss



[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke