> "ua duq" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> teras dimana mangpaat feodalisme
> keur urang?

Ari feodalismeu lamun hartina nagara ngaistimewakeun sagolongan rakyat ti 
rakyat nu sejen mah, teu aya nu alus. Tapi lamun feodalismeu dikait-kaitkeun 
jeung turunan (raden jrrd) aya oge manfaatna, sabab nu boga gelar Raden 
atawa mamawa aran karuhunna BOGA TANGGUNG JAWAB MORAL supaya aran nu 
dibabawa ku manehna henteu dirusak alias aran karuhun jadi kabawa goreng.

Urang sunda boga paribasa " Teng manuk Teng, anak merak kukuncungan". Nu 
hartina turunan jalma hade, nurunkeun oge jalma hade. Nu kieu ceuk kuring 
mah teu masalah, sabab euweuh nu salah lamun jelema beuki harade laku 
lampahna, kulantaran boga tanggung jawab moral kana aran nu dibabawana ....

Lamun urang nempo sajarah Kamerdekaan Indonesia oge, teu leupas ti peran 
kaum menak. Sabab baheula pan nu sarakola teh kaum menak. Nu ngarti ti heula 
soal kamerdekaan teh nya maranehna. Soekarno teh anak menak leutik di Jawa, 
indungna  anak kulawarga karajaan Bali. HOS Cokroaminoto oge sarua. Di Sunda 
Otto Iskandardinata teh menak pon kitu Gatot Mangkupraja nu anak dokter 
...jrrd.

Ngan bedana jeung di Malaysia teh, menak-menak di Indonesia mah, 
ngaleupaskeun diri tina pangaruh karaton. Maranehna leuwih kaideuan ku 
ideologi2 (nu umumna kakenca-kencaan, saperti komunismeu) nu jaman harita 
keur rame-ramena di Eropa.

Geus ah...

Baktos,
WALUYA


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke