tah, teu enging belikan kitu..dang 'ndud...! bilih beuki "dayut'... sakitu meni 
tos bwanenol nyerqom teh...hweh..hh..heheheheehhh! ari geus aya kahayang 
...tacan katedunan teh meni "ngagadeud" hiihhh na teu kenging kitu "indung" teh 
leleson sakalieun mah, kdah mendeko bae....dasar BENGAL!


1000 SAPI, 
ieu teh saleresna kalelepatan tur kaluluputan interpretasi atanapi penafsiran 
anu terlampau harfiah, adang 'NDUD! perkawis 1000 sapi teh disebatkeun dina 
Prasasti TUGU (tanpa angka tahun) tapi jelas ti mangsa Tarumanagara sareng 
rajana "kang Mpur tea (Purnnawarmman); 

20.000 SAPI
dina prasasti TUJUH YUPA mangsa Mulawarmman karajaan Kutei (oge teu aya angka 
tahun > mung tina bentuk aksara Pallawa teh dianalisis secara Palaeografis > 
ker.Kutei/Bakulapura langkung kolot saeutik sababaraha taun ti Taruma antawis 
abad ka-3 - 4 Masehi), kiteuh.....prot!

Ayeuna, hayu urang ngimeutan masing TELEB(ug) ! 
Upamina weh, sapi2 eta leres2 sapi seug dikumpulkeun dina hiji lapangan 
(SAVANA) tiap2 sapi kanggo gerak teh kinten2 ngeusi rohang 1 x 2 meter, 
sa-henteu2na kanggo 20.000 sapi x 2 meter persegi = 40 meter persegi, janten 
tempat anu dibutuh keun kanggo ngempelkeun sapi legana kinten2 nya sa-lapangan 
bola "World Cup" (duka tah dang 'Ndud, kersa ngangon teu? sugan ngarah rada 
langsing..heheh) 

Sebatkeun weh jaman harita Kalimantan teh masih kosong (leuweung gonggong sima 
gonggong) tapi urang kdah ngemut kumaha ngumpulkeun sapi 20.000? sabaraha rebu 
jalmi di Kalimantan timur harita (17 abad kapungkur) anu dikerahkeun kanggo 
newak sapi2 dugi kakempel 20.000? jabi kapan dina prasastina disebatkeun 20.00 
prasasti teh persembahan ti Mulawarmman kanggo para Brahmana (kasta pangluhurna 
harita) mana teu kengingcacat menel2 acan , sapi teh kdah mulus-banglus 
molenang herang banget ku beresih! Dina "enya"na kempel naha kumaha carana, 
timana milarina...margi Kalimantan alias Bakulapura alias Borneo > kerajaan 
Kutei teh sanes "habitat" sakadang satwa SAPI?

Persembahan 100 Sapi (Taruma = Purnnawarmman) oge 20.000 sapi (Kutei = 
Mulawarmman) teh dina waktos upacara anu khusus diaya keun di hiji lapangan 
suci nu disebat 'w[/b]aprakeswara" anu fungsi na sami sareng "puseur dangiang"  
pon kitu peristiwa upacara anu disebatkeun ku Taruma oge Kutei sami nyaeta 
upacara pemberkatan ku para Brahmana. Disusun dina prasasti anu diserat ngangge 
aksara Pallawa & basa Sanskerta, naon margina?  

Eta dua karajaan teh kasebat karajaan kahot tur kolot (saatos Salaka nagara) 
anu ngahaja ngantunkeun PRASASTI. Ku jaman harita basa Sanskerta & aksara 
Pallawa teh mangrupi cara - gaya komunikasi Internasional di kawasan Asia. 
Numawi basa & aksara ieu nu diangge dina prasasti maranehna...NGUMUMKEUN... 
rehna di NUSANTARA aya raja ngadeg karajaan AGEUNG nyaeta KUTEI (WETAN) & 
TARUMA  (KULON)

si raja teh apan kawasa pisan, dina enyana teu tiasa nyerat oge teu tisa basa 
"asing" nya kantin ngondang nu tiasaseun basa internasional harita nyaeta 
Brahmana ti INDIHE...diulem dipiwarang ngadame prasasti sakantenan 
"ngarayakeun" pengumuman kakawasaanana harita, ambeh sa-dunya terangeun.... 
pokona ka wewengkon 4 kalima pancer dunya weh!
ti harita apanan boh Taruma boh Kutei aya dina catatan2 buhun dina arsip 
deungeun...

Peristiwa peringatan ini demikian megah, agung, juga suci, amalna  SAMI SARENG 
atanapi SENILAI dengan 1000 Sapi (Taruma), oge 20.000 sapi  
(Kutei)....kiteuh...........JROT!

Mangga atuh
AMBU WIRUMANANGGAY


----- Original Message ----
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, July 7, 2008 5:19:05 PM
Subject: Re: [kisunda] upacara 1000 sapi


Biasa si Ambu mah Kang Oca......... .., perkawis eta 
mah aya dina padaringan si Ambu dina Yupa tea anu aya gambarna dina buku 
sajarah 
nasional basa abdi nuju sma. 
 
Sanes kitu Ambu, sok tambrukeun atuh perkawis Kutai 
buhun (sang Mulawarman sareng akina Kudungga) tea.
 
wassalam.
 

 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to 
Traditional 
Visit Your Group  | Yahoo! Groups Terms of Use  | Unsubscribe  
Recent Activity
        *  4
New Members
        *  2
New PhotosVisit Your Group  
New web site?
Drive traffic now.
Get your business
on Yahoo! search.
Y! Messenger
Instant smiles
Share photos while
you IM friends.
Real Food Group
on Yahoo! Groups
What does real food
mean to you?
. 
    


      

Kirim email ke