Tah, Dang Dut baca heula nu ti Kang Oman
Tah nyeta si kuring ge curiga kadinya..sapagodos atuh, lengkepna 

BINOKASIH
Makuta Binokasih Sanghiyang Pake..didamel ku Hiyang Bunisora Suradipati (rayina 
Prebu Maharaja) raja Kawali nu ngawakilan Wastukancana saatos ramana (nyaeta 
Prebu aharaja) gugur di Palagan Bubat, ke...ieu teh deui taya anu ngabetrik 
Kupas Tuntas "Sandyakalaning BuBat" nu tayang di Trans 7 === kamarana wae...ari 
memeh prung gur ger..ari ayeuna jempe.. kunaheun)
 
Makuta ieu nu ngarartan Ciamis ka Sumedang teh 
ayeuna disimpen di Museum Sri Baduga - Bandung, tah ngan duplikatna  di Museum  
Geusan Ulun Sumedang. Makuta berlapis emas, wangunan nurutan makuta Batara 
Indra (pawayangan), Na kunaon bet aya di Sumedang?

Nya ti Jaman Sri  Baduga Maharajadhiraja Sri ang Ratu Dewata alias   Jayadewata 
alias Raden Manah Rarasan (teuing ku kasep, jangkung ngalempereng koneng). 
Mantena nikah ka Kentring Manik (Mayangsari) putra Prabu Susuk Tunggal (nu 
ngageugeuh di Pakwan Sunda) , ti harita nya Kawali (Galuh) sareng Pakuwuan 
(pakwan=istana)  Sunda ngahiji ke dalam satu panji kakuasaan menjadi Pakuwuan 
nu ngajajar ti Wetan ka Kulon. Tatapi mantena linggihna di Sunda Pajajaran, nya 
sagalarupina diboyong katut makuta Binokasih Sanghiyang Pake (da eta janten 
hakna  nu mutlak ti eyangna  langsung  "Wastukancana").
Basa Islam/Selam (Maulana Yusuf) ti Banten ngagempur Pajajaran nitipkeun heula  
barang sareng 5 kandaga Lante, teras gabung ka Sumedang Larang nya ti harita 
janten milik Geusan Ulun sabondoroyot...tetapi baru sejak Pangeran Sugih makuta 
ieu dianggo janten makuta hias sirah panganten yang mengaku dirinya keturunan 
Sumedang.

Padahal mah Makuta Binokasih Sang Hiyang Pake teh saleres-leresna ti 
(Galuh-)Kawali 

Geusan Ulun- Nay Mas Patuakan -  Pucuk Umun
Nay Mas Patuakan = Sintawati (putraTirtakusuma/Sn.Tuakan) nikah ka Batara 
Sakawayana = Sn Corenda (putrana Ajar Kutamangu ti caroge kadua Simbar kancana 
ratu TalagaManggung) puputra Satyasih (Pucuk Umun) nikah ka Pangeran Santri 
puputra Angkawijaya (Geusan Ulun). Apanan katingali panginten naon margina 
duana tokoh istri eta gaduh ketak (neunggeul Dang-Dud...) cikan sok 
analisa...ngke mun can kahartos naroskeun

AMBU

       

dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               hihi 
ambu... kaleresanna teh deuih tuang indung (halah haha) keur kuring
 leutik teh galak pisan. cek babasan mah sasapu tinggaleun keusik sasiki ge
 gantawang nyarekan, kukumbah hinyay keneh curuk kuat ka melenting ngarah ka
 cepil... tapi geuning dikitukeun teh lain deukeut ka bapa... kalah ka terus
 ngingintil nu jadi indung hihi. curhat kabogoh ka indung curhat pagawean ka
 indung...
 ***
 walah ari palebah dinyana mah duka teuing atuh ambu... ai kuring mah ukur
 sakitu kiatna. ukur kuat nyambung-nyambungkeun heuheu... duka pedah kuring
 urang wado kitu? cibala tarikolot pawenang :)...
 
 On Thu, Feb 14, 2008 at 5:30 PM, richadiana kartakusuma <
 [EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
 >   (Dasar "budak baong" nya indung sakitu galakna teh tetep we motel, jeung
 > beuki digitrik teh kalah beuki dayut, asana teh da ngan dihuapan "pais
 > beunyeur" kunaon ieu budak teh...heheheh teu ketang heureuy..)
 >
 > ke Adang, nu sanes ke sakedap dibahasna, ayeuna na mah ieu we rada
 > katangen ku "hantem wae aya makuta BINOKASIH" reujeung Sumedang...sok
 > dipakaikeun wae... naha aya naon nya sareng makuta Binokasih teh.
 > Punten eta heula diterangkeun, ke nu sanesna diwaler
 >
 > AMBU
 >
 > [
 > ,___
 >
 
 -- 
 d-:
 ~karék cénah~
 
 [Non-text portions of this message have been removed]
 
 
     
                               

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke