cek cenah, aturan2 di malaysia cenderung mere kalonggaran nu leuwih lega ka
malayu. lain nempatkeun urang malayu saluhureun cina-india (sanajan bisa
ditoong ti dinya oge).  tapi kahartina mah, mun urang nempo kondisi di RI.
melayu kalolobana boloho, teu walakaya, teu ngarti. ekonomi tinggaleun ku
seler cina nu geus ti baheula melek ekonomi, perbankan, dunia usaha, jsb.
jaba cina mah apan boga jaringan sasama cina di unggal nagara. mun  melayu
teu dibantu, bisi  ngaramuk siga di urang. pan ari aya  acara ngamuk masal
di urang, cina nu sok katempuhan. sabab maranehna nu leuwih makmur, paling
menikmati pembangunan, jsb.

di urang oge meureun mun hayang nyiptakeun kaayaan saimbang mah, kudu nyieun
aturan nu bisa nyaimbangkeun kaayaan tiap seler, utamana dina widang
ekonomi. enya, aturan mah siga nu adil, kabeh boga kasempetan nu sarua, tapi
prak2anana mah, nu nyaho aturan/sistem nu leuwih maju. nu teu nyaho mah
angger we susah. bom waktu tea tungtungna. miskin beunghar jauh teuing
jarakna, matak cilaka sarerea.

duka ieu kalimah di luhur teh bener teh susunanana? haha.


On Wed, Jul 9, 2008 at 10:57 PM, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   teu ngartos mang, palebah feodalisme di malaysia mah "bisa ngangkat
> harkat darajat bangsa Melayu, batan suku bangsa sejenna (India, Cina, jsb)."
> naha bisa nempatkeun urang malayu saluhureun urang sejenna (india, cina,
> jsb.)? leuwih unggul kitu?
>
>
> On
>


-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke