> From: "richadiana kartakusuma" <[EMAIL PROTECTED]>
> GALUH pangbuhuna ?  PASTI, TEGES FAKTA di CIAMIS....ngan ibukota na ulah 
> alih, batas karajaan GALUH henteu
> patali sareng batas geografis ayeuna tapi karajaan...sarengana deuih jaman 
> Galuh ti Senna keneh (ramana sANJAYA
> Sanjaya) memang ngawasa Jawa TEngah, Jawa Timur.....Sumatra sareng Asia 
> Tenggara Daratan...........eta ABSTRAK teu > dibaca sakitu dikeukeuweuk na 
> hambalan...........istuning..

Duka dina buku naon, kuring kungsi maca, cenah BAGELEN hiji tempat di 
Purworejo Jawa tengah, asalna tina kecap PAGALIHAN--> PAGALUHAN--> tempatna 
urang Galuh. Leres kitu Ambu? Jadi panginten baheula mah Jawa Tengah teh 
asup ka Galuh.

Ngan perkawis Galuh ngawasa Sumatera jeung Asia Tenggara Daratan, kumaha 
hubunganana sareng Sriwijaya, Ambu? Naha Galuh teh identik sareng Sriwijaya? 
Naha leres puseur Sriwijaya teh di Palembang (atawa Jambi), boa-boa di 
Ciamis, upami kakawasaan Galuh sapertos Sriwijaya.

Kapungkur kuring kantos ningali saliwatan hiji peta, di Musieum nasional 
Thailand di Bangkok, nu nunjukkeun di Thailand kungsi aya karajaan gede nu 
kakawasaanana tepi ka Sumatera jeung sabagean Jawa."Peta aneh" da dina 
sajarah di urang mah teu kungsi dicaritakeun aya karajaan di Thailand kungsi 
ngawasa Sumatera jeung Jawa. Kuring boga sangkaan boa-boa nu dimaksud 
karajaan dina eta peta teh, karajaaan Sriwijaya. Ngan urang Thailand 
ngaklaim, puseur karajaan Sriwijaya teh sanes di Sumatera, tapi di nagarana. 
Panginten Ambu langkung terang masalah ieu.

Jadi, sigana mah leres, baheula teh aya karajaan gede nu ngawasa jawa, 
sumatera jeung sabagean Asia Daratan, ngan masalahna dimana puseurna? di 
Sumatera, di Thailand ....atawa di Galuh/ Ciamis, da geuning jadi paaku-aku 
kieu?

Punten, cerewed .....maklum sanes "tukang sajarah", ngan resep we ari 
ngobrolkeun sajarah teh ......

Baktos,
WALUYA



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke