kANG OMAN: "Harendong meuhpeuy harideung Jalan satapak, rarambu leuweung Kumalangkang rongheap nu kapitineung Eeh, rongheap nu kapitineung duh..."
heuleuh...iiheung... kang Oman meni tineung ka Neng HARENDONG? ----- Original Message ---- From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, July 11, 2008 2:35:02 PM Subject: Re: [kisunda] harendong di kang Wiki tos aya ? Kang Aschev, karunya teuing. Cikan hiji waktu mah atuh urang ngulampreng bareng ka tebeh pasisian, teu kudu jauh-jauh, ka sabudeureun Punclut atawa ka Panaruban oge cukup, ke kuring nuduhkeun anu mana anu disebut tangkal harendong teh. Baluas ari inget harendong teh. Keur leutik sok dialaan buahna, boh keur parab piit atawa, diasaan ku sorangan, tamba hanaang, bubuhan amis tea nu asak mah. Kabehdieunakeun, inget ka salah sahiji kawaih mang Koko, judulna "Sariak Layung di Gunung". Salah sahiji padalisan dina eta kawih dimimitian ku kalimah anu ngandung kecap "harendong": ............ ......... ... ...jst. baktosna, manAR On Fri, Jul 11, 2008 at 1:57 PM, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > Artikel seratan kang Ema perkawis harendong > (http://su.wikipedia .org/wiki/ Harendong) kantun dieusian ku gambar > harendongna. Mangga diantos gambarna, kang. Panasaran abdi mah hoyong terang > jiga kumaha harendong teh. > > > > > > Salam, > > Aschev > > > > ----- Original Message ---- > From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com> > To: [EMAIL PROTECTED] .com > Sent: Friday, July 11, 2008 11:21:52 AM > Subject: [kisunda] harendong di kang Wiki tos aya ? > > tah pami milarian harendong di kang Wiki tacan mucunghul asa na teh > kumaha ngawitan pami bade ngalebetan artikel teh, > asa hese milarian harendong mah > >
