Alah duka teuing atuh akang.
..da kedah naros kanu tos pernah paeh tea gening saur akang ge. Tapi da teu aya nu aruih deui...sadayana janten illa arwahi. Saur koran mah (duka eta koran tos pernah paeh atanapi henteu) bade 'rame' pemilu sareng hasilna panginten tahun 2009 teh. baktos, Eddy Nugraha --- In [email protected], "Ema Sujalma" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > cing Kang Eddy anu pinuh ku kaNugrahan, > bakal aya... > bakal aya... > > dina ping 9 sasih salaf-an jam salapan tahun 09 > tong tebih-tebih ... di nagara urang we... > pan mun tos pernah paeh mah tiasa nyaba ka pageto > > salam miwah hormat, > > On Mon, Jul 14, 2008 at 7:41 AM, Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > VIII > > > > Kumaha gulung supaya ngagalunggung?? > > > > Diulemna SSJ kana gempungan Wali Sanga mah, sabenerna, pakeun ngabahas > > kaayaan umat kusabab ayana pamahaman murid-murid SSJ (ngaku tina > > ajaran/pangwuruk SSJ) ngeunaan syariat agama nu aya imbasna ka masarakat > > umum (malah nepi kana ranah politik ki kebo kenanga, ki Ageng Pengging > > jrrd). > > > > Tangtu geus pada nyaho yen pamanggih murid can tangtu bener ngawakilan (teu > > kabeh bisa ngawakilan) pamanggih guru sanajan loba oge murid nu leuwih > > pinter/jero/bener pamanggihna ti guru. Tapi lamun muridna salah migawe > > salah- guruna sok dipenta bantuanana/pamanggihna/ 'advisna' pakeun ngomean > > muridna jeung ngomean 'akibat' tina kalakuan murid. Kasalahan murid lain > > kasalahan guru- iwal ti lamun memang kabukti guruna nitah murid supaya > > migawe salah. Ieu kabeh alesan diulemna SSJ kana riungan Wali. > > > > SSJ pupus dina eta riungan (Pajemuhan Wali Sanga), atuh jadi katurug > > katutuh, ngajadi 'bukti' yen SSJ kenging 'hukuman' dugi ka pupusna. Aya nu > > nyebat ku para wali dihukum pati (diantawisna kadugikeun ku kang > > Mrachmatrawyani-haturan); Aya oge nu nyebatkeun yen SSJ milih pupus nyalira > > dina riungan wali 'Serat Siti Jenar" Bratasekawa); > > > > Padahal (nurutkeun ieu dadaran mah) anjeuna pupus cilaka ku 'polah' > > nyalira. Matakna ieu dadaran, insya Allah, arek nepi kana kumaha supaya > > salamet gulung na abdi gusti teh jadi ngagalunggung. > > > > Saacanna urang dongengkeun gambaran kajadian pupusna SSJ dina riungan wali: > > > > Dina pamadegan yen sakabeh wujud jeung nu maujud dialam dunya teh teu aya > > deui iwal ti Allah. Laa maujuda ilallah laa wujudika ilallah...dicobi ku > > keris duhung (keris "Kantanaga" kagungan Sunan gunung jati) ..ku kangjeng > > sunan kalijaga. > > > > Barang dicobi teh.... eta keris teu teurak...teu tiasa antel antel acan > > > > (kawas ajian batara karang panta/level batu- tingal kaadaman + Batara > > karang). > > > > --------- > > Kabiasaan nguji kamampuh patekadan kasampurnaan dina tohid nepikeun ka > > ayeuna masih keneh aya.... jeung bakal terus dipake Sabab patekadan / > > kayakinan teh kudu kaharti karasa tur bukti. > > > > Lolobana mah nu jauh keneh kana alam tohid sok sarieun mun diajak ngukur > > kasampurnaan sabab sieun kabawa paeh. Nu kapikirna teu bisa baralik deui. > > Lebareun keneh ku kahirupan dunya. > > > > Padahal cenah ceuk nu geus paeh samemeh paeh...he...he..he.. lamun paeh > > (nyawana) nu aya (nyesa) hirup mungkul usik malik pan kongas dina qur'an > > Allah nyanggem "nu paeh dijalan Allah sabenerna hirup masih barang hakan > > barang pake ngan batur-batur teu apaleun" (tingali paeh samemeh paeh). > > ------------- > > > > urang tuluykeun deui: > > > > "Enya...enyana mah tapi wujud (af'al) Allah (awak) nu ngajentul ieu mah > > lamun ditewek lumrahna kudu teurak...." > > Nguping kitu..teras we eta keris teh nanceb...tapi teu bijil getih...biasa > > wae teu reg rog > > > > (kawas ajian batara karang panta/level taneuh- tingal kaadaman + Batara > > karang) > > > > "... lumrahna wujud (af'al) Allah/awak nu ngajentul mah mun katewek bijil > > getih." > > Teras we tina salira SSJ bijil getih tapi bodas... > > > > (kawas ajian batara karang panta/level taneuh/cai (Jannah) - tingal > > kaadaman + Batara karang) > > > > ".... lumrahna mun getih tina wujud (af'al) Allah/awak nu ngajentul mah... > > bijilna beureum" > > > > Teras eta getih jadi beureum ngaberebey... bari salirana tetep seger tur > > teras sila. > > > > (Tah ngawitan ti dieu SSJ katideresa ku polah nyalira "nyebut Allah kanu > > sejen..." rido nu maujudna jadi awak 'jelema biasa' nu getihna > > beureum...sanes wujud 'manusa' af'alna Allah..... bari nuju ditakonan ku si > > "kantanaga" nu maunatna teh mun dipake moal bisa dibalikan deui) > > > > "Aeh...naha bet jadi kitu? > > ...lumrahna mah nu bijil getih terus moal hirup tapi tuluy paeh." > > ....Tuluy eta awak-awakan...teh ngagoler. > > > > SSJ nyarios..."sok hayang ditembongkeun naon deui?" > > Ditempas "... teu lumrah aya mayit masih keneh nyarita..." > > > > Saharita...SSj..nyarios kieu..."heug atuh kula moal deui cacarita... > > ninggalkeun ieu alam...ngan engke sing waspada bakal daratang munding > > bule.... > > > > bakal aya.... > > bakal aya ... > > > > (nu sabagaian seueur tos kabuktos ieu cariosan SSJ teh) > > > > Saatos nyarios kitu badan SSJ sirna kagentos ku hiji tangkal nu seungit > > ngadalingding. > > > > Naha bet kajadiana kitu?? Naon maksudna?? > > (Urang teraskeun upami pareng) > > > > baktosna > > Eddy Nugraha > > > > > > > > > > -- > Ema Sujalma > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
