kg, Mang Ucup 88...MU88, be nya? da bageur...kataji ku pedaranana- WALI SONGO 
salaku SUHU-NAN (guru ti pakidulan?)di pulo Jawa, uin ge nuju ngimeutan, 
mi-eling 600 taunna laksamana Ma Ceng Ho ka Nusantara eta biayana mani miliaran 
rupia (taun kamari di Jkt), anu sekian puluh, malih ratus kapal , datang ka 
Nan-Yang (Nagri-Pakidulan). Nyebar agama, nyandak putri2 anu gareulis, kanggo 
disuguhkeun ka para ulama di dieu, para pajabat didieu, para pangawasa kanggo 
kapentingan misi dagangna. Supados lancar...biasa lah...dilironan ku lahan, 
dilironan ku idin kanggo dagang....janten sangat cantik sekali 
pendekatannya!...taaaaah, sanes wali Songo bae anu UC (urg-cina) teh, malih 
leres pisan , para pajabat seueur anu UC teh, boh bupatina, boh 
mantrina...diwilayah Jatim mani sa-abreg tah.....manawi uninga Gajah Mada naon 
nami UC na?....kumaha para pajabat kiwari anu parantos diwowoy ku UC? Kumaha 
ketak RI-2 (siga, norodom sihanouk nya?)sareng Lim Soe Liong anu sakitu
 mahabuna? Uninga nami2 politikus UC anu sakitu ceuyahna baheula arasup partai 
lokal ti taun 50an? Uninga para pejabat kiwari anu aya teureuh UC? Hebat 
jaaaaasa tah, ...'mien atsari tsiin' ..teh? Ari kanjeng Nabi miwarang ka nagri 
cina, ari UC na ka karidullll? ka nagri CI-na...CHI-na ...CAI-na??? (ci-amis, 
ci-mandiri, ci-awi jst.na)... naaa ari didituna mah, dinagri karuhunna gaduh 
elmu TAI-CHI, conto; tai-lalat.....(ari lalatna aya dimaaaana?) karak 'tai'-na 
geus sakitu hebatna....  janten saha anu lepat hartos teh atuuuh? Ari USna 
kamaraaaana? Mugi kedah kahartos, kunaon pamarentah jaman Soeharto, ngalarang 
Tuanku Rao, ngalarang Slamet Mulyana nganggo alesan -SARA??? Ari uin baheula 
mun ngabahas kaSundaan taun 80an sok di cap PROVINSIALISTIS, ari Aceh teu di 
cap sarupa? Ari uin baheula rek mintonkeun perang Bubat mani 
sakitu-dilarangna?Ari si Sukirno nu ngajagokeun Demak,(Pangeran Jayakarta.2008) 
anu nuduh Sunda penghianat, Sunda pro-asing/Portugis,
 Sunda teu daek nurut sumpah Palapa, dituduh tidak Nasionalis....teu dicap 
SARA??? Naha teu sadar, yen DEmak teh kelompok en geng-na JIM_BUN alias Raden 
Patah tea??? Nganggo kedok agama, ngajual ayat keur kaperluan dagangna? Ari 
SUNDA PAJAJARAN mani ngeunah teh, di cap beee ku maranehna...nagara KAFIR, raja 
Sunda oge raja kafir!-ngahijina deui pasti jeung KAFIR Portugis, perlu di 
hancurkan? Naha bener, agama rahmatan lil alamin tapi cara-na kitu 
,membumihanguskan hiji nagara PAJAJARAN ku alatan/alesan kafir, alesan teu 
nurut ka Sumpah Palapana Gajah Mada, alesan biluk ka asing....naaa ari UC teh 
lain asing kitu? naaa ari UA(urg arab) teh lain asing kitu??? jadi maaaana 
jeung ssaaaha anu jadi pituin teh? maaana jeung saaaha anu jadi mukimin teh? 
saaaaha anu di-ugung2 ku urang teh? saaaaha anu di-ugung2 ku bangsa asli 
Nusantara teh? Apanan can garing biwir uin kamari nulis  di ieu milis dua bulan 
katukang, (masalah Trowulan-goong PAJAJARAN) mun GM jadi
 pahlawan Nasional- jadi RAJA SUNDA-PENGHIANAT??? eta nu ditulis piiiisan ku 
si-sukirno.....kajadian tah...kabuktian tah! Ieu ceurik batin uin kamari can 
oge garing... dihudangkeun deui ku sukirno!!! ...Mun Pangeran Jayakarta 
pahlawan, hartina Raja SUNDA anu diduga penerus Tarumanagara(hindu?) jadi 
penghianat??? katingal pisan yen  eta tetep di argumentasikeun dina dalih 
sacara KONSISTEN salaku prilaku negatip US? URANG PERLU PELURUSAN SEJARAH 
NASIONAL,-- MUN ETA BUKU JADI ACUAN PARA GURU DAN BACAAN ANAK2...URANG UNDANG 
ETA SUKIRNO DIHADAPAN UMUM--SIDANG TERBUKA- SAKSIAN KU SAKABEH- NGADU JAJATEN 
TINA WIDANG DATA!!! mun perlu undang wartawan asing......salian wartawan lokal 
tah....uarkeun ka dunya internasional...yen US TEU NANAON KU NANAON--- TAPI MUN 
AYA NU NGAROGAHALA--- AWAKNA BAKAL NYESA SAWAREH SANAJAN BISA BALIK OGE!
cag!
uin anu tunggara.....
........oca tea.....





--- On Tue, 7/15/08, mangucup88 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> From: mangucup88 <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [kisunda] Nyucruk Galur WALISONGO
> To: [email protected]
> Date: Tuesday, July 15, 2008, 2:34 AM
> Tanggal 26 Februari 2005 pribados ngawitan midamel seratan
> ngeunaan 
> Walisongo. Ngalangkunan waktos 3 tahun dina ping 28
> Februari 2008, 
> eta seratan teh dianggit deui ku alpukahna saderek Wal
> Suparmo 
> kalayan dimuat dina Serat Kabar Suara Merdeka. Eta guaran
> Walisongo 
> teh, estu seratan sim kuring sorangan, hasil panalungtikan
> pribadi 
> tina sababaraha referensi sareng pustaka nu aya di Leiden
> sinareng 
> Den Haag.  
> 
> Aya gerentes tumaros dina sanubaring ati, naon margina umat
> Muslim 
> umumna ngaraos gerah sinareng hemeng, upami ngadangu yen
> Sunan 
> Walisongo teh estuning asli urang Tionghoa. Padahal
> Kangjeng 
> Rosululloh Nabi Muhammad SAW kantos cumarios sareng
> nganjurkeun ka 
> umatna supados motekar ngulik elmu pangaweruh, sanaos dugi
> nagara 
> Cina (Al-Hadits). Kanggo urang Indonesia mah, geuningan
> henteu kantos 
> marios ka nagri Cina, jalaran Urang Tionghoana kuanjeun nu
> parantos 
> sarumping ka Indonesia.  
> 
> Pamadegan kitu teh kantos diungkab ku Prof Slamet Mulyana
> dina 
> bukuna "Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya
> negara-negara 
> Islam di Nusantara." Namung dina tahun 1968 buku eta
> diwagel sumebar 
> ku Pamarentah, jalaran masalah eta kalintang pekana,  aya
> pakuat 
> pakaitna sinareng masalah SARA. Kunaon kitu atuh? 
> 
> Mangga tiasa dilenyepan, geuning nu munggaran ngadegkeun
> karajaan 
> Islam di Jawa teh taya sanes dalah urang Tionghoa. Malahan
> nu wiwitan 
> jumeneng Sultan na ge pan urang Tionghoa nu jenengan Chen
> Jinwen 
> alias Raden Patah, alias Panembahan Tan Jin Bun/Arya
> (Cu-Cu). 
> 
> Walisongo atanapi Walisanga teh ngandung hartosna salapan
> (songo) 
> Wali. Nanging aya oge nu kagungan pamadegan sanes, yen
> Songo teh 
> asalna tina kecap tsana nu hartosna mulia dina bahasa Arab.
> Pamadegan 
> sanesna nyebatkeun rehna songo teh awit kecapna tina sana
> dina basa 
> Jawa nu pihartoseunnana "tempat". 
> 
> Sadaya para Wali teh kagungan gelar Sunan nu hartosna guru
> agama 
> atanapi ustadz. Nanging kecap Sunan saleresna mah dicandak
> tina kecap 
> Suhu/Saihu, nu ngandung hartos guru dina dialek basa
> Hokkian, jalaran 
> marantenna teh taya sanes nyeta guru-guru Pasantren
> Hanafiah ti 
> mazhab Hanafi. "Su" singketan tina kecap
> "Suhu". "Nan" hartosna 
> kidul. Marantenna teh taya sanes nyeta panganut mazhab
> Hanafi nu asal 
> muasalna ti wilayah Tiongkok palih kidul. 
> 
> Peryogi kauninga, rehna kecap "Kyai" teh nu
> kiwari seueur digunakeun, 
> taya sanes  sesebatan kanggo Guru agama Islam. Dina jaman
> Jepang 
> katompernakeun mah masih keneh dianggo pikeun sesebatan
> Lalaki 
> Tionghoa Totok, sapertos panggilan "Encek". 
> 
> Aya deui hiji hal nu mugia janten uninga, rehna anggoan
> muslim nu 
> disebat Gamis tea nu sok diaranggo ku kaom muslim Indonesia
> dina 
> waktos ibadah netepan utamina upami bade netepan jamaah di
> Masjid. 
> Anggoan eta teh mani sarimbag pisan sinareng anggoan
> tradisional asli 
> China. Kitu deui baju Koko sareng ketu bodas atanapi nu
> disebat topi 
> haji tea, eta ge saleresna mah kawit buitna teh ti China,
> jalaran di 
> nagara Islam mah atanapi Timur Tengah anggoan kitu teh teu
> aya. 
