Ieu mah mung kaleresan nu ku abdi katampi...tapi duka kaango henteu na mah teu langkung, nyanggakeun wae kana pangersa
 
sayaktosna mah Wetan sareng Kulon dina nganggo elar ka-Menak-an teu benten, mung saukur ku beda nyebat wae. Upamina di prasasti2 nu ti Wetan sadayana bangsawan utamina Mataram Kuno (nu diluluguan ku karuhun Sanjaya "Senna" ti Galuh= Ciamis) sok dipayunan ku gelarv "Rakryan - Rakarayan = Rakai" > tina ra - ka- raya - an ; upami dina naskah2 Sunda buhun rakryan teh disebat "Rakean"

Salah sawios buktos (conto):
1) Sanjaya dina prasasti ti Mataram disebat Rakai Mataram Sang Ratu                                 Sanjaya;
Sanjaya dina Sunda Buhun disebat Rakean Jambri = Ra hiyang Sanjaya
2) Ciung Wanara alias Manarah = Rakean Manarah (di Sunda buhun) = Rakai Manara     dina prasasti ti wetan...dst.
3) Gelar "Rahadyan" mah ka-ayeunakeun > sami keneh hartosna mung nyaeta                 seueur dianggo ku Urang Wetan> teras ka kulonkeun saatos Abad ka -17 Masehi         tea (Sultan Agung). Tapi di salah sawios we2ngkon Sunda (hilap deui mung                 disebatkeun teh ku Kang Yunan Buana ) > rehna di we2ngkon anjeuna "menak2"      teh disebatna "Tohaan" . Gelar ieu teh di Sunda mah dilarapkeun kangge raja             diantawisna Tohaan di Sunda (Tarusbawa)
4) aya oge anu disebat "daleum - dalem"  sami sareng di wetan hartosna kulakadang      istana keneh mung istilahna "jero"

Mung nguningkeun wae....hapunten bilih lpat

Tabe pun ti abdi nu bodo
Ambu Wirumananggay
 

----- Original Message ----
From: Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]
Cc: [email protected]
Sent: Sunday, July 6, 2008 4:29:51 PM
Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] re: Raden-Juragan Pangaruh PEODAL

 
 
-------Original Message----- --
//---------- --------- --------- ---
Date: 7/6/2008 2:02:37 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] re: Raden-Juragan Pangaruh PEODAL
 

Punten mairan bari nyalenggor sakedik

Asana mah raden (=rahadian) the geus dipake Ku menak it wetan it baheula keneh
Dina carita (sajarah) ngeunaan Dewa Niskala, disebutkeun yen manehna the
Nulungan "Raden Baribin" anu kabur ka galuh pedah karajaanna (majapahit?) di buburak
Jadi can aya hubungan jeung panjajah

Saterusna nurutkeun kuring mah raden (di sunda)
Mangrupakeun pangaruh /budaya it wetan
Anu mahabu di sunda sanggeus sunda kapangaruhan Ku mataram
Nyaeta sumedang saeunggeus jaman suriadiwangsa (Rangga Gempol)

Panginten
------------ --------- --------- ---//
Sae-sae, nambihan sajarahna rada ka palih luhur....nuhun. .nuhun kana panambihna.




Kirim email ke