sumuhun kitu nun,  babandinganana teu benten sareng AMAL-AMALan dina Islam oge 
agama sanesna wae...teu benten. Eta mah mung simbol... mung urang amalna sae 
pasti kenging pahala nu sae, beuki seu-eur amal beuki seu-eur pahala. Ari Sapi 
teh harita kalebet sato SUNCI lambang bumi (lambang kakayaan, martabat, oge 
bumi). Ku ngadegna karajaan teh komo harita mah pan janten PUPUHU teh abot 
ngasuh rakyat tea, teu adil mah beurat, nya pahala amalna sami bae sareng 
10.000 Sapi, 20.000 sapi. 

Upamina bae Kang Oman ngamalkeun > pakaya ka fakir miskin anu leres2 butuh, oge 
nyumbang ka masjib sareng kiyai na pge merebotna.....ku ikhlas ridho, apan kdah 
di "POK' keun payuneun pupuhu masjidna (Kiyai/ajengan) engke disebatkeun ku 
anjeuna ka Kang Oman...rehna amal kang Oman teh sami sareng ......bla bla... 
ngkena bakal kenging pahala....sakitu...

Duka tah nu naroskeunana kamana? 'ndang 'ndud....teh ...baong



Tabe Pun
Ambu Wirumananggay

 

 



----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, July 8, 2008 11:32:09 AM
Subject: Re: [kisunda] HAH! SAREBU SAAAAAAAAAAAAAPI, ndang 'NDUD.?????//////


Nuhun Ambu,

Kahartos ayeuna mah. Jadi, 1000 sapi teh ebrehan (ungkapan) simbolis
tina bakat ku hebat atawa "wah"-na eta upacara, nyaruaan wahna
jelema-jelema upama ningal 1000 sapi ngaleuyah. Nya panginten sarimbag
sareng ebrehan "7 lapis bumi jeung 7 lapis langit" tea.

Argumentasi Ambu kana pamohalanana bisa ngahadirkeun 20.000 sapi,
kahartos pisan. Peryogi lapangan anu legana 40.000  m2 nya kl 4
hektar, kalawan asumsi hiji sapi nyokot tempat 2 m2. Lapangan 4 hektar
alam harita di Kalimantan, asa pamohalan nya Ambu, kajaba upama sapi
teh ditempatkeun uncla-enclo atawa dipernahkeun di pasir-pasir
bulistir anu geus nyampak. Ongkoh deui, Kalimantan mah teu kawentar
salaku produsen sapi nepi ka ayeuna oge. Danget ieu, anu seueur sapi
teh nya di Sulawesi, Madura oge NTB + NTT. Asa pamohalan jaman harita
produksi sapi nepi ka nyesa 20.000 keur korbankeuneun. Ari 1000 sapi
mah asana masih mungkin nya Ambu? Tapi, si kuring memang leuwih
condong kana makna simbolis tina eta ebrehan sakumaha anu diusulkeun
ku Ambu.

Hatur nuhun.