> 
> Aya paripaos kanggo nyucruk galur nu kapungkur mapay
> laratan sajarah, 
> Walisongo teh diadegkeunnana ku alpukahna Sunan Ampel dina
> warsih 
> 1474 M. Aya salapan Waliyullah dina Walisongo teh nyaeta nu
> disebatan 
> dihandap ieu:
> 
> Sunan Ampel alias Bong Swie Ho 
> Sunan Drajat alias Bong Tak Keng 
> Sunan Bonang alias Bong Tak Ang 
> Sunan Kalijaga alias Gan Si Cang 
> Sunan Gunung Jati alias Du Anbo – Toh A Bo 
> Sunan Kudus alias ZhaDexu – Ja Tik Su 
> Sunan Giri adalah cucunya Bong Swie Ho 
> Sunan Muria 
> Maulana Malik Ibrahim alias Chen Yinghua/Tan Eng Hoat. 
>  
> Sunan Ampel (Bong Swie Ho) alias raden Rachmat
> dibabarkeunnana teh 
> dina warsih 1401 di Champa (Kamboja kiwari). Mantenna
> sumping ka 
> tanah Jawa dina warsih 1443. Dina waktos harita di Champa
> kalintang 
> seueurna urang Tionghoa Muslim anu marukim di dinya. Dina
> warsih 1479 
> Sunan Ampel ngadegkeun Masjid Demak. Oge mantenna pisan nu
> ngarancang 
> pikeun ngadegna karajaan Islam wiwitan di Jawa nu puseur
> dayeuhna aya 
> di Bintoro Demak. Lajeng diistrenan Raden Patah alias Chen
> Jinwen – 
> Tan Jin Bun salaku Sultan munggaran. Mantenna teh putera
> pituin ti 
> Cek Kopo di Palembang. 
> 
> Urang Portugis ngalandi Raden Patah teh ku sesebatan
> "Pate Rodin Sr" 
> salaku "Persona de grande syso" (insan nu
> kalintang wijaksana) 
> atanapi "Cavaleiro" (bangsawan nu mulia). Nanging
> bawiraos kitu, 
> urang Walanda mah kirang percanten upamai Sultan Islam
> wiwitan di 
> Jawa teh bibit buitna urang Tionghoa. "Ma enya sultan
> Islam wiwitan 
> teh urang Tionghoa?". Karaguan eta, balukarna Residen
> Poortman 1928 
> mancen tugas ti pamarentahan Walanda nu kedah ngayakeun
> panalungtikan 
> nu saestu: Naha leres Raden Patah teh urang Tionghoa? 
> 
> Poortman dipasihan tugas kedah ngagaladah Kelenteng Sam Po
> Kong, 
> sareng ngasab alias nyita sagala naskah basa Tionghoa, nu
> yuswana 
> parantos 400 tahun langkung. Seueurna nu dicandak teh
> kirang langkung 
> tilu padati. Arsip-arsip Poortman eta teh dikutip ku
> Parlindungan nu 
> midamel buku sajarah karajaan Islam wiwitan. Salajengna,
> buku eta teh 
> seueur disitir ku Tuanku Rao sinareng Slamet Mulyana, nu
> pada-pada 
> maridamel buku. 
> 
> Nu ngabukteuskeun yen Raden Patah teh leres-leres urang
> Tionghoa, 
> tiasa ditingal sareng diaos dina Serat Kanda Raden Patah nu
> kagungan 
> gelar Panembahan Jimbun. Dina babad Tanah Jawi disebat
> salaku 
> Senapati Jimbun. Kecap Jin Bun (Jinwen) dina dialek Hokkian
> ngandung  
> hartos "manusa kuat". 
> 
> Raden Patah kagungan putu nu dijenenganan Sunan Prawata
> alias Chen 
> Muming/Tan Muk Ming, nyaeta Sultan pamungkas ti Karajaan
> Demak. 
> Mantenna kagungan ambisi kanggo nga-islamkeun sadaya
> masyarakat pulau 
> Jawa. Saupami pamaksadannana hasil, tiasa janten mantenna 
> janten "Segundo Turco" (Sultan Turki ka II),
> atanapi sapertos sultan 
> Turki Sulaeman I, nu tos kasohor komara sinareng
> kajembarannana. 
>  
> Sumber utami:
> D.A. Rinkes: The heiligen van Java. 
> Jan Edel: Hikayat Hasanuddin. 
> B.J.O. Schrieke, 1916 The Admonitions of Sen Bari: a 16 th
> century 
> Javanese Muslim text attributed to the Saint of Bonang, the
> Haque: 
> Martinus Nijhoff. 
> De Graaf and Pigeaud: De eerste Moslimse Vorstendommen op
> Java – 
> Islamic states in Java 1500-1700. 
> Amen Budiman: Masyarakat Islam Tionghoa di Indonesia. 
> Prof. Slamet Mulyana: Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan
> Timbulnya 
> Negara-negara Islam di Nusantara.
> 
> Mang Ucup
> Email: [EMAIL PROTECTED]
> Homepage: www.mangucup.net 
>  
> 
> 
> 
> ------------------------------------
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 

      

Kirim email ke