cing Kang Eddy anu pinuh ku kaNugrahan, bakal aya... bakal aya... dina ping 9 sasih salaf-an jam salapan tahun 09 tong tebih-tebih ... di nagara urang we... pan mun tos pernah paeh mah tiasa nyaba ka pageto
salam miwah hormat, On Mon, Jul 14, 2008 at 7:41 AM, Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > VIII > > Kumaha gulung supaya ngagalunggung?? > > Diulemna SSJ kana gempungan Wali Sanga mah, sabenerna, pakeun ngabahas > kaayaan umat kusabab ayana pamahaman murid-murid SSJ (ngaku tina > ajaran/pangwuruk SSJ) ngeunaan syariat agama – nu aya imbasna ka masarakat > umum (malah nepi kana ranah politik –ki kebo kenanga, ki Ageng Pengging > jrrd). > > Tangtu geus pada nyaho yen pamanggih murid can tangtu bener ngawakilan (teu > kabeh bisa ngawakilan) pamanggih guru sanajan loba oge murid nu leuwih > pinter/jero/bener pamanggihna ti guru. Tapi lamun muridna salah –migawe > salah- guruna sok dipenta bantuanana/pamanggihna/ 'advisna' pakeun ngomean > muridna jeung ngomean 'akibat' tina kalakuan murid. Kasalahan murid lain > kasalahan guru- iwal ti lamun memang kabukti guruna nitah murid supaya > migawe salah. Ieu kabeh alesan diulemna SSJ kana riungan Wali. > > SSJ pupus dina eta riungan (Pajemuhan Wali Sanga), atuh jadi katurug > katutuh, ngajadi 'bukti' yen SSJ kenging 'hukuman' dugi ka pupusna. Aya nu > nyebat ku para wali dihukum pati (diantawisna kadugikeun ku kang > Mrachmatrawyani-haturan); Aya oge nu nyebatkeun yen SSJ milih pupus nyalira > dina riungan wali – 'Serat Siti Jenar" Bratasekawa); > > Padahal (nurutkeun ieu dadaran mah) anjeuna pupus cilaka ku 'polah' > nyalira. Matakna ieu dadaran, insya Allah, arek nepi kana kumaha supaya > salamet gulung na abdi gusti teh jadi ngagalunggung. > > Saacanna urang dongengkeun gambaran kajadian pupusna SSJ dina riungan wali: > > Dina pamadegan yen sakabeh wujud jeung nu maujud dialam dunya teh teu aya > deui iwal ti Allah. Laa maujuda ilallah laa wujudika ilallah...dicobi ku > keris duhung (keris "Kantanaga" kagungan Sunan gunung jati) ..ku kangjeng > sunan kalijaga. > > Barang dicobi teh.... eta keris teu teurak...teu tiasa antel antel acan > > (kawas ajian batara karang panta/level batu- tingal kaadaman + Batara > karang). > > --------- > Kabiasaan nguji kamampuh patekadan kasampurnaan dina tohid nepikeun ka > ayeuna masih keneh aya.... jeung bakal terus dipake Sabab patekadan / > kayakinan teh kudu kaharti karasa tur bukti. > > Lolobana mah nu jauh keneh kana alam tohid sok sarieun mun diajak ngukur > kasampurnaan sabab sieun kabawa paeh. Nu kapikirna teu bisa baralik deui. > Lebareun keneh ku kahirupan dunya. > > Padahal cenah ceuk nu geus paeh samemeh paeh...he...he..he.. lamun paeh > (nyawana) nu aya (nyesa) hirup mungkul usik malik pan kongas dina qur'an > Allah nyanggem "nu paeh dijalan Allah sabenerna hirup masih barang hakan > barang pake ngan batur-batur teu apaleun" (tingali paeh samemeh paeh). > ------------- > > urang tuluykeun deui: > > "Enya...enyana mah tapi wujud (af'al) Allah (awak) nu ngajentul ieu mah > lamun ditewek lumrahna kudu teurak...." > Nguping kitu..teras we eta keris teh nanceb...tapi teu bijil getih...biasa > wae teu reg rog > > (kawas ajian batara karang panta/level taneuh- tingal kaadaman + Batara > karang) > > "... lumrahna wujud (af'al) Allah/awak nu ngajentul mah mun katewek bijil > getih." > Teras we tina salira SSJ bijil getih tapi bodas... > > (kawas ajian batara karang panta/level taneuh/cai (Jannah) - tingal > kaadaman + Batara karang) > > ".... lumrahna mun getih tina wujud (af'al) Allah/awak nu ngajentul mah... > bijilna beureum" > > Teras eta getih jadi beureum ngaberebey... bari salirana tetep seger tur > teras sila. > > (Tah ngawitan ti dieu SSJ katideresa ku polah nyalira "nyebut Allah kanu > sejen..." rido nu maujudna jadi awak 'jelema biasa' nu getihna > beureum...sanes wujud 'manusa' af'alna Allah..... bari nuju ditakonan ku si > "kantanaga" nu maunatna teh mun dipake moal bisa dibalikan deui) > > "Aeh...naha bet jadi kitu? > ...lumrahna mah nu bijil getih terus moal hirup tapi tuluy paeh." > ....Tuluy eta awak-awakan...teh ngagoler. > > SSJ nyarios..."sok hayang ditembongkeun naon deui?" > Ditempas "... teu lumrah aya mayit masih keneh nyarita..." > > Saharita...SSj..nyarios kieu..."heug atuh kula moal deui cacarita... > ninggalkeun ieu alam...ngan engke sing waspada bakal daratang munding > bule.... > > bakal aya.... > bakal aya ... > > (nu sabagaian seueur tos kabuktos ieu cariosan SSJ teh) > > Saatos nyarios kitu badan SSJ sirna kagentos ku hiji tangkal nu seungit > ngadalingding. > > Naha bet kajadiana kitu?? Naon maksudna?? > (Urang teraskeun upami pareng) > > baktosna > Eddy Nugraha > > > -- Ema Sujalma