manAR

On Tue, Jul 8, 2008 at 5:49 AM, richadiana kartakusuma
<richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> tah, teu enging belikan kitu..dang 'ndud...! bilih beuki "dayut'... sakitu
> meni tos bwanenol nyerqom teh...hweh.. hh..heheheheehhh ! ari geus aya
> kahayang ...tacan katedunan teh meni "ngagadeud" hiihhh na teu kenging kitu
> "indung" teh leleson sakalieun mah, kdah mendeko bae....dasar BENGAL!
>
>
> 1000 SAPI,
> ieu teh saleresna kalelepatan tur kaluluputan interpretasi atanapi
> penafsiran anu terlampau harfiah, adang 'NDUD! perkawis 1000 sapi teh
> disebatkeun dina Prasasti TUGU (tanpa angka tahun) tapi jelas ti mangsa
> Tarumanagara sareng rajana "kang Mpur tea (Purnnawarmman) ;
>
> 20.000 SAPI
> dina prasasti TUJUH YUPA mangsa Mulawarmman karajaan Kutei (oge teu aya
> angka tahun > mung tina bentuk aksara Pallawa teh dianalisis secara
> Palaeografis > ker.Kutei/Bakulapur a langkung kolot saeutik sababaraha taun
> ti Taruma antawis abad ka-3 - 4 Masehi), kiteuh.....prot!
>
> Ayeuna, hayu urang ngimeutan masing TELEB(ug) !
> Upamina weh, sapi2 eta leres2 sapi seug dikumpulkeun dina hiji lapangan
> (SAVANA) tiap2 sapi kanggo gerak teh kinten2 ngeusi rohang 1 x 2 meter,
> sa-henteu2na kanggo 20.000 sapi x 2 meter persegi = 40 meter persegi, janten
> tempat anu dibutuh keun kanggo ngempelkeun sapi legana kinten2 nya
> sa-lapangan bola "World Cup" (duka tah dang 'Ndud, kersa ngangon teu? sugan
> ngarah rada langsing..heheh)
>
> Sebatkeun weh jaman harita Kalimantan teh masih kosong (leuweung gonggong
> sima gonggong) tapi urang kdah ngemut kumaha ngumpulkeun sapi 20.000?
> sabaraha rebu jalmi di Kalimantan timur harita (17 abad kapungkur) anu
> dikerahkeun kanggo newak sapi2 dugi kakempel 20.000? jabi kapan dina
> prasastina disebatkeun 20.00 prasasti teh persembahan ti Mulawarmman kanggo
> para Brahmana (kasta pangluhurna harita) mana teu kengingcacat menel2 acan ,
> sapi teh kdah mulus-banglus molenang herang banget ku beresih! Dina "enya"na
> kempel naha kumaha carana, timana milarina...margi Kalimantan alias
> Bakulapura alias Borneo > kerajaan Kutei teh sanes "habitat" sakadang satwa
> SAPI?
>
> Persembahan 100 Sapi (Taruma = Purnnawarmman) oge 20.000 sapi (Kutei =
> Mulawarmman) teh dina waktos upacara anu khusus diaya keun di hiji lapangan
> suci nu disebat 'w[/b]aprakeswara" anu fungsi na sami sareng "puseur
> dangiang"  pon kitu peristiwa upacara anu disebatkeun ku Taruma oge Kutei
> sami nyaeta upacara pemberkatan ku para Brahmana. Disusun dina prasasti anu
> diserat ngangge aksara Pallawa & basa Sanskerta, naon margina?
>
> Eta dua karajaan teh kasebat karajaan kahot tur kolot (saatos Salaka nagara)
> anu ngahaja ngantunkeun PRASASTI. Ku jaman harita basa Sanskerta & aksara
> Pallawa teh mangrupi cara - gaya komunikasi Internasional di kawasan Asia.
> Numawi basa & aksara ieu nu diangge dina prasasti maranehna... NGUMUMKEUN. ..
> rehna di NUSANTARA aya raja ngadeg karajaan AGEUNG nyaeta KUTEI (WETAN) &
> TARUMA  (KULON)
>
> si raja teh apan kawasa pisan, dina enyana teu tiasa nyerat oge teu tisa
> basa "asing" nya kantin ngondang nu tiasaseun basa internasional harita
> nyaeta Brahmana ti INDIHE...diulem dipiwarang ngadame prasasti sakantenan
> "ngarayakeun" pengumuman kakawasaanana harita, ambeh sa-dunya terangeun... .
> pokona ka wewengkon 4 kalima pancer dunya weh!
> ti harita apanan boh Taruma boh Kutei aya dina catatan2 buhun dina arsip
> deungeun...
>
> Peristiwa peringatan ini demikian megah, agung, juga suci, amalna  SAMI
> SARENG atanapi SENILAI dengan 1000 Sapi (Taruma), oge 20.000 sapi
> (Kutei)....kiteuh. ......... .JROT!
>
> Mangga atuh
> AMBU WIRUMANANGGAY
>
> ----- Original Message ----
> From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Monday, July 7, 2008 5:19:05 PM
> Subject: Re: [kisunda] upacara 1000 sapi
>
> Biasa si Ambu mah Kang Oca......... .., perkawis eta mah aya dina padaringan
> si Ambu dina Yupa tea anu aya gambarna dina buku sajarah nasional basa abdi
> nuju sma.
>
> Sanes kitu Ambu, sok tambrukeun atuh perkawis Kutai buhun (sang Mulawarman
> sareng akina Kudungga) tea.
>
> wassalam.
>
>
> Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
> Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format
> to Traditional
> Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
> Recent Activity
>
>  4
> New Members
>  2
> New Photos
>
> Visit Your Group
> New web site?
>
> Drive traffic now.
>
> Get your business
>
> on Yahoo! search.
>
> Y! Messenger
>
> Instant smiles
>
> Share photos while
>
> you IM friends.
>
> Real Food Group
>
> on Yahoo! Groups
>
> What does real food
>
> mean to you?
>
> .
>
> 
    


      

Kirim email ke