ambu, wiltep deui :) biasa we bade ngarewong heuheu
kieu ambu, waktu kamari-kamari aya paguneman di milis sunda sejenna
(barayasunda). ngeunaan para pamingpin sunda awewe... tah kabeneran nu
dicontokeun teh diantarana dua pamingping sumedang ieu, nay mas patuakan
jeung ratu pucuk umun. ngan dina paguneman eta mentog dina ngaran wungkul.
teu bisa neruskeun ngagunemcatur kumaha ketak eta dua istri mangsa ngawasa
kakawasaan sumedang... tah tah meungpeung ambu nyabit-nyabit, sugan tiasa
merelekeun kumaha ketak eta dua istri? sareng naha pucuk umun mah
ditempatkeun tukangeun ngaran salakina? teu cara nay mas patuakan nu aya di
payuneun salaki?

nambih dua deui nya ambu. ieu mah ngeunana gelar. nu kahiji gelar 'mas'. si
kuring pernah ngadangu cenah gelar ieu teh impor ti wetan, ti mataram jaman
islam. geuning nay mas patuakan geus ngangge? eh enya ketang, nu kakuping
salila ieu mah nu digelaran mas jawa mah lalaki. contona mas a. salmun tea.
naha aya hubunganna sareng jenis kelamin kitu? maksad teh mas nu dipake ku
awewe mah memang geus ti baheula dipake, sedeng nu dilarapkeun ka lalaki mah
memang hasil impor ti mataram?

nu kadua. ngeunaan gelar prabu geusan ulun. kuring kungsi maca... opat
kandaga lante pajajaran nu mawa makuta binokasih ka sumedang, cenah kungsi
sasanggem... maranehna lain wae ukur rek masrahkeun makuta tapi bari jeung
geusan ulun kumawula ka prabu sumedang. tah nu jadi patarosan, naha gelar
'geusan ulun' ka angkawijaya teh nerap sanggeus opat kandaga lante datang ka
sumedang atawa memang gelar eta teh tos dipake samemehna?

halah seueur nya ambu. mugya kersa direrewong :)

d
budang baong :)

On Thu, Feb 7, 2008 at 10:00 AM, richadiana kartakusuma <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Sintawati x Batara Sakawayana x Mayangsari
> (Nay Mas Patuakan) (Sn.Corenda)
> Ü Ü
> Pang. Santri x Satyasih Rangga Mantri x Wulansari
> (Pucuk Umun)
> u u
> Angkawijaya Sn. Wanaperih
> (Geusan Ulun)
>



-- 
d-:
~karék cénah~


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke