Kang Aschev, karunya teuing. Cikan hiji waktu mah atuh urang
ngulampreng bareng ka tebeh pasisian, teu kudu jauh-jauh, ka
sabudeureun Punclut atawa ka Panaruban oge cukup, ke kuring nuduhkeun
anu mana anu disebut tangkal harendong teh.

Baluas ari inget harendong teh. Keur leutik sok dialaan buahna, boh
keur parab piit atawa, diasaan ku sorangan, tamba hanaang, bubuhan
amis tea nu asak mah. Kabehdieunakeun, inget ka salah sahiji kawaih
mang Koko, judulna "Sariak Layung di Gunung". Salah sahiji padalisan
dina eta kawih dimimitian ku kalimah anu ngandung kecap "harendong":

........................
Harendong meuhpeuy harideung
Jalan satapak, rarambu leuweung
Kumalangkang rongheap nu kapitineung
Eeh, rongheap nu kapitineung duh

...jst.

baktosna,
manAR

On Fri, Jul 11, 2008 at 1:57 PM, Aschev Schuraschev
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Artikel seratan kang Ema perkawis harendong
> (http://su.wikipedia.org/wiki/Harendong) kantun dieusian ku gambar
> harendongna. Mangga diantos gambarna, kang. Panasaran abdi mah hoyong terang
> jiga kumaha harendong teh.
>
>
>
>
>
> Salam,
>
> Aschev
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Friday, July 11, 2008 11:21:52 AM
> Subject: [kisunda] harendong di kang Wiki tos aya ?
>
> tah pami milarian harendong di kang Wiki tacan mucunghul asa na teh
> kumaha ngawitan pami bade ngalebetan artikel teh,
> asa hese milarian harendong mah
>
>

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke