ke ke ke... sabar heula, Baraya... Naha baraya kabeh geus yaqin seyaqin-yaqinnya yen eta Ade Sukirno teh urang Jawa? Ari nilik 'Ade'na mah, boa2 urang Sunda? Kuring nyoba nyusud di internet, kapanggih ieu 'pangarang' teh teu loba bukuna. Sababaraha nu dikarang mangrupa buku carita jang barudak.
Samemeh jauh teuing, make jeung nyuratan ka HB-X sagala, mending teangan heula jinisna, ajak heula ngobrol. Saha nu nyaho manehna nulis kitu teh alatan kurung batok, lain alatan 'misi nanahaon'. On 7/3/08, agus rohaendi wrote: > > tos dibaca ampir 7 kali, eta uraian/cuplikan > nu paling 'parah' pernyataan nu di handap ieu,.... > eusi nu tersirat: kaayaan indonesia nu kacau ayeuna teh, akibat tindakan > kerajaan sunda. >
